Kasultanan Acéh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Kasultanan Acéh Darussalam
Keurajeuën Acèh Darussalam
'كراجأن اچيه دارالسلام'
 

1496–1903
Alam Peudeung Mirah Lambang
Legana Kasultanan Acéh mangsa pamaréntahan Sultan Iskandar Muda, 1608-1637.
Ibu kota Bandar Acéh Darussalam (kiwari Banda Acéh)
(1496–1873)
Keumala
(1873-1903)
Basa Acéh, Melayu, Arab, Gayo, Alas
Agama Islam
Pamaréntahan Monarki absolut
Sultan
 - 1496-1528 Sultan Ali Mughayat Syah
 - 1874-1903 Sultan Alaidin Muhammad Daud Syah
Sajarah
 - Istrénan sultan kahiji 1496
 - Perang Acéh 1903
Mata uang Koin emas jeung pérak lokal

Kasultanan Acéh, atawa Karajaan Acéh Darussalam (basa Acéh: Keurajeuën Acèh Darussalam; dina hurup pégon: كاورجاون اچيه دارالسلام) minangka kasultanan Islam nu perenahna aya di Propinsi Acéh, Indonésia. Kalawan Sultan kahijina nyaéta Sultan Ali Mughayat Syah. Mangsa 1607-1636 Acéh jadi kasohor sabab majuna di widang pulitik, ékonomi-padagangan, hubungan internasional, kuatna angkatan perang jeung mekarkeun kabudayaan sarta ngukuhkeun kahirupan agama Islam.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Asal Mimitina[édit | édit sumber]

Numutkeun sumber ti Cina jeung hikayat-hikayat sarta legenda nepi ka warta Portugis, Tomé Pires yén saméméh Kasultanan Acéh Darussalam geus aya kasultanan-kasultanan. Numutkeun warta ti Cina nyaéta Chau-Ju-Kua jeung Kitab Negarakartagama yasana Prapanca, Lambri atawa Lamuri atawa Ramni disebut salaku karajaan nu aya nalika abad ka-13-14 M sarta aya dihandapeun Sriwijaya jeung Majapahit. Sanggeus éta, Sultan Ali Mughayat Syah nu ngarana di warta Portugis disebut Raja Brahim, ngaleupaskeun diri ti kakawasaan karajaan Pedir taun 1520 jeung dina mangsa éta ogé nyokot karajaan Daya ka kakawasaan Acéh. Mangsa harita, Sultan Ali Mughayat Shah ti Acéh boga tarékah pikeun ngahijikeun kabéh kakuatan anti-Portugis pikeun ngusir kolonial ti markasna di Pidië (1521) jeung Pasai (1524). Cara ieu ngawengku usaha bangsawan jeung rahayat mangsa harita. Ti dinya dataran basisir kalér nu subur dihijikeun ku walungan Acéh (Acéh Besar, urang Éropa nyebutna Atjéh Proper atawa Groot-Atjeh) nu diwatesan ku pasir-pasir nu handap. Rahayat Samudera Pasai bisa disebut salaku bangsa nu nyorangan sanajan maké basa Acéh, ngaku ka sultan-sultan Acéh jeung nganggap dirina urang Acéh. Sanggeus dihijikeun, sakabéh kulawarga Sultan dihijikeun kalawan dibéré kalungguhan nu penting di Pidië, Pasai jeung puseur penting kasultanan Acéh di basisir Kulon. Padagang asing bisa dagang tapi ngan bisa di puseur dayeuh, deukeut muhara walungan Acéh-Banda Acéh Darussalam.[2]

Peran penting Banda Acéh Darussalam nyaéta minangka jalur anyar padagang Muslim ngaliwatan Selat Sunda teu deui ngaliwatan Selat Malaka ngalantarankeun mangsa abad ka-19, jumlah rahayat di Acéh Besar jadi daérah pangpadetna di Sumatera kalawan jumlah penduduk 300.000 jalma. Salila saabad diplomasi jeung nalukeun daérah sakurilingna nu dilancarkeun ku Ali Muhayat, kabeungharan puseurdayeuh-palabuan éta disawang yén sultan-sultan sanggeus Sultan Ali Mughayat Syah bisa nalukeun kaum ménak nu masih gumantung kana hasil tatanén salaku sumber kabeungharana. Kawijakan kasultanan nyaéta sakabéh ménak kudu ngarojong kana kawijakan nu maksudna pikeun ngahontal kadigjayaan ngaliwatan dua ambisi: ngusir Portugis ti Selat Malaja jeung nyekel monopoli ékspor hasil produksi Sumatra jeung Malaya.[2]

Raketna Kasultanan Acéh jeung Asia Barat utamana Turki ngalantarankeun Sultan Ala'ad-din Riayat Shah al-Kahar (1537-1571) nyokot jalur resmi pikeun ngaku kana kakawasaan Sultan Turki di luhur Acéh kalawan upeti bantuan militér Turki pikeun ngalawan Portugis. Tawis Katineung éta tuluy dihirupkeun ku Kasultanan Acéh ngaliwatan dipakéna kélébét (basa Acéh: alam) beureum Kasultanan Ottoman ogé disimpena meriam gedé lada secupak (takaran hijian pikeun lada) nu ngajaga dalam (istana raja jeung buruana) di Banda Acéh. Kélébét jeung meriam ieu dipihormat minangka paméréan Khalifah, lambang yén karajaan handapna bakal terus dijaga.[3]

Sultan Ali Mughayat tilem taun 1530 sarta di kurebkeun di Kandang XII Banda Acéh.[4] Tuluy kakawasaan diteruskeun ku Sultan Ala'ad-din Riayat Shah al-Kahar (1537-1571). Dina taun 1563, Sultan Ala'ad-din Riayat Shah al-Kahar ngirim utusan ka Konstantinopél ménta bantuan dina usaha ngalawan Portugis. Dua taun sanggeus éta bantuan datang ti Turki. Kalawan kakuatan tentara Sultan Alaud-din Riayat Shah al-Kahar anjeunna loba nyerang jeung nalukeun loba karajaan saperti Batak, Aru jeung Barus. Pikeun ngajaga kautuhan kasultanan, Sultan nempatkeun salaki ti dulur awéwéna di Barus kalawan gelar Sultan Barus, dua urang putra Sultan diangkat jadi Sultan Aru jeung Sultan Pariaman kalawan gelar resmi Sultan Ghori jeung Sultan Mughal sarta sababaraha daérah pangaruh Kasultanan Acéh ditempatkeun wakil-wakilna ti Acéh.[5]

Nalika taun 1537, 1547 jeung 1568 Sultan nyerang Johor jeung Malaka ngaliwatan tangtara anu gedé ogé dibantuan ku tangtara Turki anu diperbantukeun di sababaraha meriam nu ukurana leutik jeung gedé. Upaya pikeun ngalegakeun kasultanan dituluykeun ku Sultan Pariaman nu maréntah ti taun 1568 nepi ka 1588 sarta nalukeun Malaka taun 1573 jeung ka Pérak taun 1575. Disagédéngeun éta, ngayakeun tali kerjasama jeung Ratu Kalinyamat di Japara. Nalika perang di Pérak 1579 Sultan Ahmad maot. Garwa jeung budakna dibawa ka Acéh tuluy ditikahkeun jeung putri Sultan nu saterusna bakal ngagantikeun Sultan kalawan gelar Sultan Alauddin Mansur Syah.[2]

Mangsa Kajayaan[édit | édit sumber]

Mangsa kajayaan Kasultanan Acéh boh di jero boh di luar nagri aya di mangsa kakawasaan Sultan Iskandar Muda (1607-1636). Kawasa kasultanan dilaksanakeun kalawan lancar ka sakabéh palabuan penting di basisir kulon Sumatera jeung ka basisir wétan nepi ka Asahan di kidul. Lalayaran dina maksud nalukeun daérah séjén nepi ka Pahang, di basisir wétan Semenanjung Malaya ogé padagang asing dipaksa taluk kana kakawasaana. Karajaan beunghar sarta jadi puseur élmu pangaweruh nu euweuh babandinganana. Di widang pulitik Sultan Iskandar Muda geus nalukeun daérah-daérah nu aya di basisir wétan jeung kulon. Kitu ogé Johor di Semenanjung Malaysia nu geus diserang tuluy ngaku kana kakawasaan Kasultanan Acéh Darussalam. Kalungguhan Portugis di Malaka beuki kaancam jeung tuluy diserang, sanajan runtagna Malaka salaku puseur padagangan di Asia Tenggara di taun 1641 ku VOC Walanda.[6]

