Cilor
| Cilor | |
|---|---|
Cilor anu nuju diprosés nganggo loyang citakan leutik. | |
| Jinis katuangan | Jajanan sisi jalan (Street food) |
| Bahan utama | Tipung aci, endog hayam |
| Cara masak | Digoréng nganggo citakan |
| Asal | Jawa Kulon, Indonésia |
| Sunda akronim | Aci ditélor |
Cilor (singgetan tina: aci ditélor) nyaéta jajanan has Jawa Kulon anu dijieun tina potongan aci (anu parantos dikulub) tuluy digoréng babarengan sareng kocokan endog hayam. Ieu katuangan biasana asak dina wangun kotak-kotak leutik saluyu sareng citakanana, sarta disuguhkeun nganggo bumbu bubuk rasa lada atanapi asin. Cilor nyaéta salah sahiji jajanan has ti Bandung anu masih kénéh sajenis jeung réngrénganana saperti cilok, cimol, miboga bahan dasar aci, digoréngna dicampurkeun jeung endog / Telor.[1] Biasana dipidangkeun maké bungbu palengkeup saos, sambel jeung kécap. aya ogé tambahan lianna saperti maké bungbu bubuk lada atawa kéju.[2] Kiwari ieu jajanan lain saukur jadi kadaharan anu has ti Bandung, tapi geus sumebar ka sakuliah Jawa Kulon jeung Jakarta.[2] Biasana cilor sok dijual di sakola-sakola SD, atawa dijual maké gorobag surung nu biasa nguriling dikampung-kampung.[2] Salian ti rasana nu ngeunah, hargana ogé murah, ku sabab éta cilor téh jadi jajanan kameumeut barudak leutik.[2]
Cara nyieun
[édit | édit sumber]Bahan nu diperlukeun pikeun nyieun cilor, di antarana saperti tarigu, aci, bawang bodas, endog, bungbu bubuk, uyah, jsb.[3] Cara nyieunna mah teu béda jauh jeung nyieun ciréng, tapi keur cilor mah citakna pasagi leutik-leutik.[3] Geus kitu tuluy abuskeun ka cai nu geus ngagolak, mun geus asak, jait.[3] Panaskeun lisah kalapa dina katél atawa citakan bakwan, tuluy asupkeun aci nu geus dikulub tadi, tambahan maké endog nu geus meunang ngocok.[3] Geus kitu mah kari tungguan nepi ka asak.[3]
Tinggali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Resep Cilor Makaroni yang Enak Sekali". Widhiaanugrah.com (Dina basa Indonésia). 2015-11-21. Diaksés tanggal 2017-10-12. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link) Archived 2018-02-02 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 Safira, Maya. "Cilor dan Cimin, Jajanan SD Populer Berbahan Aci". detikfood (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2017-11-01. Archived 2020-09-27 di Wayback Machine
- 1 2 3 4 5 "Resep Cilor (aci telor) oleh Nindy Berliana". Cookpad (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2017-11-01.
| Artikel ngeunaan dahareun jeung inuman ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |