Mikania micrantha
| Areuy | |
|---|---|
| (Mikania micrantha) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | M. micrantha |
Areuy (Mikania micrantha) nyaéta tutuwuhan hérba ngarambat tina kulawarga Asteraceae (Compositae).[1] Areuy nyaéta tutuwuhan ngarambat nu dipikawanoh pikeun tumuwuhna nu kuat jeung pohara.[2] Tutuwuhan ieu bakal tumuwuh nalika aya tempat nu miboga kasuburan alus, bahan organik, kalembapan taneuh jeung hawa nu gedé.[2] Areuy sok tumuwuh gancang jeung aya dina daftar gulma kadua nu bahaya di Federasi jeung nagara bagian Florida.[3] Areuy kakenal sok maéhan tutuwuhan séjén ku cara motong cahya jeung nyésékkeun tutuwuhan eta.[2] Areuy mangrupa salah sahiji tina tilu gulma entéh pang goréngna di India jeung Indonésia jeung gulma Karet di Sri Langka jeung Malaysia.[2] Tutuwuhan ieu asalna ti daérah kidul tropis jeung Amrerika tengah ngan ayeuna geus sumebar di India, Asia Tanggara, kapuloan Pasifik jeung Cina kidul kaasup Guangdong jeung Hongkong.[1][3] Areuy mimiti datang ka India sanggeus Perang Dunia II salaku kamuflase lapang udara jeung ayeuna jadi gulma utama.[2] Tutuwuhan ieu dikenal ogé salaku gulma nu pang lobana jeung ngadatangkeun masalah di Kawasan Pasifik.[2] Sikina disebarkeun ku angin jeung sok kabawa ogé kana pakéeun atawa buuk.[2]
Referensi
[édit | édit sumber]- 1 2 (en)About Mikania (diakses 8 Maret 2016)
- 1 2 3 4 5 6 7 (en)Species and Ecology Archived 2016-03-05 di Wayback Machine (diakses 8 Maret 2016)
- 1 2 (en)Micania micrantha Archived 2016-04-14 di Wayback Machine (diakses 8 Maret 2016)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |