Lompat ke isi

Ingon-ingon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Domba minangkana mah sato ingon-ingon
Embé jeung anakna nu umurna kakarak saminggu

Ingon-ingon atawa sato ingon-ingon (basa Indonésia: ternak, héwan ternak) nyaéta sato nu sacara ngahaja diingu minangka sumber pangan, sumber bahan baku industri, atawa minangka babantu pagawéan jalma. Usaha ngingu ingon-ingon disebut minangka paternakan (atawa palaukan, pikeun gorombolan sato cai) jeung mangrupa bagéan tina kagiatan patanian sacara umum.

Wangenan

[édit | édit sumber]

Sato ingon bisa mangrupa satu naon baé (kaasup gegeremet jeung vertebrata undak landeuh kayaning lauk jeung bangkong). Ngan, dina hirup kumbuh mah biasana nujul kana unggas jeung mamalia doméstik, kayaning hayam, soang, kalkun, meri, atawa manila mun unggas mah, sarta bagong, sapi, embé, domba, kuda, atawa keledé mun mamalia mah. Sebagai tambahan, di beberapa daerah di dunia juga dikenal hewan ternak yang khas seperti unta, llama, bison, manuk onta, jeung beurit walanda meureun ngahaja diingu minangka ingon-ingon. Jinis ternak varéatif di sakuliah dunya téh, sarta gumantung kana sawatara faktor kauaning iklim, pamundut konsumén, daérah asal, budaya lokal, jeung topografi.

Gorombolan sato salian unggas jeung mamalia nu diingu manusa ogé disebut (sato) ingon, hususna mah mun diingu di tempat husus jeung teu diantep ngencar di alam bébas. Sebutan "ingon" téh biasana mah dianggap "pas" mun sato nu diingu saeutik lobana geus ngalaman domestikasi, teu saalakadar dicokot wéh ti alam liar tuluy diingu. Nu dimaksud kana ieu kelompok nyaéta hileud sutra, rupa-rupa jenis lauk cai (kayaning lauk emas, guramé, mujaér, nila, atawa lélé), sawatara jinis bangkong (utamana bullfrog), buhaya, jeung sawatara jinis oray. Usaha ngingu lauk umumna mah disebut minangka palaukan atawa leuwih spésifikna mah budidaya lauk.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sato didoméstikasikeun nalika baranahan jeung kahirupanna diatur ku manusa. Salumangsungna, laku lampah sato, siklus hirup sarta fisiologina geus robah sacara signifikan. Kiwari loba pisan sato nu teu mampu deui hirup di alam liar. Anjing didoméstikasikeun di Asia Wétan 15000 taun ka tukang. Embé jeung domba didoméstikeun di Asia 8000 taun ka tukang. Bagong didoméstikasikeun 7000 taun ka tukang di Wétan Tengah jeung Cina.[1]

Prakték iinguan

[édit | édit sumber]

Prakték iinguan sato ingon varéatif pisan di sawatara wewengkon di sakuliah dunya, jeung varéatif ogé jenis satona. Sato ingun ilaharna dikandangan jeung dibéré parab atawa dikéncarkeun (diangon). Sawatara mah teu dikandangan atawa ngantep satona rék iraha baé asup kandangna kumaha karepna (kéncar). Iinguan sato ingon dina sajarah mangrupa bagéan tina kahirupan kaum nomaden nu pundah-pindah nuturkeun usum-usuman. Sawatara kaum di Asia Tengah jeung Afrika Kalér masih kénéh hirup minangka kaum bareng jeung sato ingonna.

Kandang sato mibanda wangun jeung jenis nu varéatif, ti mimiti nu dipageran, nu pagerna nutup, nu diloténgkeun nu mibanda mékanismeu pangaturan témpréatur jeung kabeueusan (tempo lingkungan jeung wangunan patanian). Kandang ilaharna ngan dipaké minangka tempat sato héés jeung diparaban, jinis kandang séjén dihususkeun pikeun jalangan éta sato jeung ngingu anak sato.

