Aya Sopia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Aya Sopia

Aya Sopia atawa Hagia Sofia  nyaéta musium anu panggedéna jeung pangalusna sadunya, ayana di Istanbul Turki[1]. Panalungtik sajarah nyebutkeun yén Aya Sopia mangrupakeun Keajaiban Dunia Kedelapan, lantaran kawéntar ku ciri has seni jeung arsitékturna. UNESCO ngajenengkeun Aya Sopia jadi situs warisan dunia. Taun 1453 Aya Sopia jadi saksi sajarah transisi kakawasaan di Istanbul (baheula Konstantinopel) ti sistim Katolik Ortodoks ka sistim pamaréntahan Islam. Sanggeus ngadeg 500 taun, di taun 1934 Aya Sopia robah deui fungsina jadi musium. 11 Juli 2020, Aya Sopia robah deui fungsina jadi masigit, diistrénan ku Présidén Erdogan[2].

Sajarah[édit | édit sumber]

Baheula fungsi Aya Sopia nyaéta tempat ibadahna urang Kristen Ortodoks. Ieu tempat, mimiti diwangun taun 360 M, nalika Kaisar Bizantium Constantius jadi pamingpin di Konstantinopel (ayeuna Istanbul)[3]. Di taun 395-408 aya konflik pulitik di kulawarga Kaisar Arkadios. Akibatna, di taun 404 M struktur wangunan Arya Sopia ancur diduruk[3]. Taun 415 M, Aya Sopia diwangun deui ku Kaisar Arkadios. Di taun 527-565 Aya Sopia diruntuhkeun deui lantaran konflik pulitik. Di taun 537 Aya Sopia réngsé diwangun. 27 Desember taun 537 M, Aya Sopia mimiti dipaké pikeun tempat ibadah ibadah[3].

Kekaisaran Bizantium[édit | édit sumber]

Udagan awal diwangunna Aya Sopia pikeun jadi simbol Kekaisaran Bizantium. Di taun 360 M, éta wangunan téh dimekarkeun jadi garéja (tempat ibadah) pikeun masarakat Katolik Ortodoks. Di taun 1344 daérah Konstantinopel (ayeuna Turki) kamusibahan gempa bumi, anu ngalantarankeun wangunan Aya Sopia ancur. Akibatna Aya Sopia ditutup heula pikeun tempat ibadah[4].

Kesultanan Ottoman[édit | édit sumber]

Di taun 1453 aya kajadian Perang Salib, antara Bizantium jeung Ottoman. Hasil ahirna, Kesultanan Ottoman mampuh ngéléhkeun Kekaisaran Bizantium. Kesultanan Ottoman dipingpin ku Sultan Mehmed II. Hal ieu ngalantarankeun sistim pamaréntahan ngilu robah, ti sistim Ortodoks ka sisitim pamaréntahan Islam. Aya Sopia anu jadi simbol tempat ibadah urang Kristen, rubah fungsi jadi masigit. Ornamén-ormén di Aya Sopia dipinuhan ku kaligrafi karya seniman Kazasker Mustafa Izzet[4].

Kapamingpinan Kemal Ataturk[édit | édit sumber]

Kekaisaran Ottoman di Konstantinopel ancur. Sistim pamaréntahana ngilu robah, jadi Nagara Républik. Ngaran nagara ogé ngilu robah, anu asalna Konstantinopel, jadi Turki. Pamingpin munggaran nagara Turki nyaéta Kemal Ataturk. Fungsi Aya Sopia anu tadina masigit, robah jadi musium. Ornamén jeung karya seni antara dua agama (Islam jeung Kristen) jadi ciri has wangunan Aya Sopia. Lantaran miboga kasang tukang sajarah anu penting, sarta kawéntar ku karya senina, di taun 1985, Aya Sopia dilélér kalungguhan salaku warisan dunia ku UNESCO[4].

Kapamingpinan Erdogan[édit | édit sumber]

Di taun 2020, Aya Sopia robah deui fungsina jadi masigit nalika Erdogan mingpin Turki. Masarakat Islam di Turki, bisa ngalaksanakeun kagiatan ibadah di Aya Sopia[4].

Ornamén[édit | édit sumber]

Aya Sopia mimiti diwangun udaganana pikeun tempat ibadah (garéja)[5]. Kaisar Justinian I, maréntahkeun dua arsiték anu kawéntar pikeun ngararancang desain Aya Sopia sangkan jadi wangunan anu miboga ciri has kekaisaran Bizantium anu éndah. Dua arsiték éta téh nyaéta Isidorus Miletus (ahli fisika jeung matématika) jeung Anthemius of Tralles (ahli matématika jeung géométri)[5]. Aya Sopia diwangun  ku cara ngagabungkeun  téhnik tradisional basilika Ortodoks[6]. Ciri hasna miboga kubah anu gedé. Sakabéh propinsi anu aya di Konstantinopel kudu ngirimkeun karya arsitéktur panghadéna keur ngawangun Aya Sopia. Bahan baku pikeun nyieun lalangit dikirim ti Suriah jeung Anatolia (ayeuna Turki Timur). Batu bata dikirim ti nagara Afrika[6].

Daftar Référénsi[édit | édit sumber]

  1. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat. p. 41. ISBN 979-3631-93-7. 
  2. "Sejarah Hagia Sophia, Museum yang Dijadikan Masjid oleh Erdogan". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-06. 
  3. a b c Saputra, Eka Yudha. "Sejarah Hagia Sophia: Dari Gereja, Masjid, hingga Museum". Tempo. Diakses tanggal 2021-04-06. 
  4. a b c d Kustiani, Rini. "4 Era Penting dalam 1500 Tahun Sejarah Hagia Sophia". Tempo. Diakses tanggal 2021-04-06. 
  5. a b Times, I. D. N.; Arywono, Bandot. "7 Fakta Keindahan Hagia Sophia yang Kembali Disahkan Menjadi Masjid". IDN Times (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-04-06. 
  6. a b "Menilik Gereja dan Masjid dalam Rangkulan Hagia Sophia, Turki". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-04-06.