Kidung Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kidung Sunda nyaéta hiji karya sastra dina basa Jawa Tengahan dina wanda kakawin (dangding) nu sigana asalna ti Bali, ditulis dina daun lontar. Kakawin ieu nyaritakeun kajadian Perang Bubat nu dimimitian ku Prabu Hayam Wuruk ti Majapahit nu keur néang pigarwaeun. Lajeng anjeunna miharep putri karajaan Sunda (dina naskah ieu teu disebutkeun ngaranna), ngan kahayang ieu bantrok jeung kapengkuhan patih Gajah Mada nu nganggap urang Sunda kudu nurut kana kahayang Majapahit. Balukarna, di palabuan Bubat (tempat balabuhna rombongan ti Sunda) lumangsung perang campuh bébéakan nepi ka ampir sadaya rombongan Sunda gugur, kaasup putri Sunda nu nelasan manéh.

Ieu teks téh aya nu dijieun jadi wangun wawacan nyaéta Wawacan Kidung Sunda anu ditulis maké basa Sunda. Ari sumberna nya tina hasil tarjamahan C.C. Berg.

Vérsi Kidung Sunda[édit | édit sumber]

Prof Dr. C.C. Berg, ahli Walanda, manggihan aya sababaraha vérsi Kidung Sunda, di antarana (nu kungsi medal ti anjeunna) nyaéta

  1. Kidung Sunda
  2. Kidung Sundayana (Lalampahan (urang) Sunda)

Kidung Sunda eusina leuwih panjang batan Kidung Sundayana, jaba ajén kasusastranana leuwih luhung batan Kidung Sundayana.

Analisis[édit | édit sumber]

Kidung Sunda sawadina kudu dianggap salaku karya sastra, sarta lain dianggap sumber sajarah nu akurat, najan tangtu caritana dumasar kana kajadian nu kungsi aya.

Garis badagna, carita ieu maké basa nu lugas jeung lancar, teu pabeulit sakumaha karya nu sarupa. Caritana nyampurkeun unsur-unsur romantis jeung dramatis nu matak hélok, sarta ngagunakeun gaya basa nu hirup. Kajadian Gajah Mada dicarékan ku Anepaken bisa ditepikeun kalawan atra. Lajeng Prabu Hayam Wuruk nu midangdam Putri Sunda nu geus tiwas kagambarkeun kalawan éndah matak kagagas nu macana.

Carita nu aya dina ieu naskah ogé logis, iwal (meureun) moksana patih Gajah Mada. Tapi, moksana Gajah Mada jeung mangkatna Hayam Wuruk teu saluyu jeung naskah séjén kayaning kakawin Nagarakretagama.

Hiji hal nu pikaresepeun deui nyaéta yén dina téks dibédakeun paham antara Nusantara jeung tatar Sunda. Arurang Sunda dianggap lain urang Nusantara, iwal ku patih Gajah Mada. Samentara nu disebut salaku arurang Nusantara nyaéta: urang Palembang, urang Tumasik (Singapura), Madura, Bali, Koci (?), Wandan (Maluku), Tanjungpura (Banjarmasin) jeung Sawakung (?) (conto bait 1. 54 b.) . Ieu hal ogé saluyu kalayan kakawin Nagarakretagama di mana tatar Sunda teu disebut salaku wewengkon Majapahit di mana aranjeunna kudu mayar upeti. Tapi di Nagarakretagama, Madura ogé teu disebut.

Sumber[édit | édit sumber]

Sakabéh naskah Kidung Sunda nu dicaritakeun di dieu asalna ti Bali, tapi teu jéntré naha naskah ieu ditulis di Jawa atawa di Bali.

Lajeng pangarang naskah ieu can kanyahoan, kitu ogé mangsa ditulisna. Dina naskah ieu disebut-sebut ngeunaan bedil/mariem, tapi hal ieu teu bisa dipaké pikeun nangtukeun umur naskah, sabab urang Nusantara geus wanoh kana sarupaning bedil sahanteuna ti jaman datangna bangsa Portugis di Nusantara taun 1511. Malah sigana mah geus ti jaman saméméhna ti bangsa Cina, sabab nalika Portugis datang ka Maluku, maranéhna disambut ku témbakan kahormatan.