Sato nu diingu dina kandang ilaharna mah inténsif, mun iinguanna di luar rohangan teu dianggap nguntungkeun lantaran merlukeun lahan nu lega. Ngan iinguan na kandang mah pemeliharaan di dalam kandang mah kontrovérsial lantaran ngahasilkeun rupa-rupa masalah kayaning bau, limbah, sumber panyakit sato, jeung kasejahteraan sato (tempo paternakan proyék).

Sato ingon bisa diaawas kalawan rupa-rupa cara kayaning pamakéan labél (dicét di luhureun kulit sato atawa digantélkeun dina ceuli) atawa ku cara nu modérn jiga pamakéan RFID nu dipelak dina jero kulit. Implan microchip ogé bisa dipelak di jero awak sato ingon pikeun ngawas kondisi sato kayaning parobahan komposisi getih, denyut jantung, tempréatur awak, jeung sajabana sangkan jadi panginget mun sato ingon némbongkeun kasakit.

Pamakéan hormon patumbuhan pikeun ngaronjatkeun laju patumbuhan sato ternah ogé dipilampah, ngan diwates lantaran bisa ngaganggu kaséhatan sato jeung kualitas produk sato bu dihasilkeun. Bahan kimia séjén nu dipaké dina paternakan nyaéta vaksin jeung multivitamin pikeung ngajaga kaséhatan sato, jeung péstisida pikeun nyegah ayana gegeremet di jero kandang. Ieu métodeu ilaharna dilakonan di jero paternakan proyék lantaran sacara alami sato teu bisa mersihan manéh di jero kandang nu heureut.

Nu diingu

[édit | édit sumber]

Nu dimaksud jeung paternakan téh nyaéta kagiatan iinguan nu leuwih atawa mibanda pola nu kastruktur. Kaatur jeung kaukur Tina manajemen kandang jeung manajemen parab. Kandang dijieun kalawan desain jeung ukuran tinangtu. Kitu ogé paran jeung nutrisi nu kadar gizina kaitung luyu jeung kabutuhan ingon. Ilaharna nu dingonkeun téh nyaéta lauk, unggas, jeung sato ingon ruminasia kayaning embé, sapi kaasup uncal. Leueih spésifikna mah nyaéta mibanda ajén ékonomi.

Sato
(jinis)
Baraya liar Waktu doméstikasi munggaran Wewengkon doméstikasi munggaran Pamangpaatan kiwari Gambar
Alpaca

(mamalia, herbivora)

Vikuna Antara 5000 SM jeung 4000 SM Andes wool, daging
Anjing

(mammalia, omnivora)

Ajag 12000 SM tanaga (anjing pamandu), sato piaraan
Hayam

(unggas, omnivora)

Gallus gallus 6000 SM India dan Asia Tenggara daging, endog, bulu, sato piaraan
Bagong

(mammalia, omnivora)

Céléng 7000 SM Anatolia daging, kulit, sato piaraan
Banténg

(mammalia, herbivora)

Banténg Teu dipikanyaho Asia Tenggara daging, susu, tanaga
Meri ingon

(unggas, omnivora)

Anas platyrhnchos 4000 SM Cina daging, bulu, sato piaraan
Bison Amérika

(mammalia, herbivora)

Euweuh Abad ka-19 katompérnakeun Amerika Kalér daging, kulit
Cavia porcellus

(mammalia, herbivora)

Cavia tschudii 5000 SM Amerika Kidul Daging, sato piaraan
Domba

(mammalia, herbivora)

Domba mouflon Antara 11000 SM-9000 SM Asia Kulon Wool, susu, kulit, daging (daging domba ngora)
Embé

(mammalia, herbivora)

Embé liar 8000 SM Asia Kulon Susu, daging, wool, kulit, tanaga
Karibu

(mammalia, herbivora)

Euweuh 3000 SM Rusia Daging, kulit, tanduk, susu, tanaga,
Keledé

(mammalia, herbivora)

Keledai liar Afrika 4000 SM Mesir tanaga, daging, susu
Kelenci

(mammalia, herbivora)

