Lompat ke isi

Lokatmala

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Lokatmala
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
A. vulgaris
Ngaran binomial
Artemisia vulgaris
Gambar pedaran lokatmala dina hiji buku wedalan abad ka-19

Lokatmala (Artemisia vulgaris) nyaéta tutuwuhan ti genus Artemisia, nu asalna pituin Éropa, Asia, jeung Afrika kalér, tapi kiwari malah geus ngagalaksak di Amérika Kalér. Biasana tumuwuh di taneuh nu euyeub nitrogén, kayaning di lahan-lahan nganggur jeung sisi-sisi jalan.[1]

Lokatmala téh tutuwuhan terna taunan nu jangkungna ka 1–2 m (kadang 2,5 m). Daunna panjang (5–20 cm), héjo kolot, rada méncos, bagian handapna buluan bodas. Kembangna nu laleutik (panjang 5 mm) bijil bulan Juli nepi ka Séptémber, sok diseuseup ku sababaraha spésiés Lepidoptera (kukupu).[2]


Mangpaat

[édit | édit sumber]

Lokatmala ngandung tujona anu toksik, ku kituna kudu disingkahan utamana ku wanoja nu keur kakandungan. ku sabab ngandung racun, kiwari lokatmala tara dituang, najan sacara tradisional sok dipaké pikeun natambaan kasakit.

Katuangan

[édit | édit sumber]

Daun jeung kuncup kembang lokatmala sok dipaké ngabungbuan gajih, daging, jeung lauk. Di Jérman, katelahna Beifuß, lokatmala sok dipaké ngabungbuan daging soang, utamana beuleum soang dina idangan natalan.

Di Koréa jeung Jepang, lokatmala dipaké pikeun ngahéjoan kuéh ketan/sangu dina rupa-rupa kariaan sarta ngabungbuan angeun. Gunana pikeun natambaan kasakit gumantung di mana tumuwuhna.

Alérgén

[édit | édit sumber]

Serbuksari kembang lokatmala bisa ngabalukarkeun asma jeung rhinitis alérgik (Ing. hay fever), utamana di Éropa Kalér, Amérika Kalér, jeung sabagian Asia[3][4]. Serbuksari lokatmala paling jauh hiber nepi ka kira 100 m[5], lolobana hiber jam 9-11-an. Masarakat di Finlandia biasa nyegah ieu alérgi ku cara ngabaseuhan tangkalna[5], antukna sumebarna teu pati jauh[6]].

Méncosna daun lokatmala nunjukkeun kakolotanana

Tangkal lokatmala ngandung minyak éter (kayaning sinéola jeung tujona), flavonoid, terpéna, jeung turunan/derivat kumarin. Dina Sanskrit, ieu tutuwuhan katelah nagadamni, dipaké dina Ayurwéda pikeun natambaan gangguan ati[7]. Di Indonésia, urang Sunda, maké daun lokatmala pikeun méré sihan getih wanoja nu tas ngajuru atawa anggeus kareseban[8].

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  2. Bagus Pratama, Aditya; Firzatullah Dwiko R. (2021). Khasiat Tanaman Obat Herbal. Jakarta: Pustaka Media. p. 60. ISBN 9786028214537. 
  3. [1]
  4. [2]
  5. a b [3]
  6. [http://www.allergia.com/index.phtml?s=849
  7. Ramawat, K. G., Ed. (2004). Biotechnology of Medicinal Plants: Vitalizer and Therapeutic Enfield, New Hampshire: Science Publishers, Inc. 5.
  8. Rosita, S.M.D., Otih Rostiana, E.R. Pribadi & Hernani. (2007). Penggalian iptek etnomedisin di Gunung Gede Pangrango. Bul. Littro. XVIII (1): 13-28.

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]