Hadits Jibril

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Hadits Jibril (Basa Arab: حديث جبرائيل‎, Hadīts Jibraīl) nyaéta hadits yang memuat depinisi ngeunaan Islam, Iman, Ihsan, sarta tawis-tawis dinten kiamat nurutkeun umat Islam. Hadits ieu diriwayatkeun ti sahabat Umar bin Al-Khaththab dan Abu Hurairah. Hadits ieu tiasa kapanggih di kadua kitab Shahihain, Sahih Bukhari sarta Sahih Muslim, oge Arbain Nawawi hadits ka-2.

Teks Hadits Jibril[édit | édit sumber]

قال بينما نحن عند رسول الله صلى الله عليه وسلم ذات يوم إذ طلع علينا رجل شديد بياض الثياب شديد سواد الشعر لا يرى عليه أثر السفر ولا يعرفه منا أحد حتى جلس إلى النبي صلى الله عليه وسلم فأسند ركبتيه إلى ركبتيه ووضع كفيه على فخذيه وقال يا محمد أخبرني عن الإسلام فقال رسول الله صلى الله عليه وسلم الإسلام أن تشهد أن لا إله إلا الله وأن محمدا رسول الله صلى الله عليه وسلم وتقيم الصلاة وتؤتي الزكاة وتصوم رمضان وتحج البيت إن استطعت إليه سبيلا قال صدقت قال فعجبنا له يسأله ويصدقه قال فأخبرني عن الإيمان قال أن تؤمن بالله وملائكته وكتبه ورسله واليوم الآخر وتؤمن بالقدر خيره وشره قال صدقت قال فأخبرني عن الإحسان قال أن تعبد الله كأنك تراه فإن لم تكن تراه فإنه يراك قال فأخبرني عن الساعة قال ما المسئول عنها بأعلم من السائل قال فأخبرني عن أمارتها "" قال أن تلد الأمة ربتها وأن ترى الحفاة العراة العالة رعاء الشاء يتطاولون في البنيان قال ثم انطلق فلبثت مليا ثم قال لي يا عمر أتدري من السائل قلت الله ورسوله أعلم قال فإنه جبريل أتاكم يعلمكم دينكم
(Hadits Jibril)


Tarjamahna[édit | édit sumber]

Ti sohabat Umar bin Khotob r.a. saurna: Nalika kuring keur riung mungpulung jeung Rosul s.a.w., hiji waktu datang lalaki maké baju kacida bodas (kuberesihna) buukna hideung meles, teu aya tanda-tanda tas leumpang jauh jeung teu aya saurang ogé nu wawuh. Datang-datang éta jalma di hareupeun Nabi s.a.w. gék diuk napelkeun tuurna ka tuurna kangjeng Nabi s.a.w. bari pok ngomong: Hé Muhammad, cing béré nyaho kuring naon ari Islam? Nabi s.a.w. ngadawuh: Islam téh anjeun nyakséni yén teu aya pangeran anu disembah iwal ti Alloh, jeung saéstuna Muhammad utusan Alloh, anjeun migawé solat, mayar zakat, puwasa di bulan Romdon jeung zaroh ka Baitulloh (haji) lamun anjeun mampu waragadna. Pok éta jalma nyarita: Bener anjeun. Kuring kabéhan héran, éta jalma nu nanya ogé nu ngabenerkeun. Tuluy éta jalma nanya deui pokna: Cik, kuring béré nyaho naon ari Islam? Nabi s.a.w. ngadawuh: Iman nyaéta anjeun iman (percaya) ka Alloh, ka malaikat-Na, ka kitab-kitab-Na, ka poé akhir jeung anjeun iman ka qodar nu hadé jeung nu goréng. Pokna éta jalma nyarita deui: Bener anjeun. Tuluy éta jalma nanya deui pokna: Cik, kuring béré nyaho naon ari Ihsan? Nabi s.a.w. ngadawuh: Anjeun sumembah ka Gusti Alloh S.W.T lir ibarat anjeun nempo ka Mantena, lamun anjeun teu bisa nempo ka Mantena, saéstuna Mantena nempo ka anjeun. Terus Pokna éta jalma nyarita deui: Cik, kuring béré nyaho ari kiamat iraha? Nabi s.a.w. ngadawuh: Nu ditanya teu leuwih nyaho tibatan nu nanya? Pokna éta jalma nyarita deui: (lamun kitu), Cik, kuring béré nyaho naon ciri-ciri kiamat? Nabi s.a.w. ngadawuh: Lamun, awéwé ngababarkeun dununganana, anjeun nempo jalma miskin, leumpang nyékér jeung dada ngaliglag, ngangon domba paluhur-luhur nyieun gedong sigrong. Nyarita sohabat Umar r.a: Tuluy éta jalma téh indit ngaléos, kuring cicing sajongjongan. Nabi s.a.w. tumaros: Cik, Umar, nyaho teu saha éta nu nanya? Kuring (sohabat Umar)ngomong: Alloh miwah Rosul-Na langkung uninga. Nabi s.a.w. ngadawuh: Nu nanya téh Jibril a.s. datang seja ngajarkeun ka anjeun sakabéh agama aranjeun. Hadits di handap ngajentrékeun sababaraha perkawis Islam, di antarana:

  • Nabi s.a.w. sok ngariung ngobrol ngajarkeun agama ka sohabat-sohabatna (kiwari majlis ta'lim).
  • Malaékat Jibril a.s. ngajirim jadi lalaki disaksian ku para sohabat khususna sohabat Umar bin al-Khattab.
  • Rukun Islam, anu ngawengku kana 5 perkawis, yaéta: ngucapkeun kalimah sahadat atanapi Syahadatain (syahadat tauhid jeung jeung syahadat rosul), solat, zakat, puasa jeung haji.
  • Rukun Iman, anu ngawengku kana 6 perkawis, nyaéta: Iman ka Alloh, Malaékat, Kitab, rosul, poé akhir atanapi akhérat, jeung qodar nu hadé tur goréng.
  • Ihsan nyaéta ibadah ka Gusti Alloh lir ibarat papayun-payun jeung Mantena, lamun henteu yakinkeun yén Alloh nempokeun.
  • Tanda Kiamat, cirina yaéta awéwé ngalahirkeun dununganana, jalma nu tadina miskin paluhur-luhur nyieun gedong (kalebet tanda-tanda leutik kiamat) jeung tanda kiamat anu gedé aya dina Al-Qur'an jeung hadits.
  • Adab nyiar élmu agama, tatanya kanu nyaho, maké pakéan anu hadé. wallahu a'lam.

Tumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Sohih Muslim, Kitab al-Iman bab bayanul iman, wal islam wal ihsan, hal.36, كتاب الإيمان باب بيان الإيمان والإسلام والإحسان.