Émansipasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Inohong Émansipasi Awéwé Indonésia.

Émansipasi nyaéta ngabébaskeun kagiatan budak beulian keur merjuangkeun saruana hak jeung darajat manusa dina sagala rupa aspék kahirupan masarakat. [1] Émansipasi kudu bisa ngaakomodasi hak anu geus direbut jeung diantep kitu waé saméméhna. Ieu hal penting pisan kalawan jadi sarana ngaronjatkeun profésionalitas sangkan sakabéh manusa babarengan ngalakukeun pangwangunan kalayan teu diskriminatif. Lian ti éta, émansipasi ogé dilaksanakeun dina raraga nyangking hak politik jeung darajat sosial keur kelompok anu teu dibéré hak husus. [2] Intina, émansipasi sacara vertikal bakal terus ngaleungitkeun bédana kelas sosial (social gap) jeung sacara horizontal bakal ngurangan jarak sosial (social distance) antara manusa. Ku alatan éta, émansipasi dominasi jeung dépéndénsi bakal dipungkas nepi ka kahontalna darajat anu sarua. [3]

Émansipasi wanoja[édit | édit sumber]

Émansipasi wanoja mangrupa prosés ngaleungitkeun anggapan ka wanoja tina kalungguhan sosial ékonomi anu handap atawa tina kaadilan hukum anu ngawatesan wanoja tumuwuh aktif dina sagala widang kahirupan masarakat. [4] Tujuan émansipasi wanoja nyaéta meredih hak anu sarua jiga lalaki jeung méré kasempetan wanoja sangkan bisa digawé, diajar, jeung bébas aktif jiga lalaki. Ieu gerakan anu dilakukeun ku para wanoja téh medal dumasar kana anggapan jeung kanyataan yén wanoja mah ampir tinggaleun dina sakabéh aspék kahirupan, ti mimiti pendidikan sabab lobana kasus buta huruf, kamiskinan, sarta henteu mampuh aktif dina unggal kagiatan anu aya di masarakat umum. Lolobana kalah museur kana kagiatan anu aya patalina jeung rarabi wungkul [5] Ku kituna, émansipasi wanoja téh mangrupa salah sahiji cara ngahontal cita-cita hirup anu sarua antara wanoja jeung lalaki ngaliwatan gerakan bajoang dina sual kaadilan sosial. [6]

Gerakan RA Kartini[édit | édit sumber]

Maria Walanda Maramis, Pejuang Emansipasi Wanoja ti Minahasa.

Inohong émansipasi wanoja di Indonésia nyaéta RA Kartini, wanoja priyayi Jawa anu boga pamikiran dina jamanna. Pamikiranana dibudalkeun ngaliwatan surat ka babaturanana di Walanda . Kumpulan suratna tuluy jadi buku anu judulna " Habis Gelap, Ternitlah Terang ". RA Kartini jadi kakuatan gerakan émansipasi wanoja anu sarua boga hak pikeun ningkatkeun pendidikan nepi ka undak anu luhur. Di jaman kolonial jalma anu miboga hak atikan téh ukur barudak turunan bangsawan, jadi jaman baheula loba wanoja urang Indonésia teu kungsi ngalaman atikan anu sakuduna. Émansipasi anu dibaladah ku RA Kartini téh patali jeung kapercékaan anu kudu diaku jeung dibéré kasempetan anu sarua keur ngalarapkeun élmu anu dipimilik, sangkan leuwih percaya diri jeung moal dihina ku lalaki. [4] Ieu gerakan dimimitian ku diadegkeunna sakola husus keur wanoja. Kasang tukangna waktu harita wanoja téh ukur bisa ngalayanan salakina (ranjang) jeung ngurus dapur. Gerakan RA Kartini lalaunan bisa mangaruhan pola pikir kaum wanoja di Indonésia (awal abad ka-21). Lian ti éta, aya ogé gerakan Aisyiyah jadi pelopor ngadegna organisasi Muhammadiyah anu miboga peran dina widang pemberdayaan kaum wanoja anu dipingpinan ku Nyai Ahmad Dahlan. Sanggeus kitu, dituturkeun ku gerakan Muslimat NU jeung rupa-rupa gerakan wanoja lahir tina kasang tukang profesional, ilmiah, religius jeung faktor lianna. [7]


Gerakan Maria Walanda Maramis[édit | édit sumber]

Dina taun 1890, Maria rarabi dina umur 18 taun ka guru sakola dasar di Manado jenenganana Yoseph Frederik Calusung Walanda. Ti saprak éta, Maria, leuwih dipikawanoh salaku Maria Walanda Maramis anu geus naratas impianana ngamajukeun kaum wanoja. Sanggeus rarabi, Maria cicing di Manado nurut ka salakina. Anjeunna mimiti ngébréhkeun eusi pipikiranana ngaliwatan tulisan anu dimuat dina koran Tjahaja Siang, pelopor média cetak di Sulawesi Utara. Tulisanana ngajéntr keun ngeunaan penting atikan keur wanoja sangkan jadipamajikan sjeungindung anu llinuhung keur kulawarga. Tanggal 8 Juli 1917, waktu Maria umur 45 taun jeung babaturanana ngadegkeun organisasi anu disebut Percintaan Ibu Kepada Anak Temurunnya (PIKAT). Mimitina PIKAT ukur forum babagi informasi jeung masalah pendidikan barudak. Ngan aya angen-angen ti Maria sangkan ngarobah misi jeung tujuan PIKAT jadi forum anu ngamajukeun kaum wanoja di Minahasa . Sanggeus kitu, PIKAT gancang mekar jeung miboga loba cabang nepi ka Kalimantan jeung Jawa . PIKAT ngadegkeun sakola gratis keur barudak wanoja anu disebut Huishound School Pikat. Maria ogé muka Sakola Vokasional keur wanoja jeung asramana. [8] Jasa Maria dina émansipasi wanoja beuki penting pisan waktu merjuangkeun kapentingan wanoja di parlemén . Dina 1919, parlemén lokal dibentuk jeung dingaranan Minahasa Raad . Mimitina mah ngan lalaki anu boga hak sora keur milih wakil-wakil masarakat . Maria narékahan sangkan wanoja miboga hak milih dina pamilihan calon anggota déwan. Usahana hasil, wanoja bisa dipilih jadi anggota sababaraha badan perwakilan masarakat, kaasup Minahasa Raad, Locale Raad, jeung Gemeentse Raad .

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Tim Penyusun KBBI. "Emansipasi". kbbi.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2020-11-29. 
  2. Redaktur Kemenpppa. "EMANSIPASI DAN KESETARAAN GENDER". www.kemenpppa.go.id. Diakses tanggal 2020-11-29.  Archived 2022-08-15 di Wayback Machine
  3. Kleden Ignas. 1998. Kemerdekaan: Dari Emansipasi ke Otonomi (Dimuat pada Mimbar Kekaryaan ABRI Edisi 333 Juli 1998). Hal. 13-14. Jakarta Timur : CV. Tarsar Jaya.
  4. a b Whandi. "Wanita di Era Globalisasi! Menuntut Emansipasi Namun Tidak Membuktikan Dirinya Layak Untuk Berkontribusi". Universitas Tanjungpura (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-11-30. [tumbu nonaktif]
  5. Izad, Rohmatul. "Emansipasi". GEOTIMES (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-11-29.  Archived 2021-02-28 di Wayback Machine
  6. Murniati, A. Nunuk P. (2004). Getar gender (dalam Indonesian). Magelang: Indonesiatera. p. 236. ISBN 978-979-9375-27-8. 
  7. Roihan, Raiz Azmi. "Gerakan Emansipasi Wanita: dari Ketertinggalan menuju Kesetaraan". ibtimes.id. Diakses tanggal 30 November 2020. 
  8. Raditya, Iswara N. "Maria Walanda Maramis: Dia yang Melampaui dan Mengagumi Kartini". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-11-30.