Jambu monyét

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Citakan:Templat:Taxobox

Jambu monyét atawa jambu médé (Anacardium occidentale) nyaéta tutuwuhan nu kaasup kana suku Anacardiaceae nu asalna ti Brazil ngabogaan "buah" nu bisa didahar. Nu leuwih kawentar batan jambu médé nyaéta kacang médé, kacang mété atawa kacang ménté; biasana sikina digaringkeun sarta digoréng pikeun dijadikeun mangrupa-rupa kadaharan. Sacara botani, ieu tutuwuhan lain anggota jajambuan (Myrtaceae) jeung kacang-kacangan (Fabaceae), tapi deukeut patalina jeung bungbuahan (suku Anacardiaceae).

Ngaran lianna kayaning jambu mèdè (Sd.); jambu mété atawa jambu ménté (Punjul.); jambu monyèt (Md.); jambu dwipa, jambu dusun, nyambu monyèt (Bl.); nyambuk nyĕbèt (Sas.); jambu érang, jambu monyé (Mink.); jambu dipa (Banj.); buwah monyét (Timor); buwah yaki (Manado); buwa yakis, wo yakis (north Sulawesi); buwa yaki (Ternate, Tidore); buwa jakis (Galela); jambu daré, jambu masong (Mak.); jampu sèrĕng, jampu tapĕsi (Kutu.); jeung sajabana.[1]

Dina basa inggris disebut oge jambu (tangkal), nu asalna ti kecap basa portugis pikeun ngaranan buahna, caju, nu sabenerna injeuman ti ngaran dina basa Tupi, acajú. Sedengkeun ngaran margana (Anacardium) nujul kana bentuk buahna nu kawas jantung tibalik.

Pedaran[édit | édit sumber]

Tangkal jambu nu tumuwuh di ujung jalan di Pelabuhanratu.

Tangkalna boga ukuran sedeng, jangkungna nepi ka 12 m, jeung tajukna ngarancabang, jeung warnana héjo. Pucuk tanggkalna bisa  ngaluhuran jeunng ngaheureutan atawa handap jeung rubak, gumantung kana kaayaan lingkungan.[2]

Daun- daun ayana ditungtung dahan. Wangun daun miboga tulang, tulang daun wangunna buleud endog tibalik ka handap, lolobana, pangkal daun seukeut, melengkung ka jero, gundul, 8-22 × 5-13 cm.[3]

Monoecious (monoesis), kembang nu miboga wanda jinis campuran, ngumpul dihiji malai rata miboga bulu lemes, lebarna 15-25 cm. kongkolak buluan, 4-5 mm. Makuta seukeut, lk 1 cm, bodas tuluy beureum, buluan. Buahna  miboga warna coklat kolot, déngdék , luhurna  lk 3 cm.

Kagunaan[édit | édit sumber]

Buah jambu nu geus asak; beureum mangrupa buah tina eta.

Ieu tutuwuhan dipelak keur diala buahna. Dipikawanoh ku balaréa salaku "buah", buah nu asak téh gede, warnana konéng atawa beureum, nu sabenerna mah éta téh kembang (receptaculum) nu mekar dina waktuna. 

Footnotes[édit | édit sumber]

  1. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2:1223-1225. Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta
  2. ICRAF Agroforestry Database: Anacardium_occidentale L.
  3. Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 271