Lompat ke isi

Albert Einstein

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Albert Einstein, poto ku Oren J. Turner taun 1947.

Albert Einstein (14 Maret 187918 April 1955) nyaéta hiji élmuwan fisika téoritis anu dianggap élmuwan pangbadagna dina abad ka-20. Manéhna nepikeun téori rélativitas sarta ogé réa nyumbang pikeun mekarna mékanika kuantum, mékanika statistik, sarta kosmologi. Manéhna dibéré kasinugrahan Pangajén Nobel dina widang Fisika dina taun 1921 pikeun guaranana ngeunaan éfék fotoéléktrik sarta "pangabdianana pikeun Fisika Téoritis".

Sanggeus téori rélativitas umum dirumuskeun, Einstein jadi kawentar di sakuliah dunya, hontalan anu henteu ilahar pikeun saurang élmuwan. Dina mangsa kolotna, katénaranana ngaleuwihan ketenaran kabéh élmuwan dina widang sajarah, sarta dina widang budaya populér, kecap Einstein dianggap sinonim jeung kacerdasan atawa malah kajeniusan. Beungeutna mangrupa salah sahiji anu pangdipikawanohna di sakuliah dunya.

Dina taun 1999, Einstein dingaranan "Inohong Abad Kiwari" ku majalah Time. Kapopuléranana ogé ngajadikeun ngaran "Einstein" dipaké sacara lega dina pariwara sarta barang dagangan séjén, sarta pamustunganana "Albert Einstein" didaftarkeun minangka mérek dagang.

Pikeun ngahargaan manéhna, salah sahiji hijian dina fotokimia dingaranan einstein, hiji unsur kimia dingaranan einsteinium, sarta hiji asteroid dingaranan 2001 Einstein.

Rumus Einstein anu pangkawentarna nyaéta (tempo E=mc²):

Biografi

[édit | édit sumber]

Mangsa ngora jeung universitas

[édit | édit sumber]

Einstein dilahirkeun di Ulm di Württemberg, Jerman; kira-kira 100 km wétaneun Stuttgart. Ngaran bapana Hermann Einstein, saurang padagang ranjang bulu anu saterusna ngajalankeun pagawéan éléktrokimia, sarta ngaran indungna nyaéta Pauline. Maranéhanana kawin di Stuttgart-bad Cannstatt. Kulawarga maranéhanana turunan Yahudi; Albert disakolakeun di sakola Katholik sarta alatan kahayang indungna manéhna dibéré pangajaran biola.

Dina umur lima taun, bapana némbongkeun kompas kantong, sarta Einstein sadar yén hiji hal di rohang anu "kosong" ieu ngalakukeun aksi kana jarum dina kompas kasebut; manéhna saterusna ngécéskeun pangalamanana ieu minangka salah sahiji waktu anu paling ngailhaman dina hirupna. Sanajan manéhna ngajadikeun modél jeung pakakas mékanik minangka hobina, manéhna dianggap murid anu hésé narima pangajaran, jigana alatan susunan anu arang sarta henteu ilahar dina uteukna (ditalungtik sanggeus maotna). Manéhna satuluyna dibéré pangajén pikeun téori rélativitasna alatan kakurangna ieu, sarta ngajelaskeun kalawan mikir jero ngeunaan rohang jeung waktu ti batan barudak séjénna, manéhna sanggup ngamekarkeun kapintéranana. Timuan séjénna, kapanggih ka dieunakeun, ngeunaan kamekaran mentalna nyaéta manéhna ngarandapan Sindrom Asperger, hiji kaayaan anu patali jeung autisme.

Einstein mimiti diajar matematika dina umur dua belas taun. Aya gosip yén manéhna gagal dina matematika di sakolana, tapi ieu henteu bener; parobahan dina peunteun dina taun satuluyna ngajadikeun jalma katalimbeng. Dua pamanna mantuan ngarojong Einstein supaya katarik ku dunya inteléktual dina tungtung mansa budakna sarta mangsa mimiti rumajana ku méré bongbolongan sarta buku ngeunaan élmu alam jeung matematika.

Dina taun 1894, dilantarankeun kagagalan usaha éléktrokimia boga bapana, Einstein pindah ti Munich ka Pavia, Italia (deukeut dayeuh Milan). Albert tetep tumetep pikeun ngabéréskeun sakola, ngabéréskeun hiji seméster saméméh ngagabung deui jeung kulawargana di Pavia.

