Amitriptilin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
Amitriptyline2DACS.svg
Amitriptyline-from-picrate-xtal-3D-balls.png
Amitriptilin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
3-(10,11-dihydro-5H-dibenzo[a,d]cycloheptene-5-ylidene)-N,N-dimethylpropan-1-amine
Identifiers
Nomer CAS 50-48-6
549-18-8 (hydrochloride)
17086-03-2 (embonate)
Sandi ATC N06AA09
PubChem 2160
DrugBank DB00321
ChemSpider 2075
Data kimia
Rumus C20H23N 
Mass. mol. 277.403 g/mol
Synonyms Amitryptyline; Amytriptyline; Amitryptiline; Amitriptiline; MK-230; N-750; Ro 4-1575
Data fisika
Titik lééh 188 °C (370 °F)
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 30–60%
Ikatan protein 96%
Metabolisme Liver (CYP2D6, CYP2C19)
Waktu paruh 10–50 hours
Eksresi Urine
Therapeutic considerations
Licence data

US

Kat. kehamilan

C(AU) C(US)

Legal status

Prescription Only (S4)(AU) ?(CA) POM(UK) -only(US)

Jalur Ngaliwatan baham, injeksi intramuskular


Amitripilin nyaéta ubar pikeun ngungkulan masalah kaséhatan kayaning déprési, miboga struktur kimia C20H23N.[1][2] Ubar ieu bisa ningkatkeun suasana haté jeung ngarasakeun katentreman, nurukeun rasa kahariwang nu kaleuleuwihi sarta kategangan, ngaronjatkeun kualitas saré, sarta ningkatkeun énergi. Ubar ieu kaasup kana kelas ubar nu biasa disebut antidéprésan trisiklik.[3] [4]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Amitriptilin nyaéta ubar antidéprésan kelas trisklik dipaké pikeun ngubaran masalah kaséhatan méntal atawa kajiwaan kayaning parobahan suasana haté sacara drastis sarta déprési.[3] Ubar ieu nulungan ngaronjatkeun suasana haté atawa mood jeung rasa bagéa, ngurangan karingrang jeung kategangan, sarta bisa ngaronjatkeun kualitas saré. Fungsi lianna tina amitriptilin nyaéta pikeun ngubaran nyeri saraf (misalna neuropati perifer, postherpetic neuralgia), gangguan hésé dahar (bulimia), masalah kajiwaan atawa suasana haté lianna (kayaning miboga tingkat karingrang nu gedé atawa gangguan karingrang lianna) atawa pikeun ngungkulan nyeri sirah migrén.[5] Amitriptilin gawé kucara ngajaga kasaimbangan kadar sérotonin jeung norepinephrine dina saraf puseur. Ku kituna, gawé otak bisa leuwih alus sarta gejala déprési saeutik-saeutik ngurangan.[6]

Cara maké[édit | édit sumber]

Saacan maké ubar ieu, konsultasikeun heula ka dokter atawa ka apotéker. Inum ubar ieu ngaliwatan baham, biasana sakali nepi ka opat kali dina sapoé saluyu jeung aturan nu dibéré ku dokter, usahakeun inum dina wanci nu sarua dina unggal poé na. Mun diinum sakali dina sapoé, bisa diinum saacan saré pikeun ngabantuan ngurangan rasa tunduh ditengah poé.[3] Amitriptilin bisa diinum saacan atawa sanggeus dahar. Pikeun ngurangan résiko éfék samping kayaning tunduh, biwir gararing, lieur, dokter biasana méré resép pikeun resép nu ngamimitian kucara dibéré dosis leutik sarta sacara lalaunan ditaékkeun dosisna saeutik-saeutik. Inum ubar ieu sacara taratur, ulah eureun sanajan ngarasa awak geus séhat.[5] Sababaraha kaayaan bisa leuwih goréng mun ubar ieu dieureunkeun pamakéanna, salian ti éta bisa ngarandapan gejala kayaning parobahan suasana haté, nyeri sirah, kacapéan, sarta parobahan pola saré. Biasana dokter bakal ngurangan dosis ubarna saeutik-saeutik pikeun ngeureunan ubar ieu. Ubar ieu bisa jadi teu langsung gawé sangeus diinum, bisa jadi dina waktu saminggu, bisa ogé nepi ka opat minggu saacan anjeun ngarasakeun éfék nu sapinuhna.[4]

Ngaran lian[édit | édit sumber]

Ieu di handap aya sababaraha ngaran lian ti ubar amitriptilin:[2]

  • Amitriptilina
  • Amitriptylin
  • Amitriptyline
  • Amitriptylinum

Éfék samping[édit | édit sumber]

Efek samping nu bisa karasa sanggeus nginum amitriptilin nyaéta:

Éfek samping nu geus ilahar[édit | édit sumber]

  • Tunduh
  • Lieur
  • Biwir garing
  • Karasa mules jeung diaré
  • Beurat awak nambahan
  • Hésé kahampangan
  • Titinggalian teu jelas

Éfék nu leuwih parna[édit | édit sumber]

  • Serangan jantung. Gejalana kayaning nyeri dada, hésé rénghap, rasa nyeri atawa ngarasa aya nu neken dina bagéan dada.
  • Struk. Gejalana kayaning kalémahan di hiji bagéan atawa sisi awak, hésé ngomong
  • Awak babari gareuneuk memar atawa pendarahan
  • mules
  • ngadegdég
  • kejang otot
  • nyeri beuteung nu parna
  • Nuruna hasrat séksual
  • Utah nu ciga bubuk kopi
  • Pingsan
  • Linglung

Réaksi alérgi nu leuwih parna tina ubar ieu jarang karasa. Lamun éta gejala karasa, geura panggihan dokter pikeun ngungkulan gejala nu karasa. Teu sakabéh jalma nu nginum ieu ubar ngalaman gejala nu geus disebutkeun di handap.

Interaksi Amitriptilin[édit | édit sumber]

Nginum amitriptilin jeung ubar séjén bisa ningkatkeun résiko éfék négatip. Conto ubar nu kaasup nyaéta: [4][6]

  • Topiramate. Nginum ubar ieu jeung amitriptilin bisa ningkatkeun jumlah amitriptilin dina awak. Ieu bisa nyababkeun ningkatkeun résiko éfék samping
  • Cimetidin, nginum ubar ieu jeung amitriptilin bisa ningkatkeun jumlah amitriptilin dia awak ku sabab bisa ngaronjatkeun éfék samping nu aya.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Chemical Identifier Search | Amitriptyline". www.chemspider.com. Diakses tanggal 2020-06-02. 
  2. a b "Amitriptyline". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-02. 
  3. a b c "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-02. 
  4. a b c "Amitriptyline (Elavil) Uses, Dosage, Side Effects". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-02. 
  5. a b "Amitriptyline : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-02. 
  6. a b "Amitriptyline". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-02. 
  7. "Amiodarone and amitriptyline Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10. 
  8. "Amisulpride and amitriptyline Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10. 
  9. "Amitriptyline and anagrelide Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10.