Candi Kalasan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Candi Kalasan

Candi kalasan nyaéta candi anu pernahna di Désa Kalibening, Tirtamani, Kabupatén Sléman, Daérah Istiméwa Yogyakarta.[1] Ieu candi diadegkeun dina abad ka-9 wangunna mibanda wanda ageman Buddha [2]. Salah sahiji prasasti anu aya dina éta candi mibanda tulisan kalasan, ku kituna ieu candi minangkana ngan hiji-hijina candi anu mibanda tulisan dina prasastina loyog jeung tempat di mana ngadegna éta candi.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Dumasar kana prasasti kalasan, Candi Kalasan diwangun dina taun 778 M ku kulawarga Sailendra maksudna pikeun tempat nyembah Déwi Tara [4], anu mana disajeroeun éta Candi aya hiji arca Déwi Tara anu dijieun tina bahan parunggu éta Déwi Tara téh taya lian istrina Buddha.[5] Ku lantaran kitu ieu Candi Kalasan ogé sok disebut Candi Tara. [6]

Candi Kalasan atawa candi Kali bening dijieun mangsa Raja Panagkaran anu taya lian raja kadua ti karajaan Mataram Hindu.[4] Raja-raja Mataram Hindu téh dimimitian ku Raja Sanjaya, Srimaharaja Rakai Panangkaran, Srimaharaja Rakai Pikatan, Srimaharaja Rakai Kayuwangi, Srimaharaja Ratu Watuhulumalang, jeung Srimaharaja Rakai Watukara Dyah Balitung Dharmadoya Mahachambu.[4]

Prasasti Kalasan titimangsa 700 Saka atawa 778 M

Sawaréh arkéolog mibanda pamadegan, ieu Candi Kalasan geus dipugar aya kana tilu kalina.[1] Hal ieu dumasar kana ayana opat bagéan suku candi anu leuwih maju ka hareup.[1] Di sagigireun éta aya hiji urut ngagurat anu ngahaja dijieun pikeun kaperluan restorasi dina taun 1927 sarta 1929 ku Van Romondt, hiji ahli purbakala urang Walanda.[1] Kiwari Candi Kalasan masih dipaké pikeun tempat ibadah urang Buddha, hususna aliran Tantra Buddha sarta devotees anu muja ka déwi Tara[1].

Arsitéktur[édit | édit sumber]

Candi kalasan mibanda opat panto, ngan anu bisa dipaké asup nepi ka jero candi ngan hiji taya lian ti panto beulah wétan dumasar kana ieu panto asup, bisa disebutkeun ieu candi téh nyanghareup ka beulah wétan [7]. Ditempo tina wujudna Candi Kalasan mah mibanda relief/ukiran anu leuwih éndah ti batan candi anu séjénna [8]. Hal ieu dikuatkeun ku pamanggih salah saurang arkéolog salaku kokolot déwan kabudayaan Yogya ngeunaan kaéndahan tur kaunikan ieu candi, malahan mah bisa nandingan kaéndahan Candi Séwu.[8]

Papaés Lawang panto ka candi

Wangunan Candi ngajungjulang jangkung aya kana duapuluh méter tina luhureun taneuh, upama diitung jeung luhur pasir tempat éta candi ngadeg ayakana 34 m.[8] Candi Kalasan napak dina salasar anu ngurilingan candi legana 45X45 m.[8] Unggal pipir candi mibanda panétéan paranti asup ka jero candi kénca jeung katuhu dipapaésan ku sapasang sirah naga dina lawang asup.[8] Di hareupeun panétéan dikuriling ku ubin batu beunang ngentepkeun.[1]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f "Kepustakaan Candi". Perpustakaan Nasional. 1 Juni 2014. Diakses tanggal 16 April 2017. 
  2. "Ilmu Pegetahuan Sosil". Yudhistira Ghalia Indonesia. Diakses tanggal 16 April 2017. 
  3. Ridho Hidayat (2015-08-9). "Menikmati Keelokan Candi Kalasan". sindonews. Diakses tanggal 2017-05-11. 
  4. a b c Wendoris, Thomas (2008), Mengenal Candi-candi Nusantara, Pustaka Widyatama, p. 22-23, ISBN 979-610-236-6 
  5. Forum Tenor (2015). "Bahas Tuntas 1001 Soal IPS". Di Dedy GNR. Bahas Tuntas 1001 Soal IPS SD Kelas 4, 5, dan 6. Yogyakarta: Pustaka Widyatama. ISBN 979-610-350-8. 
  6. Dwi Fajar Sejati (2015). "Seputar Indonesia". Di Linda, Tesa. RPUL: Rangkuman Pengetahuan Umum Lengkap SD Kelas 4, 5, & 6. Jakarta Selatan: Cmedia Imprint Kawan Pustaka. p. 274. 
  7. "New York Buddhist Temple for World Peace". Kadampanewyork.org. 1997-08-01. Diakses tanggal 2012-06-20. 
  8. a b c d e Jordan, Roy (2009), Memuji Prambanan: Bunga Rampai Para Cendekiawan Belanda tentang Kompleks ..., Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia, p. 18 - 296, ISBN 978-602-433-210-5 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Baca ogé[édit | édit sumber]


Nulis.jpg