Lompat ke isi

Méong Congkok

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Méong Congkok
Status konservasi
Status konservasi: Lower risk
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Subgénus:
Spésiés:
F. bengalensis
Ngaran binomial
Felis bengalensis

Méong Congkok (Asian Leopard Cat, Prionailurus bengalensis atawa Felis bengalensis) téh ucing liar leutik pituin Asia Tenggara. Kurang/leuwihna mah awak méong congkok téh sarua jeung ucing inguan, tapi di sababaraha wewengkon mah béda: di Indonésia , panjangna téh 45 cm, ditambah buntut 20 cm, sedengkeun nu di wewengkon Amur mah panjangna 60 cm/40 cm. Buluna ogé rupa-rupa: di wewengkon kidul mah kelirna konéng, sedengekun di wewengkon kalér mah hawuk semu pérak, tapi lebah dada jeung bagian handap huluna mah sarua bodas. Bentuk polétna aya dua rupa: tutul atawa kembang (sigana mah gumantung kana subspésiésna).

Habitat méong congkok mangrupa leuweung, utamana leuweung hujan, boh di pagunungan (nepi ka 3000 m lbl) atawa di padataran. Jajahanana tara jauh ti aliran cai (walungan atawa susukan), pinter tétérékélan dina tatangkalan, tapi ogé pinter ngojay.

Méong congkok téh sato nu liar peuting, nu biasana ngahakan rodénsia, manuk, lauk, réptil, kalong, jeung mamalia leutik. Mun hirupna deukeut ka padumukan jelema, utamana nu barang kukut, ieu sato téh bisa jadi hama, sabab bisa ngamangsa sato ingon (nu leutik). Kabiasaanana nyorangan (solitér), iwal mun usum kawin. Sakali anakan jumlahna 2-4, kalawan mangsa reuneuh lilana 65-70 poé.

Subspésiés

[édit | édit sumber]
Gambar méong congkok dina buku "A hand-book to the Carnivora" karya Richard Lydekker taun 1896.

Méong iriomoté, subspésiés ti Jepang, ukur aya di pulo Iriomoté. Nalika kapanggih taun 1967, ieu méong disangka sésa nu salamét ti bangsa ucing nu geus lastari, sahingga ditempatkeun dina genus nu misah: Mayailurus. Najan ayeuna mah anggapan ieu téh geus teu diaku, sabagian mah aya kénéh nu nganggap méong iriomoté salaku spésiés nu misah, alatan bédana ti méong congkok lianna: buluna coklat, buntutna gomplok kandel, sarta teu bisa nilepkeun kukuna. Pikeun masarakat Iriomoté, ieu méong katelah yamamayaa (hartina "ucing gunung") atawa yamapikaryaa ("ucing gunung nu panonna hurung") atawa pingiimayaa ("ucing mabur"). Méong iriomoté mangrupa subspésiés nu paling kaancam lastari, sabab populasina kiwari teu leuwih ti saratus.

Méong tsushima kakara kapanggih taun 1988. Ieu ogé mimitina mah dianggap spésiés séjén, tapi terus jadi subspésiés méong congkok Mansuria (P. b. manchurica).

Méong congkok kadang ditéwak sarta dikawinkeun jeung ucing inguan pikeun ngahasilkeun ucing bengali nu dedeganana sarupa, tapi lindeuk [1].

Ékologi jeung paripolah

[édit | édit sumber]
Méong congkok keur ngawaskeun

Méong congkok watekna solitér, iwal nalika usum kawin. Aya nu liar beurang, tapi lolobana moro beurit, bajing, atawa kelenci mangsa peuting, pinter tétérékél sarta loba cicing dina tatangkalan. Saréna dina tatangkalan, tapi ogé sok nyumput dina rungkun anu buni dina taneuh.[1] Di pakebonan kalapa sawit di Sabah, ieu méong dilatih pikeun moro hama bangsa rodensia jeung légé/bangbung. Di ieu habitat, nu jalu boga wilayah leuwih lega batan nu bikang, rata-rata 3,5 km² jeung 2,1 km². Wilayah nu jalu biasana nyorok ka wilayah hiji bikang atawa leuwih.[2]

Méong congkok bisa ngojay, tapi tara ngahajakeun. Sorana sarupa jeung ucing imahan. Boh nu jalu atawa nu bikang nandaan wilayahna ku cara ngiihan, modolan, ngagosokkeun huluna, jeung tanda koét/cakarna.[3]

Kadaharan

[édit | édit sumber]

Méong congkok kaasup karnivora, ngahakan rupa-rupa sato leutik kaasup mamalia, kadal, amfibi, manuk, jeung serangga. Kadaharan utamana bangsa beurit, ditambah jujukutan, endog, hayam, jeung sato cai. Béda ti ucing leutik lianna, méong congkok tara 'ngulinkeun' mangsana, nu tetep digégél nepi ka paéhna.[3]

Baranahan jeung tumuwuh

[édit | édit sumber]

Di wewengkon kidul, méong congkok usum kawin teu netep mangsana; di wewengkon kalér nu leuwih tiris usum kawinna sabudeureun Maret atawa April, ngarah pas ngajuru hawana rada haneut. Periodeu éstrus lilana 5–9 poé.[rujukan?] Mun anakna paéh, indungna bisa langsung begér deui dina taun éta kénéh. Reuneuhna 60-70 poé, sakali ngajurukeun 2-4 'bilatung' anu tetep dina sayangna salila sabulan. Beuratna pas borojol 75-130 gram, nikel dua kali sanggeus dua minggu, nikel opat kali sanggeus lima minggu. Panonna beunta sanggeus sapuluh poé, mimiti bisa dahar sanggeus 23 poé. Umur sabulan huntuna geus sampurna, sarta geus bisa dahar daging. Dina kurungan, umur méong congkok bisa nepi ka 13 taun.[3]

Méong congkok biasana hirup papasangan, sarta babarengan ngurus anakna nepi ka 7-10 bulan.[rujukan?] Nu liar nincak sawawa umur 18 bulan, tapi ingon-ingon bisa sawawa umur 7 bulan, anapon nu bikang umur 10 bulan.

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  • Leopard Cat, Wikipédia édisi basa Inggris (9 Juni 2006)
  • Kristin Nowell & Peter Jackson (1996). Wild Cats: status survey and conservation action plan. IUCN.ISBN 2-8317-0045-0
  1. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama lon05
  2. Rajaratnam, R., Sunquist, M., Rajaratnam, L., Ambu, L. (2007) Diet and habitat selection of the leopard cat (Prionailurus bengalensis borneoensis) in an agricultural landscape in Sabah, Malaysian Borneo. Journal of Tropical Ecology 23: 209–217
  3. a b c Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama WCoW