Bugis (kadaharan)
- Pikeun hiji séké séler nu ngaranna saru jeung kagunaan lianna, tempo Bugis (disambiguasi).
| Bugis | |
|---|---|
Gambar bugis asak anu dibungkus kénéh | |
| Nami séjén | Mendut |
| Jinis | Kuéh baseuh |
| Asal | Indonésia (Sunda) |
| Bahan utama | Tepung ketan, cipati, unyi (kalapa & gula beureum) |
| Bungkus | Daun cau |
Bugis nyaéta salah sahiji jenis kuéh baseuh tradisional anu dijieun tina tepung ketan anu dieusian ku unyi (campuran kalapa parud jeung gula beureum). Ieu kuéh miboga tékstur anu hipu sarta raosna amis. Di masarakat Sunda, bugis téh mindeng kapanggih dina rupa-rupa acara adat, saperti seserahan nikah, tahlilan, atawa hajatan sanésna.
Bugis nyaéta salah sahiji kadaharan ti Jawa Kulon nu miboga rasa amis. Bahan anu dipaké pikeun nyieunna nyaéta tipung ketan, gula bodas, jeung cipati atawa kalapa nu meunang marud.[1]. Kadaharan bugis dibungkus maké daun cau. Cara ngasakanana nyaéta diseupan. Ieu kadaharan téh lolobana aya di wewengkon Garut, Subang, Tasikmalaya jeung Ciamis.[1]
Kitu deui di Sumatera (Padang) ilahar dipiwanoh Lapek Bugis atawa Lepat Bugis, nu ngabédakeunna, maké tipung ketan hideung sarta entén kalapa diasakan jeung gula bodas lain gula beureum.[2] Dibungkusna kawas wangun piramida, lain pasagi ciga di Jawa.[2] Di Jawa ilahar dipiwanoh Mendut, bahanna méh sarua jeung bugis nu aya di Jawa Kulon, dibungkus ku daun cau.[2]
Tinggali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 Resep Kue Bugis
- 1 2 3 "Kue Bugis Gurih Nan Legit". detikfood (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2017-11-30. Archived 2022-05-27 di Wayback Machine
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |