Babakoan
Babakoan (Rhizophora) | |
---|---|
Rhizophora mangle | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Rhizophora |
Spésiés | |
Sababaraha, tempo téks | |
Sinonim | |
Mangium Rumph. ex Scop.[1] |
Babakoan (basa Indonésia: bakau atawa mangrove) nyaéta salah sahiji tatangkalan anu asalna tina kulawarga rhizophoraceae.[2] Babakoan bisa hirup di ranca-ranca basisir laut, akarna anu pabeulit sarta tangkalna bisa nyaluyukeun manéh jeung pangsétna cai laut. Babakoan ogé bisa hirup sok sanajan kakeueum ku galura cai laut dina kaayaan oksigén nu saeutik (anoxic) lantaran akar babakoan téh boga lolongkrang hawa anu béda jeung akar tangkal anu lianna, nyaéta bisa nyaring cai uyah pikeun nyukupan kabutuhan oksigéna.[3] Éta pisan anu nyababkeun tangkal bababoan bisa hirup dina cai anta.[2][4]
Guna jeung mangpaat
[édit | édit sumber]Tangkal babakoan gedé pisan mangpaatna. salah sahijina nyaéta pikeun ngajaga basisir tina abrasi dina mangsa aya galura anu gedé atawa nalika aya tsunami.[5] Mangpaat séjénna nyaéta pikeun témpat lauk-lauk baranahan atawa ngadon nyumput.[3] Di nagara Jepang mah salah sahiji usaha pikeun panangkal datangna tsunami téh nyaéta nyieun Green Belt ku cara melak babakoan anu engkena hirup kekep jadi leuweung tangkal babakoanu dina sapanjang basisirna. Sabalikna, di Indonésia mah malahan tsunami bisa jadi hiji ancaman beurat, ku lantaran aya kana 28 wilayah leuweung babakoan anu geus robah dijieun usaha tambak.[3]
Panaluntikan mangpaat babakoan
[édit | édit sumber]Numutkeun kana hasil panalungtikan anyar, nétélakeun kacida pentingna pikeun ngabinihkeun katut ngarekahkeun leuweung babakoan pikeun lauk terumbu karang jeung sasatoan séjénna bisa baranahan.[5] Séjén tiéta tangkal babakoan tropis mibanda akarna anu ngarungkun kana sédimen antara cai laut jeung pasisir, mangrupa imah pikeun sasatoa liar anu henteu saeutik jumlahna. di antarana waé, kukupu, manuk, oray, buaya, dan kapiting jeung sajabana malahan di India, maung Bengal (Panthera tigris) ngadon gogolehéan dina dahan tangkalna.[5] Pamangih ieu kawilang péntingna, lamun mah niténan kumaha gancang orotna sasatoan pangeusi trumbu karang. Dipercaya pisan usaha pikeun ngamumule jeung ngalestarikeun babakoan ieu diperlukan pikeun ngajaga liang-liang anu aya dina trumbu karang, anu mangrupa jalan liliwatan pikeun sasatoan karang atawa ekosistemkarang. tangtuna ogé bisa ngaronjatkeun hasil tatanen laukna.[5]
Tutumbu luar
[édit | édit sumber]Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ a b "Genus: Rhizophora L.". Germplasm Resources Information Network. United States Department of Agriculture. 2006-05-12. Diakses tanggal 2010-11-27.
- ↑ a b Arief. M.P, Ir. Arifin (2003). Hutan Mangrove, Fungsi dan Manfaatnya. Jakarta: Kanisius. p. 331. ISBN 979210558-1. Diakses tanggal (disungsi – 6 Juni 2020).
- ↑ a b c Siburian, Jonh Haba, Rober (2016). Konservasi Mangrove dan Kesejahteraan Masyarakat. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 58. ISBN 9789794619933. Diakses tanggal (disungsi – 6 Juni 2020).
- ↑ Supriatna, Jatna (2008). Melestarikan alam Indonesia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. p. 20. ISBN 9789794616963. Diakses tanggal (disungsi – 7 Peb 2021). Tempat hirup
- ↑ a b c d Barbier, Suthawan Sathirathai, Edward (2004). Shrimp Farming and Mangrove Loss in Thailand. Bangkok: Edward Elgar Publishing. p. 52. ISBN 9781843769668. Diakses tanggal (disungsi – 6 Juni 2020).