Lompat ke isi

Oto Iskandar di Nata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Raden Otto Iskandardinata
Iskandardinata keur ngora
Gumelar31 Maret 1897
Bojongsoang, Bandung, Jawa Barat
Tilar dunya20 Désémber 1945 (yuswa 48)
Diperkirakeun dipaehan di Tangerang, Banten, Jawa Barat.
Maot lantaranDipaehan Laskar Hitam.
Layon kapanggihTeu pernah kapendak.
MonuménMonumen Pasir Pahlawan, Lembang, Bandung.
Ngaran landianSi Jalak Harupat
ÉtnisSunda
AtikanHollandsch-Inlandsche School (HIS), Bandung
Kweekschool Onderbouw, Bandung
Hogere Kweekschool, Purworejo, Jawa Tengah.
PagawéanMenteri Negara dina kabinet kahiji Republik Indonesia tahun 1945.
Organisasi
  • Budi Utomo, Wakil Pupuhu Bandung, 1921-1924
  • Budi Utomo, Wakil Pupuhu Pekalongan, 1924
  • Anggota Gemeenteraad Pekalongan
  • Paguyuban Pasundan, Sekretaris Pengurus Besar, 1928. Ketua 1929-1942.[1]
  • Anggota Volksraad, 1930-1941.
  • Pemimpin surat kabar Tjahaja (1942-1945)
  • Anggota BPUPKI
  • Anggota PPKI
Kota asalBojongsoang, Bandung
AgamaIslam
Kulawarga
AnugrahPahlawan Nasional

Raden Oto Iskandar di Nata nyaéta pajuang kamerdikaan nu gumelar di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung, 31 Maret 1897 – pupus di Mauk, Tangerang, Banten dina yuswa 48 taun. Teureuh ménak putra ningrat ieu téh kasohor lébér wawanénna. Teuneung ludeung dina nyanghareupan rarupa prakara, pangpangna pikeun ngabéla nasib rahayat.[2] Oto mingpin Pagoejoeban Pasoendan saprak taun1929 nika 1942. Organisasi ieu usik dina widang atikan (ngadegkeun loba sakola), budaya, ékonomi (Bank tur koperasi) sertos hukum. taun1931 nika 1941 dios jadi anggahota Volksraad, nu jadi pibakal ti Déwan Pangwakil Rahayat di mangsa payun.

Lalakon

[édit | édit sumber]

Kahirupan sapopoé Oto Iskandar di Nata téh éstuning basajan. Teu sombong, nyaah kanu leutik, hormat ka sasama. Tuladeun pikeun jalma-jalma séjénna. Arang langka kiwari manggihan jalma kawas anjeunna. Tapi lamun geus ngabéla bebeneran, merjuangkeun masarakat umu, éstu matak gimir nu ngayonan.[2]

Oto kungsi sakola di HIS ogé namatkeun sakola Guru di Bandung. Ilaharna budak séjén, Oto ogé kawentar budak bangor, tapi cerdas, sakolana teu kungsi ngendog, peunteunna aralus jeung jadi idola batur-baturna. Saenggeus gedé, Oto jadi guru ogé aktif dina pergerakan kabangsaan, ancrub ka dunya pulitik, di antarana Boedi Oetomo cabang Pekalongan, basa ditempatkeun jadi guru di Pekalongan taun 1924. Putra-putrina aya sabelas, opat urang lalaki jeung tujuh urang awéwé, éta sabada nikah ka Ibu Sukriah taun 1923.[2]

Jaman Panjajahan

[édit | édit sumber]

Pangpangna basa jadi anggahota Volksraad (Déwan Rahayat). Di Volksraad anjeunna minangka anggahota wawakil ti Paguyuban Pasundan. Oto kawentar jadi anggahota anu pangwanina dina ngabéla hak-hak rahayat. Kiritikan jeung satratéhi pulitikna diperhitungkeun pisan ku Pamaréntah Walanda. Sakur caritaan Oto jadi bahan pikiraneun Pamaréntah Walanda. Hiji waktu dina sidang Volksraad, Oto nyarita kalawan perténgtang, teuneung ludeung, taya kakeueung, taya karingrang. Nepi ka pingpinan sidang katut anggahota wawakil bangsa Walanda mangsa harita nakol-nakolkeun palu kana méja sidang sangkan Oto eureun nyaritana. Tangtu waé sagala ucap-ucapan Oto ngeunaan bajuang pikeun kamerdekaan téh ngabalukarkeun Tuan ketua Volksraad ambek, nepika nakolan méja sidang. Unggal Oto pidato dina sidang Volksraad, urang Walanda mah padagimir, sabab eusi pidatona peureus. Nepika anggahota wawakil Walanda mah méh kabéh meungpeukan ceuli ku dua dampal leungeunna. Tangtu waé sikep urang Walanda anu saperti kitu téh matak tugenah ka anggahota Volksraad wawakil bangsa Indonésia. Sanajan urang Walanda henteu merhatikeun pidatona tinimbang eureun mah kalahka beuki sumanget pidatona. Ngajejeléh ka pamingpin pamaréntah Walanda. Nya dina taun 1935 Oto dicabut kaanggahotaan Volksraad na. Jaman panjajahan Jepang, Oto diangkat minangka anggahota Jawa Hokokai. Harita jabung jeung Jepang téh ngan saukur siasat. Nepika Jepang dina mangsa harita ngawidian ngadegkeun Pembéla Tanah Air (Péta). Oto téh minangka jalma harita nu mimiti ngedalkeun jeung nyetuskeun istilah Indonésia Merdéka, nu katutuluyna mah dirobih jadi Merdéka hungkul. Harita kecap “Merdéka!” téh minangka ébréhan rahayat Indonésia anu miharep kamerdékaan ogé siap bajuang pikeun kamerdékaan.

Bajuang Kamerdékaan

[édit | édit sumber]

taun1945 manéhna jadi anggota BPUPKI (Badan Penyelidik Usaha-usaha Kamerdikaan Indonésia) sarta diuk dina PPKI (Panitia Persiapan Kamerdikaan Indonésia). Oto Iskandar di Nata milu ngararancang UUD 1945. Dina sidang PPKI tanggal 19 Agustus 1945, Oto mengusulkan sangkan Sukarno dipilih minangka Présidén sarta Hatta minangka Wawakil Présidén. Anggota sidang nyatujuan usul kasebut sacara aklamasi. Sanggeus Indonésia merdika, Oto diangkat jadi Menteri Nagara anu ngurus masalah kaamanan.

Oto Iskandar di Nata dina duit 20.000

Pungkasan hirupna

[édit | édit sumber]

Saprak Oto diangkat jadi Menteri pisan manéhna leungit dina ahir taun1945. Bisa disebutkeun Oto Iskandar di Nata nyaéta "jelema leungit" nu munggaran dina sajarah Républik Indonésia. Kakara 14 taunsaterusna (1959), kaungkab yén manéhna dipaéhan ku hiji pulisi nu ngaranna Mujitaba. Kajadian éta dilakukeun di basisir Mauk, Tangerang. Nu maéhan dihukum 15 taun panjara. Tapi di jero pangadilan henteu kaungkab saha anu ngajurung Mujitaba.

Prijatna Abdurrasyid anu jadi jaksa dina sidang éta ménta tambahan waktu pikeun ngungkab dalang di balik kajadian éta. Tapi bongbolonganana teu kakabul, ku kituna ngan palaku lapang anu tertangkap sarta dihukum, tapi dalangna teu kapanggih. Pikeun ngahormatan jasana, Pamaréntah Jawa Kulon ngawangun hiji taman astana pahlawan di Taman Keusik, Lémbang. Dina batu nisanna ditulisan Otoiskandardinata, Gumelar 31-3-1897, pupus 19-12-1945. Sabenerna, euweuh jasad Oto, euweuh jenasah Oto Iskandar di Nata di dinya téh. Anu aya ngan sagonjokan keusik ti basisir Mauk, kabungkus ku lawon bodas.

Jujuluk Si Jalak Harupat

[édit | édit sumber]

Lalaki langit lalanang jagat ceuk babasaan téa mah pipanteseun nyebut ka dirina téh. Malah dina masa bajuang harita, Oto meunang jujuluk si Jalak Harupat. Kiwari éta jujuluk téh dipaké ngaran stadion mén bal Kabupatén Bandung. Sugan waé ku dipakéna éta ngaran, atlit anu tendang makalangan di éta stadion, pangpangna atlit Jawa Kulon téh lébér wawanén jeung gesit dina nyanghareupan lawan-lawanna, teu ngéplék jawér miyuni hayam kabiri, tapi jagjag waringkas tur sportif.[2]

Reférénsi

[édit | édit sumber]
  1. Organisasi ieu bergerak dina bidang atikan, sosial budaya, politik, ekonomi, kapemudaan, jeung pemberdayaan wanoja.
  2. a b c d Tim Basa Atikan Mandiri. Gentra Basa Sunda: Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun Murid SMA/SMK/MA Kelas X. CV Atikan Mandiri: Bandung. 2009