Hubungan pulitik jeung nagara di Wétan Tengah beuki dironjatkeun jeung kitu ogé hubungan padagangan utamana jeung Mesir, Turki, Arab, Prancis, Inggris, Afrika, India, Cina jeung Jepang. Komoditas nu diimpor nyaéta béas, guci, gula (sakar), sakar lumat, anggur, kurma, timah bodas jeung hideung, beusi, tékstil ti katun, lawon batik mori, pinggan jeung mangkok, kipas, kertas, opium, cai mawar jeung sajabana nu disebut dina Kitab Adat Acéh.[1] Sedengkeun komoditas nu di ékspor ti Acéh nyaéta kai cendana, saapan, gandarukem (resin), damar, getah perca, obat-obatan, minyak seungit, rasamala, kapur barus, bunga lawang, lada, gading, lilin, tali beubeur, sutra, porselin, pakéan, minyak jeung emas.[7]

Kitu ogé kamajuan Acéh dina widang padagangan sanajan saméméh datangna urang Inggris jeung Walanda geus mapan tapi sanggeus ayana dua padagang bangsa Barat éta pulitik jeung sistem padagangan Kasultanan Acéh ngalaman parobahan sabab sistem padagangan dua bangsa éta ngaliwatan perantara jeung padagang-padagang asing éta teu paham kana cara padagangan di Acéh.[8] Dina widang kaagamaan, Kasultanan Acéh geus boga sistem birokrasi nu hadé jeung aturan hukum anu kacatet dina Adat Makeuta Alam atawa Kanun Makeuta Alam. Iskandar Muda ngarojong ogé kamekaran kaagamaan nu diajarkeun ku ulama-ulama utamana sufismeu atawa tasawuf Wandatul Wujud atawa Wujuddiyah, pamikiran mistiko-filosofis nu diajarkeun ku Hamzah al-Fansuri. Sultan Iskandar Muda maot taun 1641.[9]

Sultan Iskandar Muda salaku Sultan Acéh anu gedé, boga tilu cita-cita pikeun kamajuan Kasultanan Acéh, nyaéta:[10]

  1. Hayang terus ngagedékeun Kasultanan Acéh
  2. Hayang nyumebarkeun agama Islam dimamana, jeung
  3. Hayang ngusir Portugis di Malaka[10]

Kamunduran jeung Perang Acéh[édit | édit sumber]

Abad ka-18 mangrupa abad panghéséna pikeun Kasultanan Acéh.[7] Sababaraha sengketa tutuluyan ngaganggayot di pamaréntahan Kasultanan.[7] Saperti perang dulur, leupasna kasultanan handap jeung beuki kuatna kakawasaan kolonial.[7] Kasultanan angger meunang panghasilan ngan teu sabaraha.[7] Unggal taun 12 kapal mawa candu jeung lawon ti basisir Coromandel pikeun ditukeur ku pinang jeung lada nu aya di basisir kalér Acéh, emas jeung kapur barus di basisir kulon jeung timah nu diimpor ti Semenanjung Malaya.[7] Padagangan ieu beuki lila beuki dikawasaan ku padagang Inggris nu boga markas di India.[7] Ngarojong Perusahaan India Timur Inggris pikeun nyawang Acéh minangka tempat nu bisa waé dijadikeun puseur ngumpulkeun hasil bumi Indonésia pikeun ditukeurkeun jeung téh ti Cina sarta tempat pikeun ngabenerkeun armada dagang India salila usum muson timur.[7] Ti dinya urang Acéh tara pernah curiga ka pos militér asing bangsa mana waé ogé.[7] Sanggeus sababaraha kali Inggris teu bisa ngarayu sangkan Acéh jadi tempat nyimpang, Inggris nyieun palabuan anyar di Pénang.[7] Perang Saudara dimimitian ti dinya antara Sultan Jauhae al-Alam Shah jeung, Leubé Dapa, Uléëbalang ti Acéh Besar jeung Uléëbalang ti Pidië.[7]

