Isolasi (médis)

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi bangsal tuberkulosis nuduhkeun sababaraha aspék inféksi jeung isolasi ku rumah sakit: kadali téknis (saluran udara khusus), alat pelindung pribadi (masker N95), tanda peringatan sareng labél (asup dikontrol), wadah pamiceunan husus, jeung praktik manajemén kualitas.

Isolasi mangrupa salah sahiji cara anu bisa dilaksanakeun keur ngadalikeun hal-hal anu aya patalina jeung inféksi, saperti sumebarna panyakit ti hiji pasién ka pasién séjén, pagawé kaséhatan, nu ngalongok, atawa ti luar pasién anu keur diubaran (isolasi pabalik). Isolasi mindeng dilarapkeun ka pasién anu bisa népakeun panyakitna ka nu séjén. [1] Alat-alat khusus anu dipaké keur ngarojong prosés isolasi nyaéta alat pelindung diri (papakéan tinangtu, masker, sarung leungeun), kontrol téknis (kamar tekanan positip, kamar tekanan négatip, alat-alat aliran udara laminar, jeung sababaraha panghalang mékanik atawa struktural. [2] Kamar isolasi khusus bisa dijieun di rumah sakit, atawa bisa ngawangun unit isolasi saheulaanan dina kaayaan darurat épidémi.

Kamer isolasi[édit | édit sumber]

Kamer isolasi mangrupa tempat saheulaanan anu tujuanana nungguan rujukan atawa ambulan keur pasién anu disangka inféksi. Ambulan bisa ditempatkeun deukeut ruang isolasi sangkan gampang lamun langsung dirujuk sabab kurang kapasitas isolasi anu sadia. [3] Kamer isolasi mangrupa rohangan nu disadiakeun keur ngungkulan népana panyakit anu baris jadi wabah lamun diantep kitu waé. Kamer isolasi miboga tekenan hawa négatip jeung tekenan hawa positip.

  • Kamer isolasi anu ngagunakeun tekenan hawa négatip dipaké keur pasién anu katépaan hiji pnyakit ngaliwatan hawa. Kalayan ieu tekenan négatip, hawa tina jero kamar isolasi anu nyangkaruk kuman pamawa inféksi henteu kaluar jeung ngotorkeun hawa di luar. [4]
  • Kamar isolasi anu ngagunakeun tekanan hawa positip dipaké keur pasién anu gampang pisan katépaan. Tekanan hawa anu positip dibawa tina hawa anu geus disaring jeung diberesihan, tuluy dikompa kana rohangan tuluy-tumuluy nepi ka kamer isolasi tetep steril. [5]

Isolasi Mandiri[édit | édit sumber]

Cara ngaganukeun masker keur usum sasalad.

Pusat Pengendalian dan Pencegahan Penyakit Amerika atawa CDC ngadadarkeun isolasi mangrupa tindakan misahkeun jalma-jalma anu ngalaman panyakit tatalépa jeung jalma-jalma anu séhat teu boga riwayat inféksi nanaon. [6] Isolasi mandiri mangrupa paripolah ngawatesan diri tina lingkungan sabudeureunana. Waktu isolasi kudu dilaksanakeun leuwih ketat, hususna keur manula atawa lansia, ngandeg, jeung jalma kalawan kasorang panyakit anu tangtu. [7] Keur pasién anu miboga résiko gedé, sakabéh kagiatan sapopoé dieureunkeun salila 14 poé. Sanggeus kitu dilakukeun pamariksaan keur nangtukeun inféksi SARS-CoV-2 (Sasalad Covid-19) bari tetep isolasi mandiri sacara prosedural. Sedengkeun pikeun pasién anu katépaan ku inféksi anu teu parna ulah teuing diubaran di rumah sakit, tapi pasién tetep kudu diajar tindakan ngungkulan tépana virus. Isolasi mandiri dilaksanakeun nepi ka pasién meunang hasil uji virologi négatip dua kali patungturun kalayan nyokot conto minimal 24 jam. Lamun teumungkin dilakukeun, pasién anu kakeunaan inféksi teu parna kudu diisolasi salila dua minggu sanggeus gejala ngaleungit.[8]

Protokol isolasi mandiri saperti kieu.