Sababaraha potongan téks[édit | édit sumber]

Di handap ieu aya sababaraha potong téks hasil alih aksara, dicutat tina buku C.C. Berg (1927).

Gajah Mada dicarékan ku utusan Sunda (bait 1.66b – 1.68a.)[édit | édit sumber]

Ih angapa, Gajah Mada, agung wuwusmu i kami, ngong iki mangkw angaturana sira sang rajaputri, adulurana bakti, mangkana rakwa karěpmu, pada lan Nusantara dede Sunda iki, durung-durung ngong iki andap ring yuda.
Abasa lali po kita nguni duk kita aněkani jurit, amrang pradesa ring gunung, ěnti ramening yuda, wong Sunda kagingsir, wong Jipang amburu, praptâpatih Sunda apulih, rusak wadwamu gingsir.
Mantrimu kalih tinigas anama Lěs Beleteng angěmasi, bubar wadwamu malayu, anânibani jurang, amurug-murug rwi, lwir patining lutung, uwak setan pating burěngik, padâmalakw ing urip.
Mangke agung kokohanmu, uwabmu lwir ntuting gasir, kaya purisya tinilar ing asu, mengkene kaharěpta, tan pracura juti, ndi sasana tinutmu gurwaning dustârusuh, dadi angapusi sang sadubudi, patitânêng niraya atmamu těmbe yen antu.

Alihbasa:

"Hé Gajah Mada, naon maksudna anjeun gedé bacot ka kami? Kami mah rék mawa Rajaputri, sedeng anjeun kalah miharep kami mawa upeti kawas ti Nusantara. Kami mah béda. Kami urang Sunda, can kungsi éléh perang.
Kawas nu poho baé sia baheula, nalika anjeung keur perang di wewengkon pagunungan. Perang campuh diuudag urang Jipang. Terus patih Sunda datang deui sahingga pasukan dia mundur.
Mantri sia nu dua nu ngaranna Les jeung Beleteng dikadék nepi ka paéh. Pasukan sia bubar jeung kalabur. Aya nu labuh ka jurang sarta ti kakarait kana cucuk rungkang. Maranéhna paéh kawas lutung, owa, jeung setan, lalumengis ménta hirup.
Ayeuna sia gedé sungut. Bau sungut sia kawas kasir, kawas tai anjing. Ayeuna kahayang sia teu sopan sarta hianat. Nuturkeun ajaran naon salian ti hayang jadi guru nu ngabohong jeung milampah rucah. Nipu jalma budi hadé. Mun paéh, roh sia bakal asup naraka!"

Raja Sunda nu nolak sarat-sarat Majapahit (bait 2.69 – 2.71)[édit | édit sumber]

[...], yan kitâwĕdîng pati, lah age marĕka, i jĕng sri naranata, aturana jiwa bakti, wangining sĕmbah, sira sang nataputri.
Wahu karungu denira sri narendra, bangun runtik ing ati, ah kita potusan, warahĕn tuhanira, nora ngong marĕka malih, angatĕrana, iki sang rajaputri.
Mong kari sasisih bahune wong Sunda, rĕmpak kang kanan keri, norengsun ahulap, rinĕbateng paprangan, srĕngĕn si rakryan apatih, kaya siniwak, karnasula angapi.

Alihbahasa:

  • [...], jika engkau takut mati, datanglah segera menghadap Sri Baginda (Hayam Wuruk) dan haturkan bukti kesetianmu, keharuman sembahmu dengan menghaturkan beliau sang Tuan Putri.
  • Maka ini terdengar oleh Sri Raja <Sunda> dan beliau menjadi murka: “Wahai kalian para duta! Laporkan kepada tuanmu bahwa kami tidak akan menghadap lagi menghantarkan Tuan Putri!”
  • “Meskipun orang-orang Sunda tinggal satu tangannya, atau hancur sebelah kanan dan kiri, tiada akan ‘silau’ beta!”. Sang Tuan Patih juga marah, seakan-akan robek telinganya mendengarkan (kata-kata pedas orang Majapahit).

Prabu Hayam Wuruk yang meratapi Putri Sunda yang telah tewas (bait 3.29 – 3. 33)[édit | édit sumber]

Sireñanira tinañan, unggwani sang rajaputri, tinuduhakěn aneng made sira wontěn aguling, mara sri narapati, katěmu sira akukub, perěmas natar ijo, ingungkabakěn tumuli, kagyat sang nata dadi atěmah laywan.
Wěněsning muka angraras, netra duměling sadidik, kang lati angrawit katon, kengisning waja amanis, anrang rumning srigading, kadi anapa pukulun, ngke pangeran marěka, tinghal kamanda punyaningsun pukulun, mangke prapta angajawa.
Sang tan sah aneng swacita, ning rama rena inisti, marmaning parěng prapta kongang mangkw atěmah kayêki, yan si prapta kang wingi, bangiwen pangeraningsun, pilih kari agěsang, kawula mangke pinanggih, lah palalun, pangdaning Widy angawasa.
Palar-palarěn ing jěmah, pangeran sida kapanggih, asisihan eng paturon, tan kalangan ing duskrěti, sida kâptining rawit, mwang rena kalih katuju, lwir mangkana panapanira sang uwus alalis, sang sinambrama lěnglěng amrati cita.
Sangsaya lara kagagat, pětěng rasanikang ati, kapati sira sang katong, kang tangis mangkin gumirih, lwir guruh ing katrini, matag paněděng ing santun, awor swaraning kumbang, tangising wong lanang istri, arěrěb-rěrěb pawraning gělung lukar.

Alihbahasa:

  • Maka ditanyalah dayang-dayang di manakah gerangan tempat Tuan Putri. Diberilah tahu berada di tengah ia, tidur. Maka datanglah Sri Baginda, dan melihatnya tertutup kain berwarna hijau keemasan di atas tanah. Setelah dibuka, terkejutlah sang Prabu karena sudah menjadi mayat.
  • Pucat mukanya mempesona, matanya sedikit membuka, bibirnya indah dilihat, gigi-giginya yang tak tertutup terlihat manis, seakan menyaingi keindahan sri gading. Seakan-akan ia menyapa: “Sri Paduka, datanglah ke mari. Lihatlah kekasihnda (?), berbakti, Sri Baginda, datang ke tanah Jawa.
  • Yang senantiasa berada di pikiran ayah dan ibu, yang sangat mendambakannya, itulah alasannya mereka ikut datang. Sekarang jadinya malah seperti ini. Jika datang kemarin dulu, wahai Rajaku, mungkin <hamba> masih hidup dan sekarang dinikahkan. Aduh sungguh kejamlah kuasa Tuhan!
  • Mari kita harap wahai Raja, supaya berhasil menikah, berdampingan di atas ranjang tanpa dihalang-halangi niat buruk. Berhasillah kemauan bapak dan ibu, keduanya.” Séakan-akan begitulah ia yang telah tewas menyapanya. Sedangkan yang disapa menjadi bingung dan merana.
  • Semakin lama semakin sakit rasa penderitaannya. Hatinya terasa gelap, beliau sang Raja semakin merana. Tangisnya semakin keras, bagaikan guruh di bulan Ketiga*, yang membuka kelopak bunga untuk mekar, bercampur dengan suara kumbang. Begitulah tangis para pria dan wanita, rambut-rambut yang lepas terurai bagaikan kabut.

*Bulan Ketiga kurang lebih jatuh pada bulan September, yang masih merupakan musim kemarau. Jadi suara guruh pada bulan ini merupakan suatu hal yang tidak lazim.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • C.C. Berg, 1927, ‘Kidung Sunda. Inleiding, tekst, vertaling en aanteekeningen’. BKI 83: 1 – 161.
  • C.C. Berg, 1928, Inleiding tot de studie van het Oud-Javaansch (Kidung Sundāyana). Soerakarta: De Bliksem.
  • P.J. Zoetmulder, 1983, Kalangwan. Sastra Jawa Kuno Selayang Pandang. Jakarta: Djambatan. (hal. 528-532)

Tempo ogé[édit | édit sumber]