Cariang
| Chariang | |
|---|---|
| Aglaonema commutatum | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | Aglaonema |
| Spesies | |
|
Lihat teks. | |
Chariang; (aglaonema simplex) nyaéta tatangkalan nuasalna tina kulawarga Araceae.[1] Genus Aglaonema kalayan mibanda 30 spesies.[1] Chariang hirup kalawan subur di tempat nu kaayaana 700 méter dpl tur teu kahieuman, dina taneuh jemlék tur ngeprul.[2] Chariang loba kapanggih dimangpaatkeun keur papaés buruan, ditunda dina pot atawa jadi pager hirup.[2] Kiwari chariang loba dijadikeun kembang nu loba wandana hasil tina kawin silang nu dijual beulikeun kalawan harga nu lumayan mahal, gumantung kana kaayaan tur kaséhatan tangkalna.[2] [3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Daun chariang rupa-rupa wujudna, aya nu lonyod, lanset, kawas daun écéng, aya ogé nu panjang.[2] Panjangna kurang leuwih 10-45 cm, kelir dauna héjo paselang jeung totol-totol bodas.[2] Tangkal na katutup palapah daun, katémbong di mana umurna geus manjing ka kolot atawa jangkung ku lantaran daun kolotna lalésotan.[2] Bonggol atawa beutina ka karimunan ku akarna, panjang kurang leuwih 1-5 cm.[2] Beuki panjang beuti chariang, beki loba anak tangkal cariang nu bisa direkahkeun.[2] Kembang chariang lonyod semu méncos, panjangna 8-10 cm.[2] Kelirna bodas, bijil tina sela-sela palapah daun.[2]
Spesies alam
[édit | édit sumber]Aya sababaraha rupa spésiés chariang (aglonema) nu aya di alam liar:
- Aglonema commutatum
- Aglonema pictum
- Aglonema modestum
- Aglonema ovatum
Ieu spesies alam mangrupa bibit buit tina Aglonema hibrida, nu kiwari loba dijual beulikeun.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Rigg, Jonathan. A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard1862: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. Diaksés tanggal 29 Nopémber 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 Junaedhie, Kurniawan. Panduan Praktis Perawatan Aglaonema. Jakarta2000: AgroMedia. ISBN 9789790060111. Diaksés tanggal 29 Nopember 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
- ↑ Heyne, K. (1913). DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. hlm. 155. Diaksés tanggal (disungsi) 10 Mei 2021.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |