Lompat ke isi

Nepenthes gracilis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Nepenthes gracilis
Tutuwuhan kantong semar nu hirup dina rurungkunan baseuh.
Nepenthes gracilis
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
gracilis
Ngaran binomial
Nepenthes gracilis

Nepenthes gracilis nyaéta tutuwuhan karnivora tina génus kantong semar (Nepenthes) anu ukuranna leutik.[1] Sumebarna umumna di Brunei Darussalam, Indonesia (Sumatera[2], Kalimantan, Sulawesi), Malaysia (Sabah, Sarawak, Semenanjung Malaysia), Singapura[3], jeung Thailand.[4][5]


Morfologi[édit | édit sumber]

Panjang areuyna bisa nepi ka 5 méter. Kembangna aya anu kelir bodas, héjo, kayas atawa coklat. Panjang tutup buahna 14-35 mm.[5] Kandel batang areuyna 5 mm.[6] Daunna kandel jeung kaku, tanpa catang,[7] panjangna 15 cm, rubak 3 cm, congona seukeut, kana arah tanglana beuki leutik, areuyna 7-15 cm. Kantong handap jeung rosét wangunna buleud sarupa endog ti bagian 1/4-1/3 handap, jeung 2/3 bagian luhur wangunna silindris, jangkungna 10 cm, rubak 3 cm. Jangjangna dua, rubakna 3 mm, sisina aya rumbai atawa rambut getar, manjang ti luhur ka handap kalawan pinuh.[8] Liang bahamna buleud saperti endog, panjang 2,5 cm, rubak 1,8 cm. Panutup liangna buleud jeung bagian puhuna saperi wangun jantung, panjang kira-kira 2 cm, rubak 2 cm.[6][9]  

Puhu tangkal jeung akar Nepenthes gracilis rélatif katutupan ku gundukan sirung jeung akar, ari bagian daun, kantong jeung batangna mah ngarambat nuturkeun datangna cahaya panonpoé (tempat nu nembrak).[10] Jumlah kantong tina ieu tutuwuhan bisa béda, gumantung tempatna hirup.[11] Dina leuweung kerangas nu nembrak jumlah kantongna leuwih réa ti batan anu hirup di tempat nu kaiuhan. Ieu mangrupa pangaruh tina intensitas gahaya panonpoé.[10]

Habitat[édit | édit sumber]

Nepenthes gracilis nyaéta spésiés kantong semar anu pangréana kapanggih dina rupa-rupa tipeu leuweung. Ieu tutuwuhan bisa tumuwuh jeung baranahan kalawan hadé di hutan kerangas nu nembrak, jeung leuweung kerangas nutup kanopi tatangkalan. Kamampuhna anu kawilang hadé pikeun adaptasi di lingkungan anu ékstrim. Jumlah individu Nepenthes gracilis bakal ngaronjat upama dibandingkeun jeung jinis Nepenthes linanna di leuweung kerangas nu geus nembrak. Jumlah individu Nepenthes gracilis anu luhur jadi indikasi yén ieu tutuwuhan mangrupa jinis panaratas dina leuweung kerangas anu teu kaiuhan ku tatangkalan.[10]

Nepenthes gracilis rélatif mampuh tumuwuh dina lahan anu nembrak, upama masih aya lapisan ipis anu nutupan akarna. Dina kondisi cahaya anu pinuh, bisa adaptasi kalawan kondisi gundukan rungkunna tumuwuh leuwih gancang, nepi ka akarna katutupan ku rungkun tangkal, daun jeung kantong nu tumuwuh rapet dina jumlah anu réa. Tapi, lamun kondisina kieu, mangka tumuwuhna téh jadi pendék kalawan ukuran catang, daun jeung kantong anu leuwih leutik dibandingkeun jeung anu hirup bari akarna katutupan ku dangdaunan buruk jeung kaiuhan ku tatangkalan nu leuwih jangkung.[10]

Réana jumlah individu Nepenthes gracilis anu kawilang luhur dina lahan anu nembrak jeung boga lapisan gambut atawa dangdaunan ligar nu ipis. Nepenthes gracilis réa kapanggih dina lahan anu boga pH rélatif handap. Nepenthes gracilis mampu hirup jeung kantong semar jinis séjénna. Tapi, hirupna kawilang leuwih lila ti batan jinis lianna saperti Nepenthes rafflesiana jeung Nepenthes ampularia.[10]

Karnivora[édit | édit sumber]

Saperti kulawarga kantong semar séjénna, Nepenthes gracilis kaasup tutuwuhan handap anu boga kamampuh pikeun ngahakan gegeremet (serangga) nu matak digolongkeun minangka tutuwuhan karnivora jeung umumna hirup dina taneuh anu ngandung saeutik unsur hara.[12] Éta kamampuh ngahakan sato téh mangsupa cara pikeun ieu tutuwuhan sangkan bisa ngungkulan kakurangan nutrisi tina taneuh.[13]

Konservasi[édit | édit sumber]

Dumasar kana Undang-Undang No.5 taun 1990 ngeunaan Konservasi Sumberdaya Alam Hayati dan Ekosistemnya jeung Peraturan Pemerintah No. 7/1999 ngeunaan Pengawetan Jenis Tumbuhan dan Satwa, Nepenthes gracilis kaasup tutuwuhan anu dilindung ku nagara, ieu hal sajalan jeung régulasi Convention on Internasional Trade in Endangered Species (CITES)[14] anu ngasupkeun ieu tutuwuhan kana Appendix II.[13] Iwal ti éta asup ogé kana status IUCN minangka Least Concern.[4] Pikeun ngajaga sumebarna ieu tutuwuhan, sawatara usaha budidaya geus dilakukeun. Di antarana ku cara kultur jaringan.[15]

Manfaat[édit | édit sumber]

Ieu spésiés dipikawanoh ogé ninangka bahan ubar tradisional pikeun panyakit kanker, batuk, diabétés jeung kaséhatan panon. Mékanismeu adaptasi kana lingkungan ngajadikeun Nepenthes gracilis boga poténsi sacara fisiologis pikeun ngalakukeun prosés métobolot sékunder anu haislna bisa dimanfaatkeun minangka senyawa kimia tutuwuhan nu boga poténsi pikeun bahan ubar.[10] Nepenthes gracilis boga poténsi ajén ékonomi pikeun dimanfaatkeun kalawan optimal, nyaéta minangka tutuwuhan hias. Di sawatara nagara saperti Jepang, Éropa, Amérika jeung Australia, kantong semar dijieun pepelakan hias pilihan anu éksotis, tapi di Indonésia can pati dipaké.[15]

Référénsi[édit | édit sumber]