Kagagalan manéhna dina ujian pikeun asup ka Eidgenössische Technische Hochschule (Institut Téknologi Swiss Fedéral, di Zurich) dina taun satuluyna mangrupa hiji kamunduran, manéhna dikirim ku kulawargana ka Aarau, Swiss, pikeun ngabéréskeun sakola tengahanana, di mana manéhna nampa diploma dina taun 1896, Einstein sawatara kali ngadaptar di Eidgenössische Technische Hochschule. Dina taun saterusna manéhna ngaleupaskeun kawarganagaraan Württemberg, sarta jadi teu boga kawarganagaraan.

Dina taun 1898, Einstein papanggih jeung sarta ragrag asih ka Mileva Hayuć, saurang warga nagara Sérbia anu mangrupa babaturan sakelasna (ogé babaturan Nikola Tesla). Dina taun 1900, manéhna dibéré gelar pikeun ngajar ku Eidgenössische Technische Hochschule sarta ditarima minangka warga nagara Swiss dina taun 1901. Salila mangsa ieu Einstein ngadiskusikeun karesepna kana élmu alam ka babaturan deukeutna, kaasup Mileva. Manéhna jeung Mileva mibanda saurang putri nu dingaranan Lieserl, lahir dina bulan Januari taun 1902. Lieserl Einstein, dina waktu éta, dianggap henteu legal alatan kolotna henteu kawin.

Gawé jeung gelar doktor

[édit | édit sumber]

Dina waktu kalulusanana, Einstein henteu bisa manggihan gawé pikeun ngajar, sikepna nu gurunggusuh salaku nonoman sok ngajadikeun profesorna gampang ambek. Bapa babaturan sakelsana nulungan manéhna méré gawé salaku asistén téknik pamariksa di Kantor Patén Swiss dina taun 1902. Di dinya, Einstein ngimeutan sarta meunteun aplikasi patén para panimu pikeun pakakas anu merlukeun pangaweruh fisika. Manéhna ogé jadi sadar pentingna aplikasi dibandingkeun jeung guaran anu goréng, sarta diajar ti dirékturna kumaha "cara sikap nu bener". Einstein sakapeung ngabenerkeun désain maranéhanana sarta ogé meunteun kapraktisan hasil gawé maranéhanana.

Einstein kawin jeung Mileva dina ping 6 Januari 1903. Mileva téh saurang matematikawan. Dina ping 14 Méi 1904, lahir anak kahiji ti papasangan ieu, nu dingaranan Hans Albert Einstein. Dina taun 1904, posisi Einstein di Kantor Patén Swiss jadi tetep. Manéhna meunangkeun gelar doktor sanggeus nyieun tésis "Eine neue Bestimmung der Moleküldimensionen" ("On a new determination of molecular dimensions") dina taun 1905 ti Universitas Zürich.

Dina taun anu sarua manéhna nulis opat artikel anu méré dasar fisika modéren, tanpa réa narasi sains. Réa fisikawan sapuk yén tilu tésis éta (ngeunaan gerak Brownian), éfék fotoéléktrik, sarta rélativitas husus) pantes meunang Pangajén Nobel. Tapi ngan tésis ngeunaan éfék fotoéléktrik anu meunangkeun pangajén kasebut. Ieu téh hiji ironi, lain ngan alatan Einstein leuwih réa nyaho ngeunaan rélativitas, tapi ogé alatan éfék fotoéléktrik nyaéta hiji fénoména kuantum.

Manéhna masrahkeun tésis-tésisna ka "Annalen der Physik". Paguyuban Fisika Murni jeung Aplikasi (IUPAP) ngarancanakeun pikeun ngarayakeun 100 taun publikasi gawé Einstein dina taun 1905 minangka taun Fisika 2005.

Gerak Brown

[édit | édit sumber]

Artikel kahijina dina taun 1905 nu judulna "On the Motion—Required by the Molecular Kinetic Theory of Heat—of Small Particles Suspended in a Stationary Liquid", ngawengku panalungtikan ngeunaan gerak Brownian. Ngagunakeun téori kinétik cacai anu dina waktu éta kontrovérsial, manéhna netepkeun yén fénoména, anu masih kurang guaran anu nyugemakeun sanggeus sawatara dékadeu sanggeus manéhna mimiti diimeutan, méré bukti empirik (hasil pangimeutan sarta ékspérimén) nu lumangsung dina atom. Sarta ogé maké mékanika statistika, anu dina waktu harita ogé mangrupa kontrovérsi.

Tumbu ka luar

[édit | édit sumber]