Wiati

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Lapisan-lapisan di Atmosfir Bumi

Wiati atawa Atmosfir nyaéta lapisan gas anu nutupan hiji planét, kaasup bumi, ti beungeut planét kasebut nepi ka jauh di luareun jomantara. Di bumi, atmosfir aya ti mimiti luhur 0 km di luhur beungeut taneuh, nepi ka kira 560 km ti luhur beungeut bumi. Atmosfir kasusun ku sababaraha lapisan, anu dingaranan nurutkeun fénomena anu lumangsung dina lapisan kasebut. Transisi antara lapisan anu hiji jeung anu séjén lumangsung natahap. Ulikan ngeunaan atmosfir mimitina dipigawé pikeun ngajawab masalah cuaca, fénomena méngkolna sinar panonpoé waktu medal sarta surup, sarta kulap-kelipna béntang. Ku nagunakeun parabot anu sénsitip anu dipasang di wahana luar jomantara, urang bisa meunangkeun kanyaho anu leuwih alus ngeunaan atmosfir katut fénomena-fénomena anu lumangsung di jerona.

Atmosfir Bumi diwangun ku nitrogén (78.17%) sarta oksigén (20.97%), jeung saeutik argon (0.9%), karbondioksida (robah-robah, tapi kira-kira 0.0357%), saab cai, sarta gas séjénna. Atmosfir nangtayungan kahirupan di bumi ku cara nyerep radiasi sinar ultraviolét ti panonpoé sarta ngurangkeun suhu ékstrim di antara beurang jeung peuting. 75% tina atmosfir aya dina 11 km ti beungeut planét.

Atmosfir henteu miboga wates nu dumadakan, tapi ngipisan saeutik-saeutik nurutkeun nambahna luhur, euweuh wates pasti antara atmosfir jeung jomantara luar.

Troposfir[édit | édit sumber]

Lapisan ieu aya dina tingkatan anu panghandapna, di mana campuran gas-gasna nyaéta anu paling idéal pikeun ngarojong kahirupan di bumi. Di lapisan ieu kahirupan ogé katangtayungan tina sundutan radiasi anu dipancarkeun ku obyék-obyék langit séjén. Dibandingkeun jeung lapisan atmosfir anu séjén, lapisan ieu téh anu pangipisna (kurang leuwih 15 kilométer ti beungeut taneuh). Dina jero lapisan ieu, ampir kabéh rupa cuaca, parobahan suhu anu dumadakan, angin sarta kalembaban anu karasa sapopoé lumangsung.

Luhurna anu panghandapna nyaéta bagian anu panghaneutna ti troposfir, alatan beungeut bumi nyerep radiasi panas ti panonpoé sarta ngirimkeun panasna kana hawa. Biasana, lamun luhurna nambahan, mangka suhu hawa baris ngurangan sacara mantep (steady), ti kira 17℃ nepi ka -52℃. Tapi topografi di beungeut bumi, kawas pagunungan sarta plato (dataran luhur) bisa ngabalukarkeun anomali dina gradién suhu kasebut.

Stratosfir[édit | édit sumber]

Parobahan sacara tatahap ti troposfir ka stratosfir dimimitian ti luhur kira 11 km. Suhu di lapisan stratosfir anu pangtiisna rélatif stabil sarta pohara tiis nyaéta -70o F atawa kira -57o C. Dina lapisan ieu angin anu niup pohara tarik lumangsung kalawan pola ngamalir anu nu tangtu. Awan luhur wanda cirrus sakapeung lumangsung dina lapisan pang handapna, tapi euweuh pola cuaca anu penting anu lumangsung dina lapisan ieu.

Ti bagian tengah stratosfir kaluhur, pola suhuna robah jadi beuki nambahan mangsa luhurna nambahan, alatan nambahanana lapisan nu ngandung konséntrasi ozon anu beuki réa. Lapisan ozon ieu nyerep radiasi sinar ultraviolét. Suhu dina lapisan ieu bisa ngahontal kira-kira 18o C dina luhur kira 40 km. Lapisan stratopause misahkeun stratosfir jeung lapisan saluhureunana.

Mésosfir[édit | édit sumber]

Kurang leuwih 25 mil atawa 40km di handapeun muka bumi aya lapisan transisi nuju lapisan mésosfir. Dina lapisan ieu, suhu balik turun sabot luhurna nambahan, nepi ka jadi kira -143o C di deukeut bagian luhur ti lapisan ieu, nyaéta kurang leuwih 81 km di luhur beungeut bumi. Suhu satiis ieu ngamungkinkeun kabentukna awan noctilucent, anu kawangun ku kristal és.

Térmosfir[édit | édit sumber]

Transisi ti mésosfir ka térmosfir dimimitian dina luhur kira 81 km. Dingaranan térmosfir alatan lumangsung kanaékan suhu anu cukup luhur dina lapisan ieu nyaéta kira-kira 1982o C. Parobahan ieu lumangsung alatan serepan radiasi sinar ultraviolét. Radiasi ieu ngabalukarkeun réaksi kimia ku kituna ngajadikeun lapisan boga muatan listrik anu dipikawanoh kalawan ngaran ionosfir, anu bisa mantulkeun gelombang radio. Saméméh mecenghulna jaman satelit, lapisan ieu kapaké pikeun mantuan mancarkan gelombang radio jarak jauh.

Fénomena aurora anu dipikawanoh ogé kalayan ngaran cahaya kalér atawa cahaya kidul lumangsung di ieu lapisan.

Éksosfir[édit | édit sumber]

Ayana pantulan cahaya panonpoé anu dipantulkeun ku partikel lebu météoritik. Cahaya panonpoé anu dipantulkeun kasebut ogé disebut minangka cahaya Zodiakal

Komposisi atmosfir bumi[édit | édit sumber]

Gas-gas nu nyusun atmosfir

Atmosfir kasusun ku:

  • Nitrogén (N_2, 78 \%)
  • Oksigén (O_2, 21 \%)
  • Argon (Ar, 1 \%)
  • Cai (H_2O, 0-7 \%)
  • Ozon (O, 0-0.01 \%)
  • Karbondioksida (CO_2, 0.01-0.1 \%)

Tempo ogé[édit | édit sumber]