Taun 1873-1904 mimiti Perang Acéh diumumkeun nu disebut-sebut salaku perang panglilana, pangkuatna jeung panggedéna sabab dirojong ogé ku motivasi kaagamaan ngalawan kafir nu dipikawanoh ku Perang Sabil.[7] Dina perang éta, Jenderal Johler ditémbak kaping 14 April 1873.[7] Kaping 9 Désémber 1873 tangtara Walanda datang jeung ngawasaan Acéh.[7] Tapi Sultan jeung putrana nu masih leutik, kulawargana, sarta Panglima Polim bisa ngungsi.[7] Gempuran pasukan Acéh dipingpin ku Uléëbalang jeung ulama.[7] Di antarana, Panglima Polim, Habib Abdurrahman, Teuku Cik Di Tiro jeung Teuku Umar sarta garwana Cut Nyak Din.[7] Di Kampung Tunga, pasukan Acéh bisa ngéléhkeun Walanda nepi ka pamingpinna Jenderal Pel ditembak nalika taun 1878.[7] Taun 1880 tangtara Walanda ngarasa kalungguhana teu aman tuluy mundur.[7] Tapi taun 1884 Walanda balik deui kalawan hasil nu sia-sia.[7] Sanggeus perlawanan jeung prakték adudomba, pangaruh Kasultanan Acéh beuki lila beuki ngaleungit.[7]

Sultan Muhammad Daud Syah Johan Berdaulat, Sultan Acéh pamungkas taun 1874-1903.

Ulèëbalang jeung Sistem Bagi Wilayah[édit | édit sumber]

Numutkeun tradisi Acéh, Iskandar Muda ngabagi wilayah Acéh kalawan wilayah administrasi anu dingaranan Uléëbalang jeung mukim.[1] Mukim mimitina nyaéta pakumpulan sababaraha désa pikeun ngarojong hiji masjid anu dipingpin ku hiji Imam (basa Acéh Imeum).[1] Ulubalang mimitina handapeun-utama Sultan nu dibéré sababaraha mukim pikeun diperenahkeun sacara féodal.[1] Pola ieu kapanggih di Acéh Besar jeung nagri-nagri talukan Acéh nu penting.[1] Mangsa Sultanah Zakiatuddin Inayat Syah 1678 - 1688 M dilakukeun réformasi bagi wilayah.[1] Kasultanan Acéh dibagi ku tilu fédérasi jeung daérah otonom.[1] Wangun federasi dingatanan Sagoe jeung pupuhuna disebut Panglima Sagoe.[1] Bagi-bagi wilayah baris ditataan ngaliwatan tilu sagi (Lhée Sagoe) baris ditataan saperti ieu dihandap:[1]

  • Sagoe XXII Mukim, pupuhu Sagoena boga gelar Sri Muda Perkasa Panglima Polem Wazirul Azmi. Iwal ti éta anjeuna diangkat jadi Wazirud Daulah (Menteri Negara).[1]
  • Sagoe XXV Mukim, pupuhu Sagoena boga gelar Sri Setia Ulama Kadli Malikul 'Alam. Ogé diangkat jadi Pupuhu Majelis Ulama Kasultanan.[1]
  • Sagoe XXVI Mukim, pupuhu Sagoena boga gelar Sri Imeum Muda Panglima Wazirul Uzza. Iwal ti éta anjeuna diangkat jadi Wazirul Harb (Menteri Urusan Perang).[1]

Dina unggal Sagoé aya Gampong. Unggal gampong boga hiji Meunasah. Tuluy gampong éta ngawangun Mukim nu unggal mukim aya hiji masjid pikeun shalat jumat numutkeun mazhab Syafi'i.[1]

Silsilah Sultan[1][édit | édit sumber]

No périodeu Ngaran Sultan Ngaran Asli Katerangan
1 1496-1528 Sultan Ali Mughayat Syah Dinasti Meukuta Alam
2 1528-1537 Sultan Salahuddin Dinasti Meukuta Alam
3 1537-1568 Sultan Alauddin Ri'ayat Syah al-Qahhar Sultan Alauddin ibn Ali Malik az-Zahir Dinasti Meukuta Alam
4 1568-1575 Sultan Ali ibn Alauddin Malik az-Zahir Sultan Husain Ali Riayat Syah Dinasti Meukuta Alam
5 1575 Sultan Muda Dinasti Meukuta Alam
6 1575-1576 Sultan Sri Alam Sultan Fi Dinasti Meukuta Alam
7 1567-1577 Sultan Zainal Abidin ibn Abdullah Dinasti Meukuta Alam
8 1577-1589 Sultan Alauddin Mansur Syah ibn Ahmad ti Pérak
9 1586-1589 Sultan Ali ibn Sultan Munawar Syah Sultan Buyung ti Inderapura
10 1589-1604 Sultan Alauddin Ri'ayat Syah ibn Said Al-Mukamil Sidi Al-Mukamil Dinasti Darul-Kamal
11 1604-1607 Sultan Ali Ri'ayat Syah Sultan Kuasa Muda Dinasti Darul-Kamal
12 1607-1636 Sultan Iskandar Muda Darmawangsa Tun Pangkat ti Dinasti Makeuta Alam jeung

Dinasti Darul-Kamal

13 1636-1641 Sultan Iskandar Thani Alauddin Mughayat Syah Marhum Dar as-Salam ti Pahang
14 1641-1675 Taj Al-Alam Safiatuddin Syah Putri Iskandar Muda Turunan Bugis
15 1675-1678 Sri Sultanah Nur Al-Alam Naqiat ad-Din Syah Turunan Bugis
16 1678-1688 Sultanah Inayat Syah Zakiat ad-Din Syah Turunan Bugis
17 1688-1699 Sultanah Kamalat Syah Turunan Bugis
18 1699-1702 Sultan Badrul Alam Syarif Hasyim Jamaluddin Dinasti Syarif (Maulana)
19 1702-1703 Sultan Perkasa Alam Syarif Lamtui Dinasti Syarif (Maulana)
20 1703-1726 Sultan Jamalul Alam Badrul Munir Dinasti Syarif (Maulana)
21 1726 Sultan Jauharul Alam Aminnudin Dinasti Syarif (Maulana)
22 1726-1727 Sultan Syamsul Alam Dinasti Syarif (Maulana)
23 1727-1735 Sultan Alauddin Ahmad Syah Turunan Bugis
24 1735-1760 Sultan Alauddin Johan Syah Turunan Bugis
25 1760-1764 Sultan Mahmud Syah Turunan Bugis
26 1764-1765 Sultan Badruddin Johan Syah Turunan Bugis
25 1765-1773 Sultan Mahmud Syah Turunan Bugis
27 1773 Sultan Sulaiman Syah Turunan Bugis
25 1773-1781 Sultan Mahmud Syah Turunan Bugis
28 1781-1795 Alauddin Muhammad Syah Turunan Bugis
29 1795-1823 Sultan Alauddin Jauhar al-Alam Turunan Bugis
30 1815-1820 Sultan Syarif Saif al-Alam Turunan Bugis
29 1795-1823 Sultan Alauddin Jauhar al-Alam Turunan Bugis
31 1823-1838 Sultan Muhammad Syah Turunan Bugis
32 1838-1857 Sultan Sulaiman Syah Turunan Bugis
33 1857-1870 Sultan Mansur Syah Turunan Bugis
34 1870-1874 Sultan Mahmud Syah Turunan Bugis
35 1874-1903 Sultan Muhammad Daud Syah Turunan Bugis

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o Lombard, Denys (2008). Kerajaan Aceh: Zaman Sultan Iskandar Muda (1607-1636). Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 110-111
  2. a b c Poesponegoro, Marwati Djoened., Nugroho Notosusanto.2008.Sejarah Nasional Indonesia III.Jakarta: Balai Pustaka
  3. P.Voorhoeve., Snouck Hurgronje dina Djajadiningrat.1960.Atjeh Encyclopedia of Islam.Leiden
  4. J.P. Moquette.1914.Verslag van Mijn voorlopig onderzoek de Mohammedaansehe oudheden in Atjeh en onderhoorigheden. O.V. Bijlage hlm. 73, 80
  5. J. Kathirithamby-Wells.1969.Achenese control over West Sumatra up to the treaty of 1663. J.S.A.H Vol. X No 3 hlm. 457
  6. Tjandrasasmita, Uka dina Seminar Nasional Sumbangan Islam terhadap Kebangkitan Bangsa "Jaringan Perdagangan Kesultanan Indonesia Abad XV-XVIII" Jakarta, 24-25 Séptémber 2002
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u Reid, Anthony.2005.Asal mula konflik Aceh: dari perebutan pantai Timur Sumatra hingga akhir kerajaan Aceh abad ke-19. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia
  8. Dasgupta, A.K.1962.Aceh in Indonesia Trade and Politics. USA: University Microfilm Ann Arbor-Michigan
  9. Soekmono, R.1981.Pengantar Sejarah Kebudayaan Indonesia 3.Jakarta:Kanisius
  10. a b Sadirman.2008.Sejarah 2. Jakarta:Yudhistira