Debus Garut

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
debus Garut dilakukeun ku ahli (ulah coba-coba sorangan!)

Debus Garut nyaéta salah sahiji kasenian tradisional rahayat Jawa Barat anu perenahna di Pameungpeuk Kabupatén Garut, ayana ieu kasenian téh dina abad ka-13 ku salah saurang inohong penyebar Agama Islam, nalika di daérah éta encan mikawanoh kana ajaran agama Islam. Inohong anu nyebarkeunna téh sok disebut Mama Ajengan.[1]

Étimologi[édit | édit sumber]

Debus asal tina kecap gedebus, ngaran pakakas anu seukeut anu bahana tina beusi anu beulah sisina seukeut.[2] Pakakas ieu osok dipaké nalika mintonkeun debus.[2] Ku sabab kitu ku masarakat sok nyebut elmu kawedukan, kasaktian anu ditongtonkeun.[2]

Pintonan[édit | édit sumber]

Biasana pamaén debus ku lalaki, tapi sangkan bisa mintonkeun ieu kasenian kudu puasa antara 7 nepi ka 40 poé (mati geni).[2] Sarat-sarat jadi pamaén debus téh nyaéta lalaki atawa awéwé anu umurna 10 taun nepi ka 50 taun anu agamana Islam.[2] Baju anu dipaké nalika mintonkeun ieu kasenian téh nyaéta baju kamprét warna hideung jeung maké iket atawa lomar.[2] Jumlah pamaén antara 12 nepi ka 15 urang, masing-masingna miboga peran aya anu tukang nabeuh kendang saurang, nabeuh rebana saurang, nabeuh dogdog atawa tingtit dua urang, nabeuh kecrék saurang, nu maca jikir 4 urang, sésana pamaén 5 urang jeung saurang dalang anu ngarangkep jadi pamaén[2]. Nalika mintonkeun sok dipirig ku musik jeung lagu-lagu anu pupujian anu ngagungkeun Gusti Alloh SWT jeung Kangjeng Nabi Muhammad SAW, sair laguna basa Arab saperti kieu:[2] Ibadallah rijalallah
Aqisuna liajlillah Waqunu aonana fillah Asa nabdho bifadillah
Waya aqta waya anjah
Waya sadatu ya ahbab Wa antum ya solil albab Ta'ala wansuru lillah

Saalnakum saalnakum Walizufa rojaonakum Walif amrin kosodnakum Pasusu azmakum lillah Fata Robbi bisadati Takaqokli isarati Asatati bisarati Wa yaspu waktuna lillah Mikasfil hajbi an aeni Wa raf il baeni min baeni Wa tamsil kaefi wal seni Ainuril wajhiya Allah

Solatulloh hi maolana Ala man bil hudajana Wa man bilhaqi aulana

Safiil haqi indallah,jst.... Pintonan kasenian debus disaluyukeun jeung kabutuhan, artina bisa isuk-isuk, beurang atawa soré jeung peuting.[2] Salain ti éta bisa dipintonkeun di tempat terbuka.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Debus di Garut (Dicutat tanggal 20 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j [Rostiyati, Ani dkk.(2004).Potensi Wisata Di Daerah Pameungpeuk Kabupaten Garut.Bandung: Kementrian Kebudayaan dan Pariwisata Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung Proyek Pemanfaatan Kebudayaan Daerah Jawa Barat.) (kaca 36)