Musium Wayang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
COLLECTIE TROPENMUSEUM Het Wayang Museum aan Taman Fatahillah TMnr 20018348.jpg

Musium Wayang nya eta musium nu aya di Jalan Pintu Besar Utara No. 27, Jakarta. [1] Musium nu diresmikeun ku gubernur, Ali Sadikin tanggal 13 Agustus 1975. [2] Musium ieu umurna sarua jeung Musium Sejarah Jakarta (Musium Fatahillah). [2] Baheula na gedung ieu mangrupa garéja tua nu diadegkeun ku VOC taun 1640, ngaranna de oude Hollandsche Kerk. [1] Fungsina salaku tempat ibadah masarakat sipil jeung tentara bangsa Belanda nu cicing di Batavia. [1]

Di taun 1733, garéja ieu dirobah ngaranna jadi de nieuwe Hollandsche Kerk. [1] Tapi di taun 1808 aya gempa bumi nu ngahancurkeun garéja ieu. [2] Sanggeus diréhab, tuluy dijieun musium nu disebut Musium Batavia. [2] Musium ieu dibuka taun 1939 ku Gubernur Jenderal Belanda, Tjarda Van Starkenborgh Stachhouwer. [2] Musium ieu nu akhirna dingaranan Musium Wayang. [2]

Di musium ieu aya sakitar 6 rébu koléksi wayang ti sakabéh Indonésia. [2] Di rohangan luhur aya hiji fragmén wayang nu nyaritakeun kajadian proklamasi kamerdékaan. [2] Aya sosok Bung Karno jeung Bung Hatta dina fragmén ieu. Wayang ieu kungsi dibawa ka Belanda. [2] Di bagian koridor aya sababaraha rupa wayang, saperti wayang kulit, wayang beber, wayang golék, wayang klitik, nu asalna ti Surakarta, Yogyakarta, Cirebon, Sunda, Betawi, Banyumas, Banjarmasin, nepi ti Eropa, India, Amérika, Kamboja, jeung Thailand. [2] Salian ti éta, aya ogé wayang intan. [2] Wayang intan nya éta wayang kulit nu dihias ku sababaraha intan. Wayang ieu dijieun ku Ki Guno Kerti Wondo taun 1878. [2] Aya ogé wayang klithik, wayang nu dijieun tina kai, tapi di bagian leungeun mah dijieun tina kulit. [2] Nalika dimaénkeun, wayang ieu ngaluarkeun sora "klithik-klithik". [2] Nu pamungkas aya ogé nu disebut wayang Betawi, bentukna saperti wayang golék, gambaran tokoh-tokohna maké tokoh-tokoh Betawi di mangsa panjajahan. [2] Saperti tokoh Si Pitung, Centeng Belanda, Pak Haji, Jenderal Belanda, jeung sajabana. [2] Aya ogé bonéka Si Gale-Gale, bonéka ti Pulau Samosir, Sumatera Utara nu eusina roh putera raja Si Gale-Gale. [2] Sababaraha macem wayang berbentuk boneka ti Eropa, Malaysia, jeung Thailand ogé aya di dieu. [2]


Nulis.jpg



Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Musium(Diakses tanggal 27 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Musium Wayang (Diakses tanggal 27 November 2011)