Metoklopramid

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Metoclopramide.svg
Metoclofinal.png
Metoklopramid
Ngaran sistimatik (IUPAC)
4-Amino-5-chloro-N-(2-(diethylamino)ethyl)-2-methoxybenzamide
Identifiers
Nomer CAS 364-62-5
Sandi ATC A03FA01
PubChem 4168
DrugBank DB01233
ChemSpider 4024
Data kimia
Rumus C14H22ClN3O2 
Mass. mol. ?
Synonyms Metoclopramida,Metoclopramide, Metoclopramidum
Data fisika
Titik lééh 147.3 °C (297 °F)
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas 80 ± 15% (ngaliwatan baham)
Metabolisme Liver
Waktu paruh 5–6 jam
Eksresi Urine: 70–85%
Feces: 2%
Therapeutic considerations
Licence data

US

Kat. kehamilan

A(AU) B(US)

Legal status

?(AU) ?(CA) POM(UK) -only(US)

Jalur Ngaliwatan baham, intravenous, intramuscular

Metoklopramid nyaéta ubar nu dipaké pikeun ngungkulan sababaraha masalah di esofagus jeung lambung.[1][2] Ubar ieu dipaké pikeun perawatan jeung nyegah sebel sarta utah ka pasén nu ngarandapan panyakit magh,[3] metoklopramid ogé dipaké pikeun pasén diabétes nu ngabogaan kasulitan dina ngosongkeun padaharan (gatroparesis).[4][5][6]

Sajarah[édit | édit sumber]

Metoklopramid munggaran dimekarkeun dina taun 1964 ku Louis Justin-Besançon jeung Charles Laville. Mimitina ubar metoklopramid dipaké pikeun ngendalikeun sebel ka pasén nu ngarandapan nyeri sirah jeung migrén, nu tuluy dipaké ogé pikeun nyegah sebel ka pasén nu diakibatkeun ku éfék terapi radiasi jeung kémotérapi kanker. Ubar ieu tuluy dipaké sacara umum di taun 1980 jeung jadi ubar nu ilahar dipaké pikeun ngendalikeun nausea nu disababkeun ku anastési jeung perawatan gastritis.[1]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Ubar ieu geus ilahar dipaké pikeun ngungkulan sababraha kasakit nu aya patalina jeung lambung kayaning rasa panas di beuteung (heartburn), asam lambung, maagh, GERD, nulungan pikeun ngosongkeun padaharan ka pasén nu ngarandapan kasakit diabétes Metoklopramid dina bentuk tablét oral dipaké pikeun ngubaran simtomatik gastroparesis diabetes akut jeung kambuhan, lian ti éta ngubaran panyakit refluks gastroesofagus (GERD) ka pasén nu gagal ngaréspon terapi tradisional. Salian ti éta metoklopramid ogé dipaké pikeun nyegah sebel jeung utah nu disababkeun ku kémotérapi atawa radiasi pikeun ngubaran kanker.[3][4][7][5]

Cara gawé[édit | édit sumber]

Metoklopramid gawé kucara ngahambat substansi natural (dopamine), ngagancangkeun pangosongan padaharan jeung pergerakan usus. .Dina ngurangan rasa sebel, metoklopramid gawé kucara ngadorong kadaharan leuwih gancang ti lambung ka usus.[1][3]

Cara maké[édit | édit sumber]

Ieu dihandap cara maké ubar metoklopramid:[3][7]

  • Pastikeun pikeun maca aturan maké dina kemasan ubar jeung turutkeun aturan dokter
  • Metoklopramid dina bentuk tablét diinum 30 menit saaacan dahar jeung saacan saré.
  • Mun nginum metackopramid dina bentuk sirup, paké séndok takar nu aya dna kemasan supaya dosisna saluyu
  • Konsumsi metoklopramid sacara taratur di waktu nu sarua unggal poéna,
  • Gejala mun ubar dieureunkeun kayaning ringrang, lieur, nyeri sirah, gulisah, mun pasén ngeureunkeun ubar ieu tampa resép dokter. Pikeun nyingkahan hal ieu, dokter biasana ngurangan dosis sacara saeutik-saeutik,
  • Konsultasikeun ka dokter mun kaayaan anjeun teu robah.
  • Metoklopramid oral diinum salila 4 nepi ka 12 minggu
  • Prosedur oral medis metoklopramid
  • Ulah maké ubar ieu dina sababaraha jenis atawa bentuk (waktu nu sarua)

Hal nu kudu diperhatikeun[édit | édit sumber]

Saacan maké metoklopramid, perhatikeun sababaraha hal ieu:

  • Jéntrékeun dokter jeung apotéker,mun anjeun miboga alérgi metoklopramid, ubar -ubar lianna, atawa salah sahiji bahan nu aya dina jero metokloropamid, dina bentuk tablét atawa cairan.[2]
  • Jéntrékeun dokter jeung apotéker ubar naon waé nu keur diinum, kaaasup ubar hérbal jeung vitamin, kaasup acetaminophen (Tylenol, dll); antihistamine; aspirin; atropine (dina Lonox, dina Lomotil); cyclosporine (Gengraf, Neoral, Sandimmune); barbiturates kayaning pentobarbital (Nembutal), phenobarbital (Luminal), jeung secobarbital (Seconal); digoxin (Lanoxicaps, Lanoxin); haloperidol (Haldol);insulin; ipratropium (Atrovent); lithium (Eskalith, Lithobid); levodopa (in Sinemet, in Stalevo); ubar pikeun ngungkulan geumpeur, tekanan darah, panyakit usus, motion sickness, sebel, panyakit Parkinson, tukak lambung, atawa masalah kemih; monoamine oxidase (MAO) inhibitors, kaasup isocarboxazid (Marplan), phenelzine (Nardil), selegiline (Eldepryl, Emsam, Zelapar), jeung tranylcypromine (Parnate); ubar narkotika keur rasa nyeri; ubar keur penenang; obat saré; tetracycline (Bristacycline, Sumycin); atawa tranquilizers. Dokter aya kamunngkinan kudu ngarobah dosis pangobatan.[3]
  • Jéntrékeun ka dokter mun anjeun keur katarajang atawa kungsi boga panyakit beuteung atawa usus nu mangpet, getihan, soék, pheochromocytoma (tumor di kelenjar leutik deukeut ginjal); atawa kejang-kejang[2][3]
  • Jéntrékeun ka dokter mun anjeun keur katarajang atawa kungsi boga panyakit Parkinson (PD; kalainan sistem saraf nu nyababkeun hésé gerak, ngontrol otot, jeung ngajaga kasaimbangan); tekanan darah tinggi, déprési, kanker payudara; asma; kakurangan glucose-6-phosphate dehydrogenase (G-6PD) (panyakit kalainan getih turunan); kakurangan NADH cytochrome B5 reductase (panyakit kalainan getih turunan); atawa panyakit jantung, haté, atawa ginjal[3]
  • Jéntrékeun ka dokter mun anjeun keur hamil, miboga rencana keur hamil, atawa keur nyusuan[2][4]
  • Mun anjeun keur ngajalanan operasi, kaasup operasi huntu, [4]
  • Kudu dipikanyaho mun ubar ieu nyababkeun tunduh. Ulah mawa mobil atawa ngajalankeun mesin nepi ka anjeun apal sajauh mana ubar ieu miboga éfék kana awak anjeun [4]
  • Konsultasikeun ka dokter mun anjeun ngonsumsi alkohol,[4]
  • Ulah maké ubar ieu leuwih ti 12 minggu, kusabab miboga résiko tardive dyskinesia, nyaéta gerakan biwir, létah, beungeut, leungeun, jeung tungkai nu teu ka kontrol.[4]

Interaksi Metoklorpramid[édit | édit sumber]

Interaksi jeung ubar séjén bisa mangaruhan cara gawé ubar jeung ningkatkeun résiko éfék samping nu leuwih bahaya. Ieu dihandap sbabaraha ubar nu interaksi jeunng metoklopramid, konsultasikeun heula ka dokter saacan nginum ubar metoklopramid:

  • Promethazine: Interaksi ubar metoklopramid jeung promothazine bisa nyababkeun gejala kayaning parkinson, jeung gerakan otot nu teu normal, ngakombinasikeun ieu ubar bisa ningkatkeun résiko éta.[8]
  • Setraline: maké ubar ieu jeung setralyne bisa ningkatkeun résiko kaayan nu langka tapi serius, nu disebut sindrom serotonin, gejalana kayaning linglung, halusinasi, kejang, parobahan ekstrem tekanan darah, ngaronjatna ratug jantung, panas awak, késangan, panas tiris, titinggalian nu teu jelas, kejanng otot atawa kaku, tremor jsb.[9]
  • Morphine: Nginum ubar ieu jeung metoklopramid bisa nyababkeun ngurangan éfék metoklopramid, salian ti éta bisa ningkatkeun éfék samping saraf kayaning lieur, tunduh, lingllung, sarta hésé konséntrasi.[10]
  • Tramadol: pamakéan ubar ieu jeung metoklopramid bisa nyababkeun kejang.[11]
  • Xanax: pamakéan alprazolam (xanax) jeung metklopramid bisa ningkatkeun éfék samping kayaning lieur, tunduh, linglung, sarta hésé konsentrasi.[12]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Éfék samping mangrupakeun hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu dihandap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum metoklopramid:[3][4][13]

  • Nyeri sirah, lieur, halusinasi
  • Sebel, utah, diaré, panas awak, kejang
  • Lalungsé, tunduh, leuleus,
  • Parobahan siklus méntruasi
  • Impotén
  • Ginekomastia.
  • Galaktorea atawa ci susu nu teu kaluar.
  • Leungeun atawa suku nu ngadégdég atawa trémor
  • Pergerakan otot dina beungeut nu teu bisa ka kontrol (ngagayem, ngétap, létah nu gerak, ngiceup, gerakan bola panon).

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c "Metoclopramide". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-23. 
  2. a b c d "Metoclopramide: Uses, Dosage, Side Effects". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  3. a b c d e f g h "Metoclopramide : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-23. 
  4. a b c d e f g h "Metoclopramide". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-23. 
  5. a b "Metoclopramide | Side Effects, Dosage, Uses, and More". Healthline. Diakses tanggal 2020-06-23. 
  6. "Metoclopramide: MedlinePlus Drug Information". medlineplus.gov. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  7. a b "Metoclopramide: Uses, Dosage, Side Effects". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-23. 
  8. "Metoclopramide and promethazine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  9. "Metoclopramide and sertraline Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  10. "Metoclopramide and morphine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  11. "Metoclopramide and tramadol Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  12. "Metoclopramide and Xanax Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24. 
  13. "Metoclopramide Side Effects: Common, Severe, Long Term". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-24.