Lompat ke isi

Nanangkaan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nanangkaan
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
E. hirta
Ngaran binomial
Euphorbia hirta
Sinonim
  • E. piluifera var. hirta (L.) Thell.
  • E. capitata Wall.

Nanangkaan; Patikan kebo; Euphorbia hirta L nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Euphorbiaceae.[1]Loba kapanggih hirup liar di kebon, galengan sawah, tegalan, sisi jalan, sakapeung ogé kapanggih diburuan imah.[1] Mangrupakeun tutuwuhan liar, nanangkaan kagolongkeun kana hama peperlakan, ku lantaran sok milu hirup dina saggireun tutuwuhan nu ngahaja dipelak.[1]

Vernakular

[édit | édit sumber]

Nanangkaan dina basa Indonésia disebut ogé patikan kebo, di sababaraha daérah nanangkaan disebut ogé: nona gendong anak, daun biji kacang, gelang susu, patikan jawa, kak-sekakan, sosononga, jeung sajabana. Dinagara séjén nanangkaan ogé kapanggih hirup, kalayan mibanda ngaran anu béda-béda: di Cina katelahna fei yang ca, Urdu: lal dodhak, Bengali: boro-keruie, barokhervi, Gujarati: dudeli, Hindi: baridhudi, dudh ghas, dudhi, Jeung réa-réa deui.[2]

Kandungan kimia

[édit | édit sumber]

Nanangkaan mibanda kandungan kimia diantarana: myricyl alkohol, taraxerol, friedlin, betha amyrin, beta sitosterol, beta aufol, eufoorbl, triterpenoid eufol, tirukalol, eufodterol, hentricontane, flavonoid, tanin, jeung elagic acid (kembang).[3] Sagigireun mibanda sipat dieuratik, nanangkaan ogé mibanda sipat racun, anti-inflamasi, jeung ngaleungitkeun ararateul (antipuritik).[3]

Mangpaat jeung kagunaan

[édit | édit sumber]

Tangkal jeung daunna bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran rupa-rupa kasakit. [3] Pikeun ngubaran kasakit anu aya di jero awak, ku jalan daun, tangkal jeung akarna bisa digodog tuluy diinum caina, atawa bisa waé daun jeung tangkal katut akarna di poe sangkan garing, tuluy ditinyuh minangka téh hérbal.[3] Pikeun ngubaran kasakit nu aya di luareun awak, daun, tangkal jeung akarna bisa dipaké kujalan dibebek atawa dirieus nepi ka lembut, tuluy ditaplokeun kana palebah nu nyeri.[3]

Nanangkaan bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit:

  1. Nyeri beuteung
  2. Gangguan kahampangan
  3. Brokhitis
  4. Mengi/Asma
  5. Gangguan cai susu
  6. Typus abdominalis
  7. Tinea pedis jeung eksim
  8. Gangguan ginjal (Pyelitis, nephritis)

[3][4]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b c J. Sugito, Yudi Haryanto, Tim Penyusun Kamus PS (2013). KAMUS PERTANIAN UMUM. Jakarta: Penebar Swadaya Grup. p. 380. ISBN 9789790025936. Diakses tanggal (disungsi – 31 Méi 2020). 
  2. "Euphorbia hirta: Its chemistry, traditional and medicinal uses, and pharmacological activities". Pharmacognosy Rev 4 (7): 58–61. 2010. doi:10.4103/0973-7847.65327. 
  3. a b c d e f Sangat, Ervizal A. M. Zuhud, Ellyn K. Damayanti, Harini M. (2000). Kamus Penyakit dan Tumbuhan Obat Indonesia: (Etnofitomedika I). Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. p. 50. ISBN 9786024331283. Diakses tanggal (disungsi – 31 Méi 2020). 
  4. Permadi S.Si, Adi (2006). Memacu Pertumbuhan Gurami. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 86. ISBN 9789794894712. Diakses tanggal (disungsi – 31 Méi 2020).