Médium antarbéntang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Dina astronomi, médium antarbéntang (Basa Indonésia: medium antarbintang, Basa Walanda: interstellair medium Basa Inggris: interstellar medium, disingkat ISM) nyaéta materi (materi antarbéntang/interstellar matter, ISM) sarta kandungan énergi (médan radiasi antarbéntang/interstellar radiation field, ISRF) anu aya di antara béntang-béntang (atawa kira-kira lingkungan béntang) dina hiji galaksi.

Béntang-béntang sorangan kabentuk di wewengkon ISM anu pangpadetna sarta tiis, sarta baris ngabeungharan ISM ku materi sarta énergi ngaliwatan planetary nebula, angin-angin béntang sarta supernova. Satuluyna, kajadian silih mangaruhan antara béntang-béntang jeung ISM nangtukeun laju leungitna kandungan gas hiji galaksi sarta dina pamustunganana nangtukeun ogé wengkuan umur aktip galaksi kasebut dina nyieun béntang-béntang.

ISM ngandung atom, molekul, kebul, radiasi éléktromagnétik, sinar kosmik, sarta médan magnét dina jumlah anu pohara saeutik (lamun maké standar bumi). Materina ilahar diwangun ku 99% partikel gas sarta umumna 1% kebul, sarta ngeusian ruhang antarbéntang. Kapadatan gas anu ilahar antara puluhan nepi ka ratusan partikel pér séntiméter kubik. Alatan ku nukleosintesis primordial, gasna jadi kira-kira 90% hidrogén sarta 10% hélium, ditambah unsur-unsur tambahan ("logam" dina sebutan astronomi) anu jumlahna saeutik.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]