Lompat ke isi

Wijén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Wijén
Tanaman wijen
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. indicum
Ngaran binomial
Sesamum indicum

Wijén (Sesamum indicum L.) nyaéta ngaran salah sahiji sambara anu kaasup dina kulawarga Pedaliaceae.[1] Wijén dibudidayakeun minangka sumber minyak nabati, anu dipikawanoh minangka minyak wijén, anu asalna tina ekstraksi sikina.[1] [2]

Wijén asalna ti wewengkon Afrika tropis tuluy sumebar ka wétan nepi ka India sarta Tiongkok.[1] Akar wijén mangrupa akar tunggang.[1] Rupa morfologina gampang dipangaruhan ku lingkungan sabudeureunana.[1] Biasana jangkungna ti 60 nepi ka 120 cm, bisa ogé nepi ka 2 - 3 méter.[1] Watangna nu kolot kaian, wangunna pasagi, aya keliran, rambutan, sarta ngarancabang monopodial, warnana héjo.[1] Daunna nunggal, wangunna siga létah manjang , aya rambutan, tungtung daunna seukeut, sisina rérégéan, panjangna 5 nepi ka 20 cm, rubakna 1,5 nepi ka 4 cm, warnana héjo.[1] Kembangna tumuwuh dina kélék daun, biasana tilu tapi ngan hiji anu biasana ngembang alus.[1]
[3]

Sakumna bagian tangkal wijén bisa dimangpaatkeun, boh watang, daun atawa sikina.[4] Watang, daun sarta bagian séjénna bisa dimangpaatkeun pikeun biomassa.[4] Daun bisa ogé dimangpaatkeun pikeun dijadikeun lalab sarta ubar.[4] Sedengkeun siki wijén dimangpaatkeun langsung dina wangun siki sarta bisa ogé dikokolakeun jadi minyak wijén jeung hampas (bungkil) wijén.[4] Siki wijén bisa dipaké minangka panambah rasa rupa-rupa kuéh kawas ondé-ondé, enténg-enténg wijén, kuéh baseuh jeung sajabana, sarta bisa ogé dipaké minangka ubar.[4] Wijén meunang landian “The Queen of Oil Seeds Crops” sabab siki wijén miboga kandungan giji anu luhung anu alus pikeun konsuménna.[4] Minyak wijén bisa dipaké minangka bahan kadaharan, ubar, kosmétik, penerangan, inséktisida jeung sajabana.[4] Minyak wijén pohara alus pikeun dikonsumsi sapopoé alatan mangrupa salah sahiji minyak nabati anu loba ngandung asam lemak teu jenuh anu luhung anu ngahontal 84 %.[4] Sedengkeun bungkil bisa dipaké minangka campuran parab ingon-ingon.[4]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i Wijen Archived 2012-05-30 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 1 November 2011)
  2. Tanaman Bunga Disekitar Kita. Jakarta: Ganeca Exact. 1995. p. 18. ISBN 9789791216005. Diakses tanggal (disungsi – 24 Dés 2020). 
  3. Astawan, MS, Prof. Dr. Ir Made (2009). Sehat Dengan Hidangan Kacang Dan Biji-bijian. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 74. ISBN 9789790023666.  Disungsi4 Maret2021
  4. a b c d e f g h i Komoditi Wijen Archived 2012-01-11 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 1 November 2011)