  1. "Nepenthes gracilis Korth.: KANTONG SEMAR KECIL YANG MENARIK DAN MEKANISME DALAM MENJEBAK MANGSA". lipi.go.id. Diakses tanggal 2020-05-28. [tumbu nonaktif]
  2. Sartika, Sartika; Setiawan, Agus; Master, Jani (2017-07-31). "Populasi dan Pola Penyebaran Kantong Semar (Nepenthes gracilis) di Rhino Camp Resort Sukaraja Atas Kawasan Taman Nasional Bukit Barisan Selatan (TNBBS)" (dalam bahasa en). Jurnal Sylva Lestari 5 (3): 12–21. doi:10.23960/jsl3512-21. ISSN 2549-5747. https://jurnal.fp.unila.ac.id/index.php/JHT/article/view/1557. 
  3. "Slender Pitcher Plant - Nepenthes gracilis". uforest.org. Diakses tanggal 2020-05-29. 
  4. a b University, Charles Clarke (IUCN SSC Carnivorous Plants SG / Monash; Sunway, Bandar; Malaysia). "IUCN Red List of Threatened Species: Nepenthes gracilis". IUCN Red List of Threatened Species. Diakses tanggal 2020-05-29. 
  5. a b "Nepenthes gracilis". Flora Malesiana. 
  6. a b DWI MURTI PUSPITANINGTYAS, HARY WAWANGNINGRUM (April 2007). "Keanekaragaman Nepenthes di Suaka Alam Sulasih Talang, Sumatera Barat". B I O D I V E R S I T A S. 
  7. Aung, H. H; Chia, L. S; Goh, N. K; Chia, T. F; Ahmed, A. A; Pare, P. W; Mabry, T. J (2002-08-01). "Phenolic constituents from the leaves of the carnivorous plant Nepenthes gracilis" (dalam bahasa en). Fitoterapia 73 (5): 445–447. doi:10.1016/S0367-326X(02)00113-2. ISSN 0367-326X. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0367326X02001132. 
  8. "Nepenthes gracilis". www.natureloveyou.sg. Diakses tanggal 2020-05-29. 
  9. "Nepenthes gracilis | IDSBA - Indonesian Society of Botanical Artists" (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-05-29.  Archived 2020-08-09 di Wayback Machine
  10. a b c d e f Kissinger, Kissinger; Zuhud, Ervizal A. M.; Darusman, Latifah K.; Z.Siregar, Iskandar (2015). "ANALISIS FUNGSI NEPENTHES GRACILIS KORTH. TERHADAP LINGKUNGAN HUTAN KERANGAS" (dalam bahasa en-US). Jurnal Hutan Tropis 3 (1): 61–66. doi:10.20527/jht.v3i1.4166. ISSN 2337-7992. https://ppjp.ulm.ac.id/journal/index.php/jht/article/view/4166. 
  11. Niken Paluvi, Mukarlina, Riza Linda ((2015) Vol. 4 (1) : 103-107). "Struktur Anatomi Daun, Kantung dan Sulur epenthes gracilis Korth. yang Tumbuh di Area Intensitas Cahaya Berbeda". Jurnal Protobiont. 
  12. Bauer, Ulrike; Giusto, Bruno Di; Skepper, Jeremy; Grafe, T. Ulmar; Federle, Walter (2012-06-13). "With a Flick of the Lid: A Novel Trapping Mechanism in Nepenthes gracilis Pitcher Plants" (dalam bahasa en). PLOS ONE 7 (6): e38951. doi:10.1371/journal.pone.0038951. ISSN 1932-6203. PMC PMC3374759. PMID 22719998. https://journals.plos.org/plosone/article?id=10.1371/journal.pone.0038951. 
  13. a b Sartika, Sartika; Setiawan, Agus; Master, Jani (2017-07-31). "Populasi dan Pola Penyebaran Kantong Semar (Nepenthes gracilis) di Rhino Camp Resort Sukaraja Atas Kawasan Taman Nasional Bukit Barisan Selatan (TNBBS)" (dalam bahasa en). Jurnal Sylva Lestari 5 (3): 12–21. doi:10.23960/jsl3512-21. ISSN 2549-5747. https://jurnal.fp.unila.ac.id/index.php/JHT/article/view/1557. 
  14. "Nepenthes gracilis | CITES". cites.org. Diakses tanggal 2020-05-29. [tumbu nonaktif]
  15. a b Febrianto, Rio; Suwirmen, Suwirmen; Syamsuardi, Syamsuardi (2015-06-15). "Aklimatisasi Planlet Kantong Semar (Nepenthes gracilis Korth.) pada berbagai Campuran Media Tanam Tanah Ultisol" (dalam bahasa en). Jurnal Biologi UNAND 4 (2). doi:10.25077/jbioua.4.2.%p.2015. ISSN 2655-9587. http://jbioua.fmipa.unand.ac.id/index.php/jbioua/article/view/152.  Archived 2020-07-11 di Wayback Machine