Gunung Sangay

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Gunung Sangay
Sangay2.jpg
Gunung Sangay
Titik pangluhurna
Luhurna5,300 m (17,400 ft) [1][2]
Prominén1,588 m (5,210 ft)  [3]
Kadaptar diUltra
Koordinat2°0′9″S 78°20′27″W / 2.00250°S 78.34083°W / -2.00250; -78.34083Koordinat: 2°0′9″S 78°20′27″W / 2.00250°S 78.34083°W / -2.00250; -78.34083[4]
Panamaan
TarjamahanSieunan[5]
Basa ti namaQuechua
Panyebutan[saŋˈɡai]
Géografi
LokasiÉkuador
Pagunungan indukPagunungan Andés
Geologi
Jenis gunungGunung seuneu corong
Busur/beubeur vulkanikZona Vulkanik Kalér
Bitu pangahirna1934 to present
Pamanjatan
Pandakian mimiti4 Agustus 1929[5]
Rute panggampangnaRock/Snow climb[6]
Puncak Gunung Sangay

Gunung Sangay (dipikawanoh ogé kalawan ngaran Macas, Sanagay, jeung Sangai)[7] nyaéta hiji gunung seuneu aktip kalawan tipeu stratovolcano anu aya di Propinsi Morona Santiago, Ékuador. Gunung ieu aya di jajaran pagunungan Andés anu manjang naratay ti kalér nepi ka kidul buana Amérika Kidul. Gunung ieu dianggap salah sahiji anu pangbahayana di sakuliah dunya.[8][9][10][11]

Dumasar laporan, érupsi anu paling diinget sajarah nyaéta pas di taun 1628, terus gunung tutuluyan baé bitu ti taun 1728 nepi ka taun 1916. Gunung ieu ngamudalkeun laharna di taun 1934 sarta teu eureun-eureun ti saprak harita nepi ka kiwari.[12][13][11][14]

Gunung ieu dianggap mangrupa gunung anu panghéséna pikeun diaksés, utamana pikeun nepi ka puncakna, ku sabab batu anu ngalir sarta matérial vulkanik anu tutuluyan dikaluarkeun. Di bulan Pébruari 2013, dilaporkeun yén abu ti gunung naék ka tingkat kaluhuran 25.000 kaki.[13]

Ékologi[édit | édit sumber]

Pucuk Gunung Sangay anu katutupan ku salju

Gunung Sangay nyaéta hiji ti tilu gunung seuneu anu dikurilingan ku Taman Nasional Sangay, anu geus jadi Loka Warisan Dunya UNESCO ti taun 1983.[15]

Ku sabab dikurilingan ku taman nasional, di tutugan gunung ieu réa pisan rupa-rupa tutuwuhan jeung sasatoan. Saheunteuna aya tilu rébu spésiés tutuwuhan sarta aya kira-kira 107 spésiés mamalia, 430 spésiés avés, 33 spésiés ampibia, 14 spésiés réptilia, sarta 17 spésiés pisces.[15]

Géologi[édit | édit sumber]

Gunung Sangay mekar dina tilu tahap anu béda. Anu pangkolotna, kawangun antara 500.000 jeung 250.000 taun ka tukang, kalawan tingkat kaluhuran kira-kira 4.000 méter. Gunung Sangay anu kahiji ieu, ditandaan ku pasir sékundér, anu kira-kira diaméterna 15-16 kilométer, kalawan puncak anu aya dua nepi ka tilu kilométer beulah tenggara ti puncak anu ayeuna. Wangun anu ngalengkung tina sésa struktur anu munggaran ieu nuduhkeun yén ieu gunung kungsi runtuh. Tuluy, ruruntuhan ieu ngawangun blok anu kandelna 400 méter, anu ngawengku bréksi lapis anu naratay, aliran pirokastik, sarta endapan lahar. Tuluy aya ogé andésit asam jeung silikon aya kira-kira 60 persén.[16][17]

Wangun gunung Sangay anu kadua mimiti kawangun deui saenggeus runtuhna wangun anu munggaran, kira-kira 100.000 jeung 50.000 taun ka tukang. Sésa-sésa struktur anu kadua aya di kiduleun jeung wétaneun ruruntuhan nu kahiji. Babaraha sésa gunung aya ogé di beulah kulon jeung kalér. Struktur anu kadua diyakinan miboga puncak anu naratay di wétan ka kulon, sarta saperti struktur puncak nu kahiji, struktur puncak nu kadua runtuh anu antukna nyiptakeun urug anu panjangna 20 km sarta lébarna 5 km. Puncak struktur nu kadua aya di deukeut Gunung Sangay kiwari.[16][17]

