Adat ngariksa nu kakandungan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Adat ngariksa nu kakandungan téh di masarakat Sunda raket pisan patalina jeung sistim kapercayaan urang Sunda, anu boga sipat percaya kana tahayul atawa bangsa lelembut.[1] Maksud diayakeunana adat ngaraksa nu kakandungan téh nyaéta ngajaga nu kakandungan tina pangaruh jahat para lelembut jeung pangaruh goréng tina kakuatan alam disabudeureunana nu miboga sipat goib.[1]

Tarékah[édit | édit sumber]

Tarékah pikeun ngajagana kieu

  1. ngayakeun salametan atawa sidekah.
  2. mekelan nu kakandungan ku barang-barang anu dipikayakin miboga kakuatan panyinglar atawa jimat
  3. merhatikeun tur ngajaga supaya nu kakandungan teu ngalanggar pantrangan karuhun.

Ilaharna[édit | édit sumber]

Pikeun nu mimiti mah, kolotna nu sok merhatikeun téh. Béda jeung nu geus dua atawa tilu kali babaran biasana ku sorangan. Ieu hal dumasar pangalaman, biasana ari anu kakara pisan kakandungan mah sok loba kasieun, hariwangeun pisan ningali budakna anu léléngkah halu kénéh dina hal ngarorok orok.[1]

Ti awal waktu kakandungan nepi ka umur dua bulan biasa disebut ngandeg atawa nyiram. Sanggeus umur kandungan tilu bulan diayakeun salametan tilu bulanan. Reréana jalma salametan tilu bulanana cukup ku ngabubur beureum ngabubur bodas nu mangrupa inti atawa sarat nu kudu aya dina salametan adat kabiasaan karuhun. Salian ti ngabubur beureum ngabubur bodas téh jalma nu pangabogana leuwih mah biasana sok dibarengan ku tumpeng.[1]

Sarengséna salametan tilu bulanana, diayakeun deui salametan dina mangsa umur kandungan 5, 7, jeung 9 bulan. Pokona kudu ngayakeun unggal itungan ganjil. Dina salametan kadua kalina diayakeun hajat bangsal. Bangsal anu diwadahan ku bokor sarta di luhurna ditutupan ku daun waluh. Maksud dina kecap bangsal sacara metonomis sarua kecap bengsal (sial). Sedengkeun kecap waluh sacara metonomis ngaharib-harib kana kecap waluya. Jadi maksud utama ayana hajat bangsal téh nyaéta ngaleungitkeun sagala karerepet sarta diganti ku kawaluyaan.[1]

Salametan anu katilu kalina diayakeun dina waktu kakandungan 7 bulan nu mangrupa salametan panggedéna di antara 4 salametan. Ieu salametan pada nyarebut tingkeban atawa babarit (Ciamis), babarit (Majalengka). Saprak tingkeban urusan ngajaga nu kakandungan téh jadi tanggung jawab paraji. Tingkeban téh mangrupa salametan nu kakandungan nu pangceuyahna di antara upacara-upacara séjénna, ditilik tina lobana prosés upacara jeung réana sarat anu kudu dicumponan. Waktu umur kandungan 9 bulan diayakeun salametan anu kaopat kalina. Ieu salametan téh disebut lolos jeung sidekah lampu. Lolos (dahareun nu dijieun tina tipung béas digulaan maké santen tur dibungkus ku daun cau) nyaéta ngandung maksud supaya dina waktu ngalahirkeun, orok bisa kaluar kalayan lancar jeung salamet, sedengkeun lampu miboga maksud supaya orok nu dilahirkeun miboga haté nu caang. Lampu nu dipaké biasana cempor.[1]

Paraji mimiti méré pituduh ka kulawarga nu kakandungan pikeun tatahar nyiapkeun rupa-rupa ramuan sisikian, akar-akaran, dangdaunan, jeung beubeutian nu tangtu. Biasana umur kandungan salapan bulan téh sok disebut bulan alaeun. Béda deui mun umur kandungan teu normal (leuwih ti salapan bulan biasana sok pada nyebut reuneuh mundingeun).[1]

Istilah-istilah[édit | édit sumber]

Aya istilah husus pikeun nu kakandungan dina prosésna.

  1. Kakandungan sabulan disebut ngaherang, hartina kandungan masih kaciri herang sarta wujudna disebut alkah.[1]
  2. Kakandungan dua bulan disebut lumenggang, hartina geus kentel sanajan transparan kénéh (ngalangkang) sarta wujudna disebut kasapah.[1]
  3. Kakandungan tilu bulan disebut kumambang, hartina geus mengkel jeung buleud, wujudna pada nyebut nutpah.[1]
  4. Kakandungan opat bulan disebut gumulung hartina geus padet tur buleud wujudna disebut amarulah.[1]
  5. Kakandungan lima bulan disebut mangrupa nu hartina geus kaciri buleungkeukanna, wujudna disebut ahmad.[1]
  6. Kakandungan genep bulan disebut usik hartina janin geus karasa usik, wujudna disebut kénéh ahmad.[1]
  7. Kakandungan tujuh bulan disebut malik hartina posisina geus bisa malik, wujudna disebut muhammad.[1]
  8. Kakandungan dalapan bulan disebut kumentar-kumentir hartina geus néangan jalan kaluar, wujudna masih disebut muhammad.[1]
  9. Kakandungan salapan bulan disebut ngaruang-ruang hartina geus aya di jalan kaluar, wujudna masih disebut muhammad.[1]
  10. Asup bulan kasapuluh orok dibabarkeun, miboga gelar Rosulluloh.[1]

Pantrangan[édit | édit sumber]

Teu kurang ti 31 pantarangan pikeun nu keur kakandungan di antarana; teu meunang saré teu maké bantal sabab bisa nyusahkeun waktu ngalahirkeun; teu meunang diuk dina lawang panto sabab bisa-bisa hésé ngalahirkeun (biasana disebut ngalong); teu meunang ngadahar kulub endog sabab jaga anakna bisa-bisa bisul di sirah; teu meunang ngadahar ganas sabab bisa-bisa anakna jaga boga panyakit koréng; teu meunang ngasaan angeun langsung dina sendok sabab bisa-bisa anakna goreng, jeung sajabana.[1]

Lian ti ayana pantrangan pikeun nu kakandungan (pihak awéwé), aya ogé pantrangan pikeun salakina di antarana; teu meunang peupeuncitan; teu meunang nyiksa sasatoan; teu meunang nguseup; teu meunang ngadu hayam, teu meunang ngadu domba, jrrd. Tur jalma lian gé teu meunang nyinggung haté jalma nu kakandungan. Salaki pamajikan mun kapaksa kudu migawe nu dipantrang alusna kudu ngedalkeun kalimah samodél utun inji hayu urang motongan hayam, tapi kadé ulah sapotong-potongna lamun lain potongeunana”[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Ayip Rosidi spk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya.