Awi haur

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Awi haur (Bambu Ampel)
Awi haur, Bambusa vulgaris
ti Cihideung Hilir, Ciampea, Bogor
Status konservasi

Secure (NatureServe)[1]
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Supertribus:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Spésiés:
B. vulgaris
Ngaran binomial
Bambusa vulgaris
Sinonim

sinonim selengkapnya pada The Plant List.[5]

Awi haur basa Indonésiana bambu aur/Bambu ampel[6] (Bambusa vulgaris) nyaéta tangkal awi asalna tina kulawarga Bambusoideae, kasebut tangkal awi anu loba kapanggih hiru liar atawa ngahaja dipiara ku lantaran loba mibanda guna jeung mangpaat, awi haur laba kapanggih hirup di Indonesia jeung nagara-nagara séjén anu mibanda iklim tropis jeung ugahari.[7] Awi haur mibanda ngaran atawa sebutan anu béda-béda diunggal daérah ; basa Jawa nyebut tangkal haur téh pring ampel, pring ampel kuning, pring gadhing, jajang ampel, jajang gadhing  ; basa Madura disebut pĕrréng ampél, pĕrréng ghadhing; dina basa Bali katelah tiying ampel, tiying hampyal, tiying puling ; basa sasak nyebutna tĕréng déndéng jeung réa-réa deui.[8] Dina basa Inggris mah disebutna common bamboo atawa clumping bamboo.[9], Sok sanajan henteu pati kuat kana hama awi haur mibanda sababaraha kagunaan sagigireun bahan wangunan, bahan nyieun kertas, iwungna bisa ogé diasakan. Varietas séjén tangkal awi haur aya anu mibanda kelir konéng guguratan héjo (var. striata) anu katelahna haur konéng aya anu nyebut ogé bambu gading lolobanaa tangkal awi haur ieu dipaké pikeun papaés buruan jeung taman, bisa ogé dimangpaatkeun ubar tradisional.

Pedaran[édit | édit sumber]

Iwung jeung tangkal awi haur ngora

Tangkal awi haur hirup ngarungkun mangrupa dapuran/rumpun, tangkal jeung tangkal séjén henteu pati kékép; pugur/rimpang mibanda séké dahan simpodial. iwung mibanda kelir konéng atawa héjo, saluareun tangkalna mibanda bulu lemes anu kelirna coklat aya ogé anu hideung. Jangkung tangkalna bisa nepika 10 méter, aya anu ajeg aya ogé anu doyong, kurang leuwih saméter satengah tina dapuran tangkah haur mimiti aya dahanan ampil diunggal buku nepika tungtung tangkalna, dina sabuku aya 2 nepika lima dahan. Tangkal haur kaitung kandel dagingna dina kaumumana tangkal haur mibanda kandel ti mimiti 5 nepika 7 mili; tangkalna mibanda kelir héjo ngagurulap, konéng atawa semu koneng paselang jeung gurat-gurat héjo, buku-bukuna semu ngajendul kaluar tina tangkalna, buku anu deukeut kana dapuran ngaluarkeun akar sanajan henteu kungsi manyangan akar udara).[10][11]

Séké atawa dahan

Salumpit atawa palapah daun marurag di mana geus mangsana; wanguna segi tilu gedéna kurang leuwih 15–45 cm, beuki ka luhur beuki panjang, mimitina héjo lila kalilaan kelirna robah semu koneng kawas jarami; luarna dipinuhan ku miang/bulu-bulu anu lalemes, merang upama keuna kana kulit (alergi). daunna bijil tina palapah wanguna nyisir sapasang-sapasang, tungtung mencor, karasa semu kasar mangsa diusap.[10][11][11]

Palapah daun

Kembang haur bijil tina tungtug tangkal anu henteu mibanda daun, sagagang-sagagang spikelet dina unggal bukuna, Spikelet wanguna kawas endog leuting, 12-19(-35) × 4–5 mm, gepéng ka tungtungnakeun, diwangun ku 5-10 kembang-kembang anu laleutik /floret.[11]

Tempat hirup[édit | édit sumber]

Salumpit atawa palapah tangkal

Tangkal awi haur loba kapanggih hirup di wilayah tropis saperti : Asia, Afrika, Amerika, jeung Pasifik ogé Australia. Di Asia, tangkal awi haur hirup nepika wewengkon ugahari di Tiongkok jeung Asia Wetan.[12] Asal muasalna tangkal awi haur meureun ti daerah Asia tropis; di Asia Tenggara Awi haur paling loba dipelak utamana di kampung-kampung pikeun pager hirup jeung wates taneuh, aya ogé di sisi susukan, atawa di kota-kota pikeun papaés buruan.[11]

Mikaresep taneuh anu haneut tur jemlék, awi haur bisa hirup di daerah anu mibanda 1.200 m dpl, awi haur tangkalna parendék umpama dipelak di wewengkon anu mibanda 1.000 m dpl. Ditempat-tempat anu mibanda usum halodo leuwih lila ogé bisa hirupngan daunna henteu pati gomplok jeung tangkalna henteui pati gedé, di Asia Tenggara mah komo, loba pisan kapanggih tangkal awi haur hirup disisi susukan, sisi jalan, tegalan, jeung palataran anu teu kaurus tur negrak. Di Malaysa haur hirup kalawan subur dina taneuh urut tambang timah.[11]

Mangpaat[édit | édit sumber]

var. striata

Sanajan tangkalna henteu pati lempeng loba pisan mangpaatna :[11] tihang layar, rancatan;[4] tunjel, pager ; turus pepelakan,jeung sajabana.[8] Di Papua, urang Papua tangkalna dipaké nyieun sisir tradisional jeung koteka.[11] dipaka bahan furnitur, ogé dijieun (pulp) bubur pikeun nyieun kertas.[11]

Iwungna bisa ogé disayur.[8] Cai panggodogan haur konéng dipaké ubar hepatitis.[11]

Rupa-rupa awi[édit | édit sumber]

var. wamin

Diketahui ada tiga macam varietas Bambusa vulgaris:[10][11]

  • B. vulgaris var. vulgaris, tangkalna héjo ngagurilap, dina basa Sunda disebutna awi haur
  • B. vulgaris var. striata, kelir tangkalna konéng, guguratan héjo, katelah awi konéng atawa awi gading
  • B. vulgaris var. wamin, dengan buluh beruas pendek dan menggembung, dikenal sebagai bambu wamin

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. "Bambusa vulgaris". NatureServe Explorer. NatureServe. Diakses tanggal 2011-06-11.  Archived 2013-01-13 di Archive.today
  2.  Bambusa vulgaris was first described and published in Collectio Plantarum 2: 26, pl. 47. 1808. "Name - !Bambusa vulgaris Schrad. ex J.C.Wendl.". Tropicos. Saint Louis, Missouri: Missouri Botanical Garden. Diakses tanggal June 17, 2011. 
  3. Wendland, J.C. 1808. Collectio plantarum tam exoticarum, quam indigenarum, cum delineatione, descriptione culturaque earum, vol. 2: 26, vol. 3: pl. 47. Hannover :Zu haben bei dem Verfasser und in Commission bei den Gebrüdern Hahn, [1808-(1819)].
  4. a b Rumpf, G.E. 1743. Herbarium Amboinense: plurimas conplectens arbores, frutices, ... Pars IV: 16, Tab. 4. Amstelaedami :apud Franciscum Changuion, Hermannum Uttwerf. MDCCXLIII.
  5. The Plant List: Bambusa vulgaris Schrad. ex Wendl. Archived 2023-07-29 di Wayback Machine
  6. KBBI daring: Haur
  7. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Jakarta: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. ISBN '- Check |isbn= value (bantuan). 
  8. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia I: 337-8. Badan Litbang Kehutanan, Departemen Kehutanan. Jakarta. (versi berbahasa Belanda -1922- I: 279-80.)
  9. Plantamor: Bambu ampel
  10. a b c Widjaja, E.A. 2001. Identikit jenis-jenis bambu di Jawa: 35-6. L.f. 9. Bogor: Puslitbang Biologi LIPI.
  11. a b c d e f g h i j k Widjaja, E.A. 1995. "Bambusa vulgaris Schrader ex Wendland". Archived 2016-08-28 di Wayback Machine in Soejatmi Dransfield & E.A. Widjaja (Eds). Plant Resources of South-East Asia No. 7 Bamboos: 74=8. Bogor :PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation. [Internet] Record from Proseabase. Accessed 19-Apr-2016
  12. GrassBase: Bambusa vulgaris

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan