Maung tutul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search
Maung Sancang
Maung Sancang Aprika di Kénya
Status konservasi
Status konservasi: Lower risk (lc)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Filum: Chordata
Kelas: Mamalia
Order: Karnivora
Kulawarga: Felidae
Génus: Panthera
Spésiés: P. pardus
Ngaran binomial
Panthera pardus
(Linnaeus, 1758)

maung sancang (Macan tutul, Leopards, Panthera pardus) mangrupa salah sahiji ti opat 'maung' dina genus genus Panthera. Dedeganana teu sarua, ti mimiti panjang saméter nepi ka ampir dua méter, nu rata-rata beuratna antara 30-70 kg. Nu jalu bisa leuwih ti 90 kgs, sedengkeun bikangna mah kira dua pertiluna. Ditilik tina ukuranana mah, maung sancang téh kaasup bangsa ucing pangkuatna sanggeus jaguar. maung sancang lolobana boga bulu konéng-emas kalawan totol hideung bentuk kembang

Maung tarum (panther) mangrupa maung sancang (atawa jaguar) mélanistik, boga mutasi nu ngabalukarkeun leuwih lobana produksi pigmén hideung (eumélanin) batan pigmén konéng emas (péomélanin). Hasilna, bulu ieu maung jadi ampir hideung meles, da mun disidikkeun mah totolna téh masih bisa katempo. Lian ti tarum, aya ogé maung bodas.

Najan ukuranana badag, sato nu sok liar peuting sarta prédator arboréal téh hésé kawénéhanana.

Subspésiés[édit | édit sumber]

Aya kira 7-30 subspésiés maung sancang (salah sahijina geus lastari), najan teu sakabéhna ditampa ku para ahli:

Maung tarum[édit | édit sumber]

maung sancang pseudo-mélanistik boga kelir dasar nu normal, tapi ku sabab totolna kerep pisan, katémbongna kawas hideung meles. Di sababaraha spésiés, bagian nu kelirna hideung téh ngalegaan, antukna ukur nyésakeun garis coklat nu nunjukkeun kelir dasar

Dina hiji makalah ngeunaan maung tarum Asia, Pocock ngagunakeun poto kulit maung sancang ti India kidul; totolna baradag, nu masing-masing ngandung sababaraha totol antukna kawas jaguar atawa méong congkok. Kulit maung sancang Pocock lianna di India kidul totolna normal, tapi pigmén tambahanana loba pisan antukna kawas maung tarum totol konéng.

Ciri pangbéda[édit | édit sumber]

Maung, utamana nu totol, kadang sok pahili antara nu hiji jeung nu séjénna, komo mun nempona di kebon binatang atawa poto. maung sancang (leopard) téh deukeut pisan jeung jaguar, tapi rada jauh jeung citah mah. Cara anu gampang pikeun ngabédakeunana nyaéta ku nganyahokeun ti mana asalna.

maung sancang mah ayana ukur di Aprika jeung Asia, sedengkeun jaguar ukur di Amérika. Ciri lianna: maung sancang mah teu boga totol dina jero kembangna, sedengkeun jaguar, lian ti kembangna leuwih badag, ogé di jerona sok aya totolan. Nu diiwalkeun téh ukur dua: maung sancang Amur jeung maung sancang Cina Kalér, nu leuwih leutik.

Lian ti panémbongna, maung sancang jeung jaguar ogé mibanda pola paripolah nu sarupa. Jaguar bisa nyaluyukeun manéh kana rupa-rupa habitat, ti leuweung hujan nepi ka tegalan. Kitu ogé maung sancang nu bisa hirup di leuweung geledegan, tegalan, pagunungan, nepi ka sagara keusik.

Citah, najan habitatna méh sarupa jeung maung sancang, gampang pisan dibédakeunana. maung sancang mah leuwih beurat, leuwih ngeusi, babandingan hulu jeung awakna leuwih badag, sarta totolna mangrupa kembang, lain titik. Citah lumpatna leuwih tarik batan maung sancang, sarta hirupna leuwih condong diurnal, sedengkeun maung sancang mah sok liar peuting (nokturnal). Citah mah hirupna dina taneuh, sedengkeun maung sancang mah sok tétérékélan dina tatangkalan.

Sebaran jeung konservasi[édit | édit sumber]

Saméméh ayana pangaruh manusa, maung sancang téh mangrupa bangsa ucing nu paling sumebar di sakuliah dunya: ampir di sakuliah Aprika (iwal sagara keusik Sahara), ogé di Asia Minor. Urang masih bisa manggihan ieu sato di Tatar Arab, India, Pakistan, Cina, Sibéria, Asia Tenggara darat, sarta pulo Jawa jeung Sri Langka.

Salaku prédator badag, kahirupan maung sancang mah kaitung nyugemakeun. Dumasar panalungtikan, kiwari gé aya kira satengah juta maung sancang di sakuliah dunya. Tapi, kawas maung lianna, beuki dieu maung sancang gé beuki béakeun habitat, komo mun loba kénéh nu moro mah. ku sabab pinter nyamuni/nyaru, maung sancang kadang bisa hirup deukeut jeung padumukan manusa.

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

  • Leopard, Wikipédia édisi basa Inggris (9 Juni 2006)

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]