Galatik
Pidangan
| Galatik | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | L. oryzivora |
| Ngaran binomial | |
| Lonchura oryzivora | |
| Sinonim | |
|
Padda oryzivora | |
Galatik (Padda oryzivora) nyaéta manuk leutik hirup éndemik di Indonesia hususna pulo Jawa jeung Bali.[2][3] Galatik katelah ogé : Java Finch, Java Rice Finch, Java Sparrow, manuk galatik kawilang leutik, panjang awakna tina pamatuk nepi ka buntut kurang leuwih 5-6 inchi, gerakanna tanginas uclag-aclog tara aya kacapé.[4] Loba anu ngahaja ngingu ieu manuk ku lantaran henteu mikabutuh kandang anu gedé (méakkeun tempat), gampil maraban, tur henteu gampang kaserang panyakit.[4] Sanajan galatik manuk leutik, tapi upama dipiara kalawan tulatén mah ieu manuk bisa hirup 10 taun malahan leuwih.[4] Kiwari ieu manuk geus arang langka katempo hirup liar ku lantaran loba ditaréwakan pikeun dijual.[3]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]- Manuk galatik bulu awakna hawuk (abu-abu), dina sirahna hideung, pipina bodas.[4]
- Pamatukna oranyeu semu beureum, sukuna oranyeu béngras, palebah matana dikurilingan ku bulu oranyeu ipis.[4]
- Kahakanannana sisikian, kacang jeung sayuran.[4]
- Galatik mah manuk borangan, mangsa miara ieu manuk kudu aya baturna naha sajodo atawa leuwih.[4] Lamun henteu kitu manuk galatik moal betah, gampang nguyung anu antukna paéh.[4]
- Galatik batu
- Galatik mungkuk
- Galatik Jawa
- Galatik Hawai
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ {{{assessors}}} (2012). "Padda oryzivora". IUCN Red List of Threatened Species. Version 2013.2. International Union for Conservation of Nature. Diaksés tanggal 26 November 2013.
- ↑ Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. hlm. 192. ISBN -. Diaksés tanggal 15 Desember 2019. ; Salah ngutip: Parameter "”" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name. - 1 2 J. Whitten, Roehayat Emon Soeriaatmadja (2013). Ecology of Java & Bali. Jakarta: Tuttle Publishing. ISBN 9781462905041.
- 1 2 3 4 5 6 7 8 "Java Finches as Pets". thespruce. 2007-03-28. Diaksés tanggal 2017-07-06.[tumbu nonaktif]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |