Ikebana
Ikebana (Jepang: 生け花 atawa いけ ば な, hartina kembang hirup) nyaéta seni nataan kembang Jepang, atawa kado (华 道) jalan kembang.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Ikebana mimitina dijieun di kuil-kuil Buddha di Jepang dina abad ka-6.[1] Ikebana ditataan di mana kembang jeung cabang ngagambarkeun indikasi tina iman.[1] Gaya Ikebana anu pangalusna nyaéta rikka (kembang nagtung), mecenghul dina abad ka-15, gaya ieu ngagambarkeun kaéndahan alam .[1] Contona, cabang-cabang pinus ngalambangkeun batu, krisan bodas ngalambangkaeun walungan.[1] Gaya rikka jadi populér dina abad ka-17, dipaké minangka téknik dekoratif pikeun acara-acara sérémonial.[1]
Parobahan ikebana lumangsung dina abad ka-15, nalika shogun Ashikaga Yoshimasa Muromachi (1436-1490) maréntah di Jepang.[1] Manéhna salila maréntah ngalaurkeun aturan yén ikebana bisa dijieun ku saha waé, pan saméméhna mah ikebana ngan bisa dijieun ku jalma boga waé.[1]
Dina ahir abad ka-16, hiji gaya anu leuwih basajan ti nataan kembang disebut nageire hartina miceun atawa ngalungkeun.[1] Gaya ieu mah henteu paduli naon bahan anu dipakéna, gaya ieu disebut ogé cha-bana (茶花, hartina kembang téh).[1]
Taun 1890 an, teu lila sanggeus Restorasi Meiji (période modérnisasi jeung westernisasi di Jepang), aya gaya anyar anu disebut ikebana moribana, atawa tumpukan kembang.[1] Gaya ieu mecenghul disababkeun ku wanohna kembang kulon jeung westernisasi anu hirup di Jepang.[1] Gaya moribana, anu nyiptakeun kabébasan anyar dina nataan kembang dipaké pikeun hiasan.[1] Gaya ieu bisa disaluyukeun jeung kaayaan formal atawa informal.[1]
Ikebana modérn lahir dina taun 1930 kalayan transliterasi zen'ei ikebana atawa zen'eibana.[1] Wangun ikebana leuwih ekspresif batan gaya klasik.[1] Ayeuna, seni nataan kembang dipihormat minangka salah sahiji seni tradisional di Jepang.[1]
Sakola
[édit | édit sumber]Aya loba sakola, anu pangpopulérna nyaéta Ikenobo, Sogetsu jeung Ohara.[2] Ikenobo mangrupa sakola ikebana pangkolotna, diadegkeun ku imam Buddha Ikenobo Senkei dina abad ka-15.[2] Manéhna kira-kira geus nyiptakeun rikka (gaya kembang nangtung).[2] Gaya ieu dimekarkeun minangka ekspresi Buddhis ti kaéndahan alam, jeung tujuh cabang séjénna ngagambarkeun taneuh, cai, jeung sajabana anu diatur dina cara anu formal.[2] Sakola ieu tempatna di kuil Rokkakudo di Kyoto, dimimitian ku Pangeran Shotoku.[2] Di antara para imam jeung bangsawan, gaya ieu téh leuwih formal nepi ka dina ahir abad ka-17 kelas padagang tutuwuhan ngamekarkeun gaya basajan anu disebut Seika atawa shoka.<[2] Shoka ngan maké tilu cabang utama, nyaéta ten (surga), chi (bumi) jeung jin (manusa) sarta dirarancang pikeun némbongkeun kaéndahan pepelakan éta sorangan.[2] Wangun séjén ikebana tradisional nyaéta nageire, dipaké dina upacara inum téh.[2]
Sakola modérn kabentuk di ahir abad ka-19.[2] Sakola Ohara umumna maké moribana (kembang nu dijieun bertingkat) anu dina hiji wadah.[2] Sakola ieu diadegkeun nalika budaya deungeun geus mangaruhan di Jepang sarta gaya moribana dipaké pikeun nataan pepelakan daérah deungeun.[2] Pangaruh ti gerakan seni mimiti abad ka-20 ngabalukarkeun mekarna jiyuka (gaya bébas).[2] Sanajan geus ngalaman parobahan, ikebana ngan masih dipaké ku jalma beunghar wungkul.[2] Taun 1930 an, dina période sageus perang, minat ikebana jadi laér leuwih lega.[2] Sakola Ikebana dibuka pikeun sakabéh kelas sosial.[2] Dipingpin ku Teshigahara Sofu, taun 1927 ti sakola Sogetsu, zen-eibana atawa avant-garde, ikebana ngawanohkeun kabéh jenis material anyar, saperti palastik, plester jeung waja.[2]
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |