Abdul Aziz bin Saud
Raja Abdulaziz (1876–1953) nyaéta pamingpin ti kulawarga Al Saud anu mingpin kampanye militér pikeun ngarebut deui dayeuh Riyadh dina taun 1902.[1] Salila tilu puluh taun ti harita, anjeunna terus ngalegakeun pangaruhna nepi ka proklamasi ngadegna Karajaan Arab Saudi.
Dina mangsa pamaréntahanana, minyak munggaran kapendak di Saudi Arabia dina taun 1938, anu engkéna ngarobah sajarah ékonomi dunya.[2](1876[3] – 9 Nopémber 1953) (Basa Arab: عبد العزيز آل سعود ‘Abd al-‘Azīz Āl Su‘ūd) nyaéta Raja Saudi Arabia kahiji, Nagara Saudi Katilu.[4] Dimimitian ku parebutan deui kota Riyadh dina 1902, anjeunna ngatur kakawasaanna kana Najd dina 1922, tuluy ngawasaan Hijaz dina 1925. Sanggeus ngawasaan méh sakabéh wewengkon Arabia Tengah, anjeunna ngahijikeunnana kana Karajaan Saudi Arabia dina 1932. Salaku Raja, anjeunna ngaluluguan kana pamanggihan minyak bumi di Arab Saudi dina taun 1938 sarta awal tina pamangpaatan minyak skala gedé sanggeus Perang Dunya II.
Catetan jeung rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Al-Rasheed, M. (2010). A History of Saudi Arabia. Cambridge University Press. ISBN 978-0-521-74754-7.
- ↑ Troeller, G. (1976). The Birth of Saudi Arabia: Britain and the Rise of the House of Sa'ud. Routledge. ISBN 0-7146-2622-4.
- ↑ Dumasar kana buku panulis Britania Robert Lacey, The Kingdom, sajarawan utama Saudi manggih catetan nu némbongkeun yén Abdulaziz dina taun 1891 geus milu mapag datangna délégasi séké. Sajarawan éta boga alesan yén upama harita anjeunna nembe umur 9 atawa 10 taun (lahir taun 1880), tangtuna dianggap masih teuing budak pikeun dibéré widi mapag délégasi resmi, samentara saurang rumaja umur 14 atawa 15 taun (lahir taun 1876) mah geus leuwih pantes diidinan. Nalika Lacey ngawawancara salasahiji putrana Abdulaziz, nyaéta Pangéran Talal, saméméh nulis bukuna, putrana ngémutan deui yén ramana mindeng seuri kana catetan nu nunjukkeun taun gumelarna 1880. Réspon Abdulaziz kana catetan sapertos kitu dilaporkeun kieu, "Urang nelen opat taun hirup urang." Maksudna "nelen opat taun" téh nyaéta anjeunna rumaos umurna "dikirangan" opat taun (ti 1876 ka 1880) dina catetan resmi, padahal anjeunna ngarasa leuwih sawawa.Citakan:Kaca
- ↑ Current Biography 1943, pp330–34
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- "Semitic Friends". Time Magazine. 3 July 1939. Diaksés tanggal 29 July 2009. Archived 14 Désémber 2008 di Wayback Machine
- "The Battle Joins". Time Magazine. 26 May 1941. Diaksés tanggal 25 July 2009. Archived 22 Méi 2010 di Wayback Machine
Abdul Aziz bin Saud Wangsa Saud Born: 1876 Died: 1953 | ||
| Gelar jabatan | ||
|---|---|---|
| Saméméhna Pangawasa kahiji |
Émir Riyadh 1902–1921 |
Sanggeusna Anjeunna sorangan salkau Sultan Najd |
| Saméméhna Anjuenna salaku Émir Riyadh |
Sultan Najd 1921–1926 |
Sanggeusna Anjeunna Salaku Raja Najd |
| Saméméhna Anjeunna salaku Sultan Najd |
Raja Najd 1926–1932 |
Sanggeusna Anjeunna salaku Raja Saudi Arabia |
| Saméméhna Ali bin Hussein |
Raja Hijaz 1926–1932 | |
| Saméméhna Anjeunna salaku Raja Hijaz jeung Raja Najd |
Raja Saudi Arabia 1932–1953 |
Sanggeusna Saud |
| Saméméhna Abdurrahman bin Faisal As-Saud |
Pamingpin Wangsa Saud 1901–1953 | |
| Artikel ngeunaan biografi inohong Saudi Arabia ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
- Articles containing non-English-language text
- Kaca ngagunakeun tutumbu magis ISBN.
- Pranala kategori Commons dari Wikidata
- Webarchive template wayback links
- Nu babar taun 1876
- Nu pupus taun 1953
- Pulitikeus Arab
- Urang Arab ti Kasultanan Usmaniyah
- Raja Saudi Arabia
- Pamingpin pulitik Perang Dunya II
- Wangsa Saud
- Inohong Saudi Arabia