Karéta api lokal Bojonegoro
| Karéta api lokal Bojonegoro | |
| Karéta api lokal Bojonegoro nalika ninggalkeun Stasion Surabaya Gubeng | |
| Informasi | |
| Sistem | Karéta api lokal |
| Kelas | Ékonomi |
| Status | Beroperasi |
| Lokal | Daop 8 Surabaya |
| Stasion terminus | Stasion Sidoarjo Stasion Bojonegoro |
| Operasi | |
| Dibuka | ? |
| Dipiboga ku | Kereta Api Indonesia |
| Operator | Daérah Operasi VIII Surabaya |
| Karakter | Lintas datar |
| Lokomotip | CC201, CC203 |
| Data téhnis | |
| Lébar sepur | 1.067 mm |
| Gancangna operasional | 60-90 km/jam |
| Titik pangluhurna | ? |
Karéta api lokal Bojonegoro atawa KRD Bojonegoro nyaéta karéta api lokal komuter anu ngalayanan rute Stasion Sidoarjo - Stasion Surabaya Gubeng - Stasion Surabaya Pasarturi - Stasion Bojonegoro.[1] Sabenerna mah karéta ieu lain KRD (Karéta rél diesel), tapi mangrupa karéta api ékonomi biasa anu ditarik lokomotip.[1] Karéta ieu mangrupa karéta anu kadua ngaliwatan shortcut (jalan pintas) Surabaya Gubeng-Surabaya Pasarturi saenggeus Karéta api Jayabaya.[1] KRD Bojonegoro mawa 5 karéta ékonomi, 1 karéta pembangkit, jeung 1 karéta aling-aling.[1] Karéta ieu eureun di unggal stasion anu diliwatannana.[1] Karéta ieu dijalankeun 4 kali rute Stasion Sidoarjo - Stasion Surabaya Pasarturi (2 kali pp.), jeung 2 kali rute Stasion Sidoarjo - Stasion Bojonegoro (1 kali pp).[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 Informasi KRD Bojonegoro (id) diakses tanggal 21 Februari 2016
- ↑ Jadwal KRD Bojonegoro Archived 2016-03-03 di Wayback Machine (id) diakses tanggal 21 Februari 2016
| Artikel ngeunaan karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |