Kesemek

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kesemek
Buah kesemek
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Ericales
Family: Ebenaceae
Genus: Diospyros
Species: D. kaki
Ngaran binomial
Diospyros kaki
L.f.

Kesemek nyaéta ngaran sarupaning bungbuahan ti marga Diospyros. Pepelakan ieu dipikawanoh ogé kalayan sebutan buah kaki, atawa dina basa Inggris dingaranan Oriental (Chinese/Japanese) persimmon. Ngaran ilmiahna nyaéta Diospyros kaki. (‘kaki’, basa Jepang, nyaéta ngaran zat tanin anu dihasilkeun ku buah ieu).

Gambaran[édit | sunting sumber]

Tangkal kesemek ukuranana leutik nepi ka sedeng, 15 m atawa kurang, dioesis (dioecious, boga imah dua) sarta sakapeung monoesis, boga tangkal pondok sarta bararéngkok, réa dahan, sarta ngagugurkeun daun.

Daun dina dua jajaran, kasusun sulang-seling, boga gagang pondok lk. 3 cm, bunder, bunder endog nepi ka jorong, 2,5-15 × 5-25 cm, héjo konéng ngagurilap.

Hasil sarta kaguna[édit | sunting sumber]

Tangkal kesemek keur buahan

Kesemek anu asak boga warna antara jingga semu konéng nepi ka semu beureum sarta boga diaméter antara 2-8 cm. Buah ieu bisa didahar langsung dina kaayaan seger sanggeus diulasan ku cai kapur sarta dipeuyeum, ambéh rasa kesedna leungit. Buah ieu ogé bisa digaringkeun atawa dikokolakeun jadi selé, ager, és krim sarta nu séjén-séjénna. Buah kesemek seger ngandung 19,6% karbohidrat, utamana fruktosa sarta glukosa, 0,7% protéin, vitamin A sarta kalium.

Buah kesemek anu ngora ngandung zat tanin anu dingaranan tanin-kaki, anu ngabalukarkeun rasa kesed dina buah. Zat ieu baris ngurangan sajalan jeung asakna buah. Tanin-kaki dimangpaatkeun pikeun ngawétkan sagala rupa karajinan leungeun, mantuan produksi arak-béas di Jepang, sarta bahan ngubaran panyakit hiperténsi.

Asal-usul sarta sumebarna[édit | sunting sumber]

Kesemek 'Hachiya' ti Jepang, 柿 – lukisan cét cai 1887

Kesemek asalna ti Républik Rahayat Cina, anu saterusna sumebar ka Jepang dina jaman purba sarta dibudidayakeun di ditu. KAdieunakeun buah ieu sumebar ka bagian séjén Asia, sarta dina mangsa pangjajahan Walanda dina taun 1800an dibawa ka Éropa kidul sarta Amérika (Kalifornia).

Buah ieu cukup penting dina talari Tiongkok jeung Jepang, ku kituna ajén komérsialna luhur di ditu mah. Kiwari komérsialisasi produksi kesemek geus ngarémbét sarta ngalegaan ka Selandia Anyar, Australia sarta Israél. Ékspor ti Israél ieu pisan anu dingaranan Sharon fruit.

Di Indonésia, Malaysia sarta Thailand, produksi kesemek umumna ngan mahi keur konsumsi lokal. Sumatera Kalér, hususna wewengkon Brastagi, dina mangsa katukang kungsi sacara tetep ngirimkeun kesemek ka Singapura; tapi kiwari kaeureunkeun alatan kualitasna kadéséh ku kesemek produksi nagara-nagara séjén. Tempat-tempat séjén di Indonésia anu ngahasilkeun kesemek di antarana nyaéta Jawa Kulon jeung Jawa Wétan, di mana buah ieu dipelak di wewengkon-wewengkon nu luhur di pagunungan.

Bahan bacaan[édit | sunting sumber]

  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.