Karajaan Kalinyamat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Karajaan Kalinyamat (ogé dikenal Karajaan Jepara) nyaéta karajaan Jawa abad kagenep belas anu puseurna di Jepara. Boh Kalinyamat jeung Jepara asalna dua kadipaten misah nu tunduk kana Kasultanan Demak. Sanggeus Pangeran Trenggana pupus, Kalinyamat meunangkeun Jepara, Pati, Juwana, jeung Rembang.[1]

Puncak kajayaanana lumangsung dina pertengahan abad kagenep belas nalika Kalinyamat dipingpin ku Ratu Kalinyamat. Dina taun 1551 jeung 1574, Kalinyamat nyieun ékspédisi ka Portugis Melaka pikeun ngusir Portugal ti Hindia Wétan bari ngaluaskeun kakawasaanana ka luar Jawa, saperti Kalimantan Kulon jeung Pulo Bawean.[2][3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Awal mimitina[édit | édit sumber]

Wilayah Kalinyamat ayana kurang leuwih 18 km ka leuweung ti Jepara. Dina abad kagenep belas éta wewengkon jadi puseur pamaréntahan pikeun dayeuh palabuan Jepara. Numutkeun salah sahiji catetan naskah, Kalinyamat diadegkeun ku Juragan Tionghoa ngaranna (sanggeus diganti ku basa Jawa) Wintang, anu kapalna kandas di basisir Jepara. Nalika anjeuna sumping di Jepara (Jung Mara) dina kaayaan malarat, tuluy anjeuna dibantuan diajar basa daerah ku sabangsana anu samemehna asup Islam. Teras anjeunna diislamkeun ku Sunan Kudus sareng gentos namina janten Rakit. Sababaraha waktu ti harita, anjeunna ngadegkeun hiji dukuh di sisi jalan antara Kudus jeung Jepara anu laun-laun jadi tempat anu maju jeung pesat. Anjeunna teras ngawula ka Sultan Trenggana di Demak, sareng ngagaduhan salah sahiji putri Sultan Trenggana janten pamajikana. Nurutkeun silsilah Karajaan Demak, éta putri kacatet minangka Ratu Aria Jepara atawa dina Babad Tanah Jawi disebut Ratu Kalinyamat.[4]

Pupusna Sultan Hadlirin[édit | édit sumber]

Dina taun 1549 kulawarga Sunan Prawata, sultan Demak kaopat, dipaéhan ku Rangkut jeung Gopta, bawahana Arya Penangsang, bupati Jipang Panolan. Ratu Kalinyamat manggihan keris Kyai Betok milik Sunan Kudus napel dina mayit lanceukna. Ku kituna, Pangeran jeung Ratu Kalinyamat indit ka Kudus ménta katerangan. Nurutkeun Babad Tanah Jawi, Ratu Kalinyamat datang pikeun nungtut kaadilan pupusna lanceukna, tapi Sunan Kudus ngadukung Arya Penangsang dina perebutan tahta sanggeus Sultan Trenggana pupus. Dijelaskeun, waktu keur ngora Sunan Prawata geus maehan Pangeran Sekar Seda ing Lepen, ramana Arya Penangsang. Ku kituna, Sunan Kudus ningali éta minangka imbalan.

Ratu Kalinyamat kuciwa ku sikep Sunan Kudus. Manéhna jeung salakina milih mulang ka Jepara. Di jalan, aranjeunna disergap ku anak buah Arya Penangsang nepika Pangeran Kalinyamat pupus. Nanging ratu Kalinyamat berhasil kabur tina kajadian rajapati eta. Manéhna tuluy hayang males kanyeri ku cara ménta tulung ka iparna, nyaéta Hadiwijaya, bupati Pajang, sabab manéhna hiji-hijina nu boga kakuatan nu sarua jeung bupati Jipang. Hadiwijaya segan langsung nyanghareupan Arya Penangsang sabab duanana anggota kulawarga Demak. akhirna anjeunna ngayakeun pasanggiri anu dipasihan hadiah tanah Mataram sareng Pati. Pasanggiri ieu dimeunangkeun ku Ki Ageng Pamanahan jeung Ki Panjawi. Arya Penangsang pupus di tangan putra Ki Ageng Pemanahan, Sutawijaya jeung berkat siasat tina Ki Juru Martani.

Sanggeus Arya Penangsang[édit | édit sumber]

Ratu Kalinyamat malik tahta sanggeus Arya Penangsang pupus taun 1549. Satuluyna Kalinyamat, Demak, jeung Jipang jadi bawahan Pajang, dipingpin ku Sultan Hadiwijaya. Sanajan kitu, Hadiwijaya tetep nganggap Ratu Kalinyamat salaku inohong anu dipihormat, malah Hadiwijaya teu boga niat ngawas Kalinyamat. Kitu deui jeung Ratu Kalinyamat anu teu ningali Pajang jadi halangan. Kacatet para padagang ti Acéh, Melaka, Banten, Demak, Semarang, Tegal, Bali, Makasar, Banjarmasin, Tuban jeung Gresik ogé ngahirupkeun Jepara. Bisa disebutkeun yén Palabuhan Jepara mangrupa tempat transaksi perdagangan internasional. Ratu Kalinyamat ogé ngumpulkeun bea cukai pikeun unggal kapal anu transaksi di Palabuhan Jepara. Hasil tina perdagangan béas jeung cukai ngajadikeun Jepara jadi karajaan anu makmur. Dina hiji carita, Kaagungan jeung kawani Ratu Kalinyamat diakuan ku sejarawan Portugis Diogo do Couto dina buku nu judulna Da Asia de João de Barros kalawan babasan Rainha de Japara, senhora poderosa, e rica nu hartina "ratu Jepara, wanoja kakawasaan. jeung kakayaan."[5][6]

Hubungan jeung Maluku[édit | édit sumber]

Sumber-sumber basa Portugis ngalaporkeun yén Karajaan Tanah Hitu sababaraha kali menta tulung ka Kalinyamat ngalawan Portugis sarta suku-suku séjénna anu masih turunan maranéhanana, nyaéta Suku Hative. Bantuan kahiji dikirimkeun dina taun 1565. Perlawanan ieu ngahasilkeun pangaruh ka Portugis 10 taun sanggesna anu lalaunan ninggalkeun Maluku.[7]

Kamunduran[édit | édit sumber]

Sanggeus Ratu Kalinyamat pupus dina warsih 1579, kakawasaanana diganti ku putra angkatna, Pangeran Arya Jepara. Sanajan pangaruhna teu kuat saperti bibina, kakawasaan Arya Jepara di wewengkon laut tetep dipikahormat.[8] Taun 1580, Maulana Yusuf, Raja Banten jeung pahlawan nu ngarebut Pajajaran, pupus. Anjeunna ngan ninggalkeun putra anu ngora kénéh. Numutkeun para sastrawan sajarah di Banten, pangeran Jepara anu masih lanceukna Maulana Yusuf, nungtut hakna kana tahta Kasultanan Banten. Anjeunna sareng panglima armada Demang Laksamana angkat ti Jepara ka Banten. Tapi dugi ka dinya, Demang Laksamana tiwas dina perang ngalawan Perdana Mentri Banten, ku kituna Pangean Jepara kapaksa mulih. Ti saprak kajadian ieu, pangaruh pamaréntahan Jepara di Jawa Kulon lekasan.[9]

Dina mangsa pamarentahan Pangeran Arya Jepara, Kasultanan Mataram anu dipingpin ku Sutawijaya sababaraha kali nyoba nalukkeun Kalinyamat, tapi gagal sabab Kota Jepara ditangtayungan ku benteng ngalingkar anu nyanghareup ka pedalaman sarta dijaga ketat ku pasukanana. Nurutkeun para pelaut Walanda anu nuturkeun ekspedisi Eerste Schipvaert I, dina abad ka genep belas lolobana kota palabuan di Jawa dikurilingan ku tembok batu atawa kai di sisi anu nyanghareup ka pedalaman.[10] Ngan dina taun 1599 Mataram berhasil nalukkeun Kalinyamat kalayan serangan anu ngancurkeun dayeuh Jepara, sacara fisik, politik, jeung ékonomi.[8][11] Dina surat Walanda taun 1615 (Colenbrander, Coen VII: 45), aya kecap ngeunaan destructie anu hartina karusakan di Kota Jepara. Serangan Kasultanan Mataram ti pedalaman ka kota palabuan basisir nimbulkeun karuksakan anu kacida gedéna, jeung kamungkinan Karajaan Kalimat téh salah sahiji anu jadi korban serangan éta.[10] Sumber tradisional ngarujuk kana kajadian ieu salaku bedhahe Kalinyamat, anu hartina "runtuhna Kalinyamat".[12]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Hayati 2000, p. 40.
  2. Ricklefs 2008, p. 41.
  3. Hayati 2000, p. 31 jeung 67.
  4. de Graaf 2019, p. 173-174.
  5. de Graaf 2019, p. 44.
  6. Brandeis University Libraries, João de (1778). Da Asia de João de Barros e de Diogo de Couto. Lisboa : Na Regia officina typografica. 
  7. RS, Zen. "Kerajaan Tanah Hitu dan Jurang Dua Agama di Maluku". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-11-30. 
  8. a b Hayati 2000, p. 67.
  9. de Graaf 2019, p. 180.
  10. a b de Graaf 2019, p. 181.
  11. Supriyono 2013, p. 35.
  12. Sejarah dan hari jadi Jepara (dalam Indonesian). Panitia Penyusunan Hari Jadi Jepara, Pemerintah Kabupaten Daerah Tingkat II Jepara. 1988. 

Daptar pustaka[édit | édit sumber]