Tutunggulan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Tutunggulan asal kecapna tunggul anu hartina ciri;nyaéta nutugan lisung ku hulu halu ku sababaraha urang awéwé. Tutunggulan téh dilakukeunana di jaman baheula sababaraha poé(biasana pitilupoéeun deui) méméh kariaan, minangka ngingetan ka tatangga atawa ngingetan salelembur supaya jadi tunggul (ciri).[1] Biasana tutunggulan jadi tunggara pikeun masarakat yén aya nu rék hajat[1] Lagu dina tutunggulan biasana Gondang; dina keur tutunggulan biasana lamun ninggang di parawan sok ditalaksir ku jajaka.[2] Tutunggulan kiwari jadi salah sahiji kasenian tradisional.[1] Baheula saméméh aya mesin héler, masarakat maké tutunggulan jang nutu paré.[1] Kiwari mah kasenian anu maké halu jeung lisung ieu dijadikeun kasenian tradisional hususna ku masarakat Subang-Jawa barat anu sering di festivalkeun.[1] Sakumaha kasenian sacara umum, dina kasenian tradisional tutunggulan ogé lian ti aya unsur éstétikana tapi aya ogé ajén-ajén séjén anu ngawengku ajén sosial kayaning gotong royong, katartiban, jeung kateraturan atawa kadisiplinan.[3] Seni Tutunggulan atau Ngarempug Nutu (menumbuk padi bersama) biasana aya dina acara Ngaleunggeuh.[4] Bédana lamun dina Tutunggulan, paré ngan saukur Tamba Kadengda (saukur syarat),tapi dina seni Ngaleunggeuh, paré anu dipaké dina tutunggulan dijadikeun bekel acara hajatan atawa salametan éta sorangan.[4] Masarakat nalika ngadéngé tutunggulan langsung surti yén dina waktu anu teu lila deui aya nu rék hajat.[4] Sabada ngadéngé sora tutunggulan maranéhna nataharkeun bahan-bahan anu rék dibikeun ka nu rék hajat.[4] Nalika dua atawa tilu poé saméméhna éta bahan-bahan anu geus ditatahrkeun di anterkeun ka nu rék hajat[4].Biasana geus mangrupa kadaharan jadi kayaning Opak, Rangginang, Wajit, bungbuahan kayaning cau aya ogé anu nganteuran béas.[4]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Rosidi Ayip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta: Pustaka Jaya kaca 248] Salah ngutip: Tanda <ref> tidak sah; nama "sumber2" didefinisikan berulang dengan isi berbeda
  2. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 720
  3. Seni Tutunggulan Masih Diminati(Diakses 2 November 2011)
  4. a b c d e f Ngaleunggeuh Archived 2016-05-31 di Wayback Machine(diakses 2 November 2011]