Bijanggut
| Bijanggut | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | M. arvensis |
| Ngaran binomial | |
| Mentha arvensis | |
Bijanggut (Mentha arvensis) nyaéta spésiés Mentha pituin wewengkon haneut Éropa jeung Asia kulon jeung tengah (wétaneun Himalaya jeung Siberia wétan)[1][2][3]. Ieu téh terna taunan nu jangkungna 10–60 cm. Daunna papasangan patotonggong, basajan, panjangna 2–6,5 cm, lébarna 1–2 cm, buluan. Kembangna bungur pias (kalan-kalan bodas atawa kayas), panjangna 3–4 mm[3][4][5].[6]
Aya genep subspésiés bijanggut:[1]
- Mentha arvensis subsp. arvensis.
- Mentha arvensis subsp. agrestis (Sole) Briq.
- Mentha arvensis subsp. austriaca (Jacq.) Briq.
- Mentha arvensis subsp. lapponica (Wahlenb.) Neuman
- Mentha arvensis subsp. palustris (Moench) Neumann
- Mentha arvensis subsp. parietariifolia (Becker) Briq.
Mentha canadensis, dulur deukeut bijanggut, ku sabagian ahli dianggap saspésiés béda variétas: M. arvensis var. glabrata Fernald (kapanggih di Amérika Kalér) jeung M. arvensis var. piperascens Malinv. ex L. H. Bailey (kapanggih di Asia wétan)[7][8].
Mangpaat
[édit | édit sumber]Ku masarakat Sunda, sacara tradisional bijanggut sok dipaké natambaan nu anyar ngajuru[9].
Bijanggut ogé mibanda pangaruh farmakologis kayaning : astringent, antipiretik, carminative sarta antispasmodika.[10] Bisa digunakeun pikeun ngubaran kasakit ayan, karminatif, bronkhitis, batuk, asup angin, gangguan datang bulan peradangan dina beuteung, diaré, lieur, sesek napas (eungap), insominia, sarta diaforetik.[10]
Rujukan
[édit | édit sumber]- Mentha arvensis. Wikipédia basa Inggris. Disalin 21 Oktober 2008.
- 1 2 Euro+Med Plantbase Project: Mentha arvensis Archived 2011-07-18 di Wayback Machine
- ↑ Germplasm Resources Information Network: Mentha arvensis
- 1 2 Flora of NW Europe: Mentha arvensis
- ↑ Blamey, M. & Grey-Wilson, C. (1989). Flora of Britain and Northern Europe. ISBN 0-340-40170-2
- ↑ Huxley, A., ed. (1992). New RHS Dictionary of Gardening. Macmillan ISBN 0-333-47494-5.
- ↑ Heyne, K. (1913). De nuttige planten van Nederlandsch-Indië, tevens synthetische catalogus der verzamelingen van het Museum voor Technische- en Handelsbotanie te Buitenzorg. Museum voor Economische Botanie (Bogor, Indonesia): Batavia, Ruygrok. hlm. 126. Disungsi21 Januari 20223 Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name. - ↑ Germplasm Resources Information Network: Mentha canadensis
- ↑ Quattrocchi, Umberto (1947). CRC World dictionary of plant names: Common names, Scientific Names, Eponyms, Synyonyms, and Etymology. Vol. III M-Q. CRC Press. hlm. 1659.
- ↑ Rosita SMD, Otih Rostiana, ER Pribadi & Hernani (2007). Penggalian Iptek etnomedisin di Gunung Gede Pangrango. Bul. Littro. Vol. XVIII No. 1: 13 - 28 Archived 2009-07-11 di Wayback Machine
- 1 2 Hariana, H. Arief (2013). 262 Tumbuhan Obat dan Khasiatnya. Jakarta: Kanisius. hlm. 284. ISBN 9789790026131. Diaksés tanggal 24 Januari 2020.