Bawang batak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bawang batak
Closeup photograph of flowerhead
Botanical illustration
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Spésiés:
schoenoprasum
Sinonim[2]
Gambar:Bawang batak.jpg
Lokio atau bawang batak

Bawang batak (allium schoenoprasum; Basa Inggris: chives) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga amaryllidaceae. [3] Bawang batak wujudna sarua baé jeung bawang daun atawa bawang kucay, pédah palebah puhu tangkal leuwih panjang sarta kelir leuwih bodas ditambah daunna leuwih leutik tur leuleus.[3] Bawang batak (lokio) masih barayana bawang beureum, pedah rasana teupati nyereng ngan kaangseuna leuwih kuat.[4] Remen dimangpaatkeun pikeun olahan sambel, utamana sabangsaning lauk pikeun ngurangan bau hanyir. [4]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Bawang batak remen dimangpaatkeun pikeun bahan campuran asinan, sambel jeung réa-réa deui.[5] Ieu sayur sok disebut lokio, tapi aya ogé anu nyebutkeun sayur bawang batak. Bawang ieu disebut bawang batak alatan loba kapanggih dipaké dina olahan-olahan has Batak, contona arsik.[5] Tapi ka dieunakeun ku majuna zaman, lokio atawa bawang batak ogé dipaké dina olahan séjén, kayaning ngagoréng hayam, lauk, daging, jeung sajabana.[5]

Siki/Binih[édit | édit sumber]

Sikina dihasilkeun dina kapsul leutik, tilu klep, anu asak dina usum panas.[6] Kembang ligar ti bulan April dugi ka Méi di beulah kidul zona habitat na sareng Juni di beulah kalér. [6] [7]

Spésiés[édit | édit sumber]

Daun bawang ieu mangrupi hiji-hijina spésiés Allium anu asli tina Anyar sareng Dunya buhun. Sakapeung, tutuwuhan anu aya di Amérika Kalér digolongkeun kana A. schoenoprasum var. sibiricum , sanaos ieu dibantah. Bedana spésimén penting. Hiji conto kapanggih di beulah kalér Maine anu tuwuh nyalira, ogé nunjukkeun kembang kulawu anu surem. [3]

Hama[édit | édit sumber]

Daun bawang batak arang langka kaserang ku hama alatan ngahasilkeun sanyawa walirang anu teu dipikaresep ku hama, tapi kembangna dipikaresep ku nyiruan, ku kitunaieu tutuwuhan remen ngahaja dipiara pikeun nyayagikeun néktar pikeun nyiruan piaraan atawa gegeremet séjéna. [8]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Maxted, N. & Rhodes, L. (2016). Allium schoenoprasum. The IUCN Red List of Threatened Species 2016: e.T172256A19391728. Citakan:DOI Downloaded on 05 January 2019.
  2. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama plantlist
  3. a b c . 088192511X. 
  4. a b RAMADHAN, M; Sa'diah multi karina, Endang tuti amrihati (2001). EARNING EBOOK on Google Play. Jakarta: AgroMedia. p. 99. ISBN 9789790061941. 
  5. a b c Brotodjojo, Linda Carolina (2013). Hidangan Halal Khas Dari Tano Batak. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 30. ISBN 9786020352848.  Disungsi Maret 2021
  6. a b Allium schoenoprasum factheet, ti pusat Kemper pikeun ngebon bumi, dicandak tanggal 13 Juni 2006, dumasar kana posisi Taman Botani (Missouri)
  7. allia / alliu / allisch.html Gräslök, ti Den virtuella floran, dicandak tanggal 13 Juni 2006, Fakta anu disebatkeun dina situs dilarapkeun ka Swédia, anu aya di beulah kalereun zona habitat.
  8. Baines. C. Ngadamel Taman Satwa. 0

Citakan:Bahan-masakan-stub Citakan:Tumbuhan-stub Citakan:Botani-stub Karegori:amaryllidaceae