Gunung Sangay anu kiwari kawangun ku hiji kaldéra anu bentukna tapel kuda atawa déprési vulkano.[12] Gunung ieu kiwari mangrupa corong anu katutupan ku glétsér kalawan tingkat kaluhuran 5.286 méter,[18] anu déngdékna 35 darajat. Di beulah wétan, aya Hutan Hujan Amazon, sarta di beulah kulon aya dataran abu vulkanik.[4] Gunung sangay miboga tilu kawah anu aktip sarta hiji kubah lava. Gunung Sangay geus aktip dina wangunna nu kiwari ti 14.000 taun ka tukang.[16][17]

Naék gunung[édit | édit sumber]

Gunung Sangay bisa ditaékan sarta dipilampah. Anu munggaran naék ieu gunung nyaéta Robert T. Moore di taun 1926, dalapan taun saacan gunung ieu bitu ti taun 1934 nepi ka kiwari.[19] Tapi biasana mangsa anu dipikaresep nyaéta ti bulan Nopémber nepi ka bulan Pébruari, ku sabab di waktu éta, gunung aya dina kaayaan anu "kurang lembab". Sedengkeun ti bulan Juli nepi ka Agustus dianggap lembab pisan. Tuluy, bagian gunung beulah wétan leuwih lembab ti batan bagian gunung beulah kulon.[20][6]

Di jaman baheula, cara anu ilahar pikeun naék gunung nyaéta ngaliwatan désa Alao. Sedengkeun kiwari, aksés ti désa Guagalla anu paling merenah ku sabab waktu tempuhna anu leuwih sakeudeung.[20]

Galéri[édit | édit sumber]

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Gunung

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Ecuador: 15 Mountain Summits with Prominence of 1,500 meters or greater". Peaklist.org. Diakses tanggal 7 May 2015. 
  2. Estimate based on SRTM and ASTER data, which agree that the often quoted elevation of 5230 metres is too low.
  3. Jonathan de Ferranti and Aaron Maizlish. "Ecuador". Diakses tanggal 10 February 2012. 
  4. a b "Sangay". Global Volcanism Program. Smithsonian National Museum of Natural History. Diakses tanggal 5 February 2012. 
  5. a b Jason Wilson (2009). The Andes: A Cultural History. Oxford University Press. ISBN 978-0-19-538636-3. Diakses tanggal 5 February 2012. 
  6. a b Brain, Yossi, 1967- (2000). Ecuador : a climbing guide (1st ed ed.). Seattle: Mountaineers. ISBN 0-89886-729-0. OCLC 43810796. 
  7. "Sangay: Synonyms and subfeatures". Global Volcanism Program. Smithsonian National Museum of Natural History. Diakses tanggal 5 Februari 2012. 
  8. "Ini Gunung Berapi Paling Aktif di Seluruh Dunia - www.globalplanet.news". GLOBALPLANET.news. Diakses tanggal 2020-01-11. 
  9. Media, Harian Jogja Digital. "10 Gunung Api Paling Aktif di Sekujur Bumi". Harianjogja.com. Diakses tanggal 2020-01-11. 
  10. Media, Kompas Cyber. "Inilah Lima Gunung Api Teraktif di Dunia". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-01-11. 
  11. a b "Ini Gunung Berapi Paling Aktif di Seluruh Dunia - www.globalplanet.news". GLOBALPLANET.news. Diakses tanggal 2020-01-14. 
  12. a b Rakyat, Pikiran. "Durasi Erupsi Gunung Berapi Ini Lebih Dahsyat dari Sinabung - Pikiran-Rakyat.com". www.Pikiran Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-01-14. 
  13. a b "Gunung-gunung Berapi Dunia Paling Berbahaya". Analisadaily.com. Diakses tanggal 2020-01-14. 
  14. "Sangay". www.volcanodiscovery.com. Diakses tanggal 2020-01-15. 
  15. a b Centre, UNESCO World Heritage. "Sangay National Park". UNESCO World Heritage Centre. Diakses tanggal 2020-01-11. 
  16. a b c John Seach. "Sangay Volcano – John Seach". Diakses tanggal 5 February 2012. 
  17. a b c Monzier, Michel (1999). "Sangay volcano, Ecuador: structural development, present activity and petrology". Journal of Volcanology and Geothermal Research (Elsevier) 90 (1–2): 49–79. Bibcode 1999JVGR...90...49M. doi:10.1016/S0377-0273(99)00021-9. ISSN 0377-0273. 
  18. "Global Volcanism Program | Sangay". Smithsonian Institution | Global Volcanism Program. Diakses tanggal 2020-01-14. 
  19. Lewis, G. Edward (1950). "El Sangay, Fire-breathing Giant of the Andes". National Geographic (National Geographic Society): 17–24. 
  20. a b "Volcan Sangay : Climbing, Hiking & Mountaineering : SummitPost". www.summitpost.org. Diakses tanggal 2020-01-11.