Lompat ke isi

Amber Valletta

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Amber Valletta
Valletta dina acara The 6th Annual Hollywood Style Awards, Beverly Hills, 10 Oktober 2009
Gumelar09 Februari 1974 (1974-02-09) (yuswa 51)
Phoenix, Arizona, Amérika Sarikat
PagawéanAktris, modél
Jangkungna5 ft 9 in (1.75 m)
PasanganHervé Le Bihan (1994–1996)
Chip McCaw (2003-2015)

Amber Evangeline Valletta (gumelar di Phoenix, Arizona, Amérika Sarikat, 9 Februari 1974; umur 51 taun) nyaéta saurang aktris sarta modél asal Amérika Sarikat.[1] Amber ngamimitian karirna di hiji agénsi modél.[rujukan?] Debut pilemna dimimitian di pilem Drop Back Ten (2000).[1] Tuluy ngabéntangan pilem Hitch, Man About Town, Dead Silence, Gamer, jeung The Spy Next Door.[1] Amber digedékeun di Oklahoma.[1] Bakat Amber di dunya hiburan geus katempo ti keur umur 15 taun tuluy diasupkeun ku indungna ka agénsi modél Linda Layman.[1] Amber pernah bijil dina cover majalah jeung iklan pikeun Louis Vuitton, Calvin Klein, jeung Versace.[2] Amber kawin jeung atlét voli nu ngaranna Chip McCaw.[1] Tina pakawinanna éta dipaparin saurang anak nyaéta Auden.[1] Peran munggaranna Amber di duna papileman nyaéta nalika maén dina pilem Drop Back Ten taun 2000.[1] Sanggeus debutna éta, Amber meunangkeun loba peran dina pilem-pilem séjén.[1]

Filmografi

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 "Profile Selebriti - Amber Valetta". Kapanlagi.com. Diaksés tanggal 3/14/2016.
  2. "Amber Valletta". Diaksés tanggal 3/14/2016.