Kelenci liar Antara 400-900 masehi Prancis Daging, bulu, kulit, sato piaraan
Kebo

(mammalia, herbivora)

Kebo liar Asia 4000 SM Asia Kidul tanaga, daging, susu
Ucing

(mammalia, karnivora)

Méong congkok 7500 SM [2][3][4] Asia Wétan Pangendalian hama, sato piaraan, daging
Kuda

(mammalia, herbivora)

Kuda liar 4000 SM Eurasian tanaga, susu, daging
Llama

(mammalia, herbivora)

Guanaco 3500 SM Andes tanaga, daging, wool
Uncal

(mammalia, herbivora)

Euweuh Abad ka-1 maséhi Inggris Daging, kulit, tanduk, velvet
Sapi

(mammalia, herbivora)

Bos primigenius 6000 SM Asia Kulon, India, Afrika Kalér Daging, susu, kulit, tanaga sato
Onta

(mammalia, herbivora)

Onta Dromedari jeung Baktrian Antara 4000 SM jeung 1400 SM Asia tanaga, daging, susu, bulu
Yak

(mammalia, herbivora)

Euweuh 2500 SM Tibet, Népal Daging, susu, wool, tanaga

Kadaharan ingon

[édit | édit sumber]

Unggal sato nu diingon diparaban ku kadaharan tinangtu. Nutrisi nu dibéré ngagunakeun bahan alam nu diolah jeung diropéa sangkan mibanda kualitas anu hadé kayaning pélét lauk, konsentrat, vour atawa pur biasana pikeun unggas jeung sato rumninasia kayaning sapi, embé ngagunakeun parab férméntasi

Dampak lingkungan

[édit | édit sumber]

Hiji laporan nu dipedal ku PBB jeung EPA ngedalkeun yén sato ingon (utamana hayam, sapi, jeung bagong) mangrupa hiji ti tilu kontributor utama masalah lingkungan di dunya.[5] Paternakan di Amérika Sarikat geus nyumbang émisi gas imah kaca gedéna 454.1 téragram ekuivalen CO2 atawa 6 persén tina émisi gas imah kaca total Amérika Sarikat, ampir saparapat tina émisi transportasi. Ieu laporan ti WorldWatch Institute ngedalkeun yén 51% émisi gas imah kaca dunya asalna tina paternakan.[6]

Masalah sato ingon, utamana nalika dikaitkeun kana deforéstasi, leungitna kaanékaragaman hayati, degradasi lahan, parobahan iklim, polusi udara, kalangkaan cai, jeung polusi cai mangrupa masalah utama pikeun panyieun kawijakan di unggal nagara nagara panghasil sato ingon utama. Hiji panalungtikan di Hokkaido manggihan yén méré suplemén sistein jeung nitrat kana parab ingon téh bisa ngurangan émisi gas metana tina sato ingon tanpa ngurangan kualitas jeung kuantitas daging jeung susu.[7]

Polutan lianna nyaéta antibiotik jeung hormon. Di Asia Kidul kapanggih yén héring bakal nyingkahan bangké sato ingon nu geus disuntikkeun antibiotik Diclofenac.

Deforéstasi
Deforéstasi jeung fragméntasi leuwung ngabalukarkeun siklus karbon global jeung nyumebabkeun leungitna/paburencayna habitat mangrupa-rupa spésiés. Leuweung mangrupa tempat teundeunan karbon dunya nu cukup penting. Leuweung ditugar atawa diduruk pikeun nyayagakeun tempat pikeun paternakan jeung pangangonan sato.[8]
Dégradasi lahan
Hiji panalungtikan nu dileukeunan di Botswana dina taun 2008 manggihan yén patani nu ngalakukeun panumpukan sato ingon kaleuleuwihi pikeun ngantisipasi usum garing justru leuwih rentan kana kalumangsungan usaha paternakanna sahingga justru méakkeun biomassa jeung sumber daya cau nu leuwih gancang. Alatan parobahan iklim, kiwari usum garing di Botswana datang leuwih gancang batan biasana datang dua taun sakali ayeuna mah 18 bulan sakali atawa leuwih singget ti éta.[9]
Parobahan iklim jeung polusi udara
Métana nu dihasilkeun tina caduk sato mangrupa gas imah kaca nu watekna persistén di atmosfir. Gas métana mangrupa salah sahiji gas imah kaca panglobana nomer dua di atmosfir sanggeus karbon dioksida, ngan kamampuhna dina ngepung panas 25 kali leuwih kuat tinimbang karbon dioksida.[10]
Kalangkaan cai
Sato ingon merlukeun cai nu rada loba pikeun inumeun, sanitasi, ogé pikeun ngabudidayakeun pepelakan nu bakal dijadikeun parab. Di sakuliah dunya rata-rata 40% pepelakan panghasil sisikian jang parab. Sacara sagemblengna, rata-rata diperlukeun 100000 liter cai pikeun sakilo daging.[11]
Polusi cai
Caduk sato nu diseblok bisa nyumebabkeun kandungan nitrogén jeung fosforna nyemaran parairan[12] jeung nyumebabkeun eutrofikasi.[13]
Alternatif
Para panalungtik di Australi néangan kamumkinan pangurangan gas métana tina sapi jeung domba ku cara ngasupkeun baktéri pencernaan tina usus kangguru ka beuteung sato ingon.[14] Di Amérika Sarikat, mertahankeun padang jukut dipikanyaho bisa nyiptakeun stok daging tina hasil moro sato nu hirup di luhurna sacara tuluy-tumuluy.[15]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Breeds of Livestock - Oklahoma State University". Ansi.okstate.edu. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  2. "Oldest Known Pet Cat? 9,500-Year-Old Burial Found on Cyprus". News.nationalgeographic.com. 2010-10-28. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  3. Muir, Hazel (2004-04-08). "Ancient remains could be oldest pet cat". New Scientist. http://www.newscientist.com/article/dn4867.html. Diakses pada 2007-11-23 
  4. Marsha Walton (2004-04-09). "CNN.com - Ancient burial looks like human and pet cat - Apr 9, 2004". Edition.cnn.com. Diakses tanggal 2011-12-10.  Archived 2007-12-22 di Wayback Machine
  5. "2011 U.S. Greenhouse Gas Inventory Report | Climate Change - Greenhouse Gas Emissions | U.S. EPA". Epa.gov. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  6. http://www.worldwatch.org/node/6294
  7. "Global warming breakthrough: way to stop cow gas - Unusual Tales - Specials". Smh.com.au. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  8. "Livestock's long shadow: environmental issues and options". Fao.org. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  9. "Sub-Saharan Africa news in brief: 10–22 April 2008". SciDev.Net. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  10. "Global Methane Initiative". en:Global Methane Initiative. 2010-10-01. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  11. "Cornell Science News: Livestock Production". News.cornell.edu. 1997-08-07. Diakses tanggal 2011-12-10. 
  12. Pelletier Nathan and Peter Tyedmers. "Forecasting Potential Global Environmental Costs of Livestock Production 2000–2050. Proceedings of the National Academy of Sciences of the United States of America 107.43 (2010): 18371-8374". Web of Science. 
  13. Starme, Elanor. "LEVELING THE FIELD – ISSUE BRIEF #2 Environmental and Health Problems in Livestock Production: Pollution in the Food System" (PDF). American Journal of Public Health 94.10: 1703-709. 
  14. "Kangaroo farts could fight global warming | Courier Mail". News.com.au. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2012-12-03. Diakses tanggal 2011-12-10.  Archived 2012-12-03 di Archive.today
  15. Derner, Justin D., William K. Lauenroth, Paul Stapp, and David J. Augustine. "Livestock as Ecosystem Engineers for Grassland Bird Habitat in the Western Great Plains of North America." Rangeland Ecology & Management 62.2 (2009): 111-18. Web of Science. Web. Feb. 2011.

Tutumbu luar

[édit | édit sumber]