  • Cicing di imah, ulah indit ka tempat digawé jeung tempat umum.
  • Gunakeun kamer anu misah ti anggota kulawarga anu séjén. Lamun bisa ngajaga jarak kurang leuwih saméter ti anggota kulawarga anu sanés.
  • Salawasna ngagunakeun masker salila isolasi mandiri.
  • Gunakeun térmométer keur ngukur suhu awak sapopoéna jeung unggal waktu ngalakeukeun obsérvasi gejala klinik saperti batuk jeung eungap.
  • Ulah tukeur parabot ( piring, sendok, garpuh, gelas ) jeung alat mandi (anduk, sikat gigi, siwur jeung sendal).
  • Larapkeun Paripolah Hirup Bersih jeung Séhat (PHBS) ku cara ngadahar tuangeun anu bergizi, ngawasuh leungeun sacara rutin, ngawasuh leungeun ku sabun jeung cai anu ngocor, jeung biasa ngalarapkein étika lamun kasorang batuk.
  • Mun bisa unggal poé moyan handapeun panonpoé isuk-isuk.
  • Beresihan imah ku cairan disinféktan.
  • Langsung nelepon fasilitas kaséhatan lamun karasa leuwih parna sangkan gancang dipariksa jeung diubaran . [9]

Balukar[édit | édit sumber]

Isolasi penting pisan dilakukeun pikeun nyingkahan sumebarna panyakit, tapi pasién kudu narima akibatna séwang-séwangan. Pasién anu diisolasi teu bisa narima kunjungan ti kulawarga atawa babaturan anu pangdeukeutna. Ieu prosedur bisa ngakibatkeun pasién ngarasa sorangan, ieu hal bakal ngaronjatkeun rasa kahariwang, déprési, ngurangan kapercayaan, tanaga, jeung nyirorotna interaksi sosial anu dialaman ku pasién. [10]

Barudak jeung pamuda ngalaman tingkat déprési anu kaliwat saking sanggeus ngaliwatan prosés isolasi. Layanan kaséhatan méntal ogé diperelukeun pikeun ngungkulan ieu pasualan. Lian ti éta, isolasi ogé bisa ngabalukarkeun rasa frustasi muncul, bosen, kaleungitan kauangan sapopoé sabab geus ninggalkeun pagawéanana, jeung ngawaragadan biaya médis salila periode isolasi. [11]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Lawrence J; May D (2003). Infection control in the community. Elsevier Health Sciences. p. 136. ISBN 978-0-443-06406-7. [tumbu nonaktif]
  2. Uys LR (1999). Fundamental nursing. Pearson South Africa. p. 249. ISBN 978-0-636-04208-7. 
  3. World Health Organization (2020). Pusat Pengobatan Infeksi Saluran Pernapasan Akut Berat (PDF). Geneva, Switzerland: World Health Organization. p. 42. 
  4. Putra, Andika Chandra dan Sarah Fitriani (2020). Seri 3: COVID-19 & NEW NORMAL Informasi yang harus diketahui seputar Coronavirus (dalam Indonesian). Jakarta: SPASI MEDIA. p. 39. ISBN 978-623-270-402-2. 
  5. Redaksi, (Ditinjau Dr. Meva Nareza). "Fungsi Ruang Isolasi di Rumah Sakit dan Kondisi yang Memerlukannya". Alodokter. Diakses tanggal 2021-03-04. 
  6. "Quarantine and Isolation | Quarantine | CDC". www.cdc.gov (dalam en-us). Diakses tanggal 2021-03-22. 
  7. Shihab, Nahla (2020). Covid-19: Kupasan Ringkas yang Perlu Anda Ketahui (dalam Indonesian). Tangerang Selatan: Lentera Hati Group. p. 40. ISBN 978-602-8740-75-3. 
  8. Susilo, A. dkk (2019). "Coronavirus Disease 2019: Tinjauan Literatur Terkini Coronavirus Disease 2019: Review of Current Literatures". Penyakit Dalam Indonesia 7 (1): 59-60. http://jurnalpenyakitdalam.ui.ac.id/index.php/jpdi/article/download/415/228.  Archived 2020-07-30 di Wayback Machine
  9. Marzuki, Ismail; Bachtiar, Erniati; Zuhriyatun, Fitria; Purba, Agung Mahardika Venansius; Kurniasih, Hesti; Purba, Deasy Handayani; Chamidah, Dina; Jamaludin, Jamaludin; Purba, Bonaraja (2021). COVID-19: Seribu Satu Wajah (dalam Indonesian). Medan: Yayasan Kita Menulis. p. 90. ISBN 978-623-6840-51-1. 
  10. Langlands, Bryan. "How To Reduce Social Isolation For Healthcare Workers And Patients During The Coronavirus Pandemic". Forbes. Diakses tanggal 2021-03-22. 
  11. Loades, Maria Elizabeth; Chatburn, Eleanor; Higson-Sweeney, Nina; Reynolds, Shirley; Shafran, Roz; Brigden, Amberly; Linney, Catherine; McManus, Megan Niamh et al. (2020-11). "Rapid Systematic Review: The Impact of Social Isolation and Loneliness on the Mental Health of Children and Adolescents in the Context of COVID-19". Journal of the American Academy of Child and Adolescent Psychiatry 59 (11): 1218–1239.e3. doi:10.1016/j.jaac.2020.05.009. ISSN 0890-8567. PMC 7267797. PMID 32504808. https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC7267797/.