Panyakit dékompresi
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina. |
Panyakit dekompresi nyaéta jinis panyakit nu timbul kusabab parobahan tekanan, boh tekanan cai atawa angin. Panyakit ieu biasana nyerang ka tukang teuleum.[1] Ilaharna ieu kasakit téh kalarapan ku tukang teuleum, jeung nelayan salian ti tukang teuleum, nelayan ogé sok katarajang ieu kasakit. Ciri-cirina mangrupa lieur sirah, awak asa lalungsé, nepi ka hésé engapan. Biasana panyakit ieu narajang kusabab awak ngarasakeun parobahan tekanan angin atawa cai nu kaliwat gancang, nu ngakibatkeun nitrogén dina jero getih ngabentuk gelembung nu mangpet pambuluh getih sarta jaringan organ.[1][2]
Jinis panyakit dékomprési
[édit | édit sumber]Panyakit dékomprési tipe hiji
[édit | édit sumber]Panyakit dékomprési tipe hiji ditandaan ku ayana hiji atawa kombinasi gejala-gejala kayaning nyeri nu teu parna salila kurang leuwih 10 menit, ateul atawa kulit asa katarik nu ngabalukarkeun arateul jeung aya rasa peurih panas asa kaduruk, Curtis marmorata nyaéta ruam atawa papul/plak dina kulit nu warnana biru semu kabeureuman nu sumebar di bagéan awak. Cutis marmorata ieu diakibatkeun ku amplifikasi émboli gas dina kapilér kutaneus. Katerlibatan kelennjar limfe jarang jeung biasana ditandaan ku edema pitting nu teu nyeri. Sababaraha ahli nyebutkeun yén anoreksi jeung kacapéan nu kaleuleuwihi sanggeus neuleum mangrupakeum maniféstasi panyakit dékomprési tipe hiji. Nyeri saperti asa ditalian atawa katarik mangrupa gejala ni ilhar di dékomprési tipe hiji ieu (sekitar 70-85%) karasa ku pasén nu katarajang. Nyeri mangrupa gejala klinis nu ilahar. Sendi dina taktak mangrupa sendi nu pang minengna katarajang. [3]
Panyakit dékomprési tipe dua
[édit | édit sumber]Panyakit dékomprési tipe dua ngabogaan karakteristik atawa gejala kayaning pulmoner, syok hipovolemia, jeung keterlibatan sistem saraf. Gejala-gejala klinis ieu biasana langsung karasana tapi bisa ogé karasa sanggeus 36 jam.
- Sistem saraf Medulla spinalis nyaéta tempat nu paling mindeng katarajang dina dékomprési tipe II, gejanana kayaning sarupa jeung trauma medulla spinalis. Nyeri dina tulang tukang bisa karasa sababaraha menit nepi ka sababaraha jam sanggeus neuleum jeung bisa ngabalukarkeun paresis, parestesia, sarta leungitna control spinchter jeung nyeri di awak bagéan handap.
- Panon, wanci kasakit ieu keuna nepi ka otak, loba gejala nu bisa karasa. Skotomata negative, nyeri sirah, gangguan tetempoan, lieur, parobahan status mental ogé bisa tumiba.
- Ceuli, mun keuna ka labirinti, panyakit dékomprési ieu ngakibatkeun gejala sebel, Utah, vertigo, jeung nystagmus, sarta tinnitus jeung bisa nepi ka teu bisa ngareungeu sabeulah.
- Pulmo, mun keuna ka pulmo, panyakit ieu gejalana biasana mangrupa rasa kayaning kaduruk dina substernal, batuk nu ngakibatkeun paroksismal jeung distress ngarénghap nu beurat.
- Sistem sirkulasi, bisa ogé ngaronjatkeun hématokrit luyu jeung jerona neuleum. Hal ieu bisa ngabalukarkeun syok hipovolemia.[3]
Musabab
[édit | édit sumber]Kasakit ieu narajang kusabab parobahan tekanan cai atawa angin nu kaliwat gancang. Misalkeun keur neuleum, panyakit ieu bakal narajang mun prosés balik ka beungeut cai dilakukeun sakaligus henteu luyu jeung tahapan-tahapan nu kuduna dilarapkeun saluyu jeung aturan nu geus dijieun pikeun kasalametan nu teuleum.[1]
Dina dasarna, awak manusa téh perlu waktu pikeun adaptasi jeung parobahan tekanan nu aya. Mun parobahan tekanan kaliwat gancang, nitrogén nu aya dina jero getih bisa ngabentuk gelembung nu ngakibatkeun mangpetna pambuluh getih jeung jaringan organ. Nu tuluy, pambuluh getih nu mangpet ieu nimbulkeun rasa nyeri nu kacida sarta gejala liana.[1][4][5]
Aya sababarah faktor nu ngakibatkeun résiko panyakit ieu leuwih gancang narajang, diantarana nyaéta
- Obéstitas atawa lemak diawak bisa jadi salah sahiji gampangna katarajang kupanyakit dekompresi, aya téori nu nyatakeun yén nitrogen gampang pisan nyerepna ka jaringan lemak, ku kituna, nu miboga beurat leuwih, leuwih gedé résiko katarajanngna.
- . Ngalakukeun aktifitas pisik sanggeus neuleum bias ngaronjatkeun résiko kabentukna gelembung kusabab tekanan getih naék jeung gelembung bias leuwih babari ditransfer ti véna ka artéri dina system sirkulasi.
- Jinis kelamin sacara téori, awéwé miboga résiko nu leuwih gedé tibatan lalaki kusabab awéwé sacara husus miboga massa lemak nu leuwih gedé. Tapi can aya panalungtikan nu ngabuktieun ieu téori.
- Umur, sacara umum, umur nu kolot miboga résiko nu leuwih gedé pikeun katarajang ku ieu kasakit.
- Miboga kasakit séjén kayaning jantung, asma,
- Pakakas pikeun neuleum saayana (teu luyu jeung prosedur),
- Kurangna pangaweruh ngeunaan cara pikeun neuleum, biasana ieu kasorang ku nalayan, kusabab maranéhna jalma awam, nu pikirna pangalaman wungkul cukup pikeun modal neuleum, awak kurang séhat jeung kurangna istirahat.[1][3][5]
Gejala panyakit dékompresi
[édit | édit sumber]Gejala panyakit ieu bisa rupa-rupa ka unggal jelma, gumantung tempat mangpetna aliran pambuluh getih. Gejala nu ilharna kayaning nyeri dina sendi, lieur sirah, awak asa lalungsé, hésé ngarénghap, ateul atawa kaligata nu ngagareblég, aya sababaraha bagéan awak nu singsireumeun sarta teu bisa ngarasakeun nanaon.[4][5] Salian toéta, ieu di handap sababraha gejala nu ilahar kaciri dipanyakit dékomprési:
- Gejala parobahan status méntal, kayaning ciga nu linglung, teu sadar, parobahan kapribadian
- Gejala mata jeung ceuli: diplopia, titinggalian teu jelas, paresis otot-otot ekstraokular, tinnitus, atawa gangguan pangreungeuan
- Gejala-gejala di kulit kayaninng ateul atawa ruam gatal
- Gejala-gejala pulmoner, kayaning hésé rénghap, batuk nonproduktif, atawa hemoptisis
- Gejala-gejala kardiak, kayaning nyeri dada asa ditojosan jarum atawa asa kaduruk
- Gejala-gejala gastrointestinal, kayaning nyeri dibagéan beuteung, inkontinensia alvi, nausea atawa utah
- Gejala-gejala genitourinaria, kayaning inkontinensi urine atawa retensi urine
- Gejala-gejala neurologis kayaning parestesia, parese, paralisis, migrain, vertigo, disarthria, atawa ataksia
- Gejala-gejala limfatik
Diagnosis panyakit dékomprési
[édit | édit sumber]Dina ngadiagnosisi kasakit ieu, dokter biasana méré sababaraha patanyaan ngeunaan faktor résiko sarta patanyaan ngeunaan kumaha cara teuleum terahir. Salian ti éta dokter gé bakal ngalakukeun pamariksaan ngeunaan gejala nu karasa, riwayat kasakit, sarta kaayaan pasén sacara umum.[4]
Nyageurkeun panyakit dékomprési
[édit | édit sumber]Prosés nungkulan ieu kasakit, léngkah mimiti nu kudu dilakukeun nyaéta nitah pasén nangkarak, tuluy ngagaringkeun awak pasén sarta ngahaneutan awakna kucara disimbutan (mun suhu awakna turun pisan). Leuwih hadé mun aya oksigén, pasén dibéré oksigén aliran tinggi nngaliwatan masker.[4]
Térapi oksigén hiperbarik mangrupa metode nu dipaké pikeun ngungkulan panyakit dékomprési. Térapi ieu make alat mangrupa tabung atawa kamar nu husus pikeun ngasimulasi tekanan. Tekanan nu aya dina tabung bisa nyegah nitrogén ngabentuk gelembung dina getih sarta ngarobah deui gelembung éta jadi gas nu bisa larut dina jero getih. Sanajan kitu, térapi oksigén hiperbarik gmantung kana tingkat kaparahan gejala nu dialaman ku pasén.[2][4][3]
Cara nyingkahan panyakit dékomprési
[édit | édit sumber]Panyakit dekompresi téh kondisi nu bisa diingkahan. Pikeun nu sok neuleum, ieu di handap sababaraha upaya pikeun nyingkahan ieu kasakit, diantarana :[1][6][4]
Urang kudu taat kana aturan kaamanan nu geus ditetepkeun ku juru teuleum. Salian ti éta ieu aya sababaraha cara pikeun nyingkahan ieu kasakit, diantarana:
- Konsultasikeun atawa obrolkeun jeung juru teuleum ngeunaan batesan-batesan ka jeroan neuleum sarta sabaraha lila waktu neuleum.
- Mun dibutuhkeun, bisa ogé make dive computer atawa alat husus nu bisa nulungan pikeun ngukur ka jeroan neleum nepi ka sésa waktu neuleum.
- Larapkeun safety stop atawa eureun heulaanan sababaraha menit ti ka jeroan nu nu ilaharna 4-5 m’eter, saacan balik ka beungeut cai.
- Ingkahan iinditan nu maké kapal udara, sahenteuna dua puluh opat jam sanggeus neuleum.
- Jalma nu geus kasawat panyakit ieu, hadéna ulah waka neuleum sahenteuna salial 2 minggu sanggeus neuleum.
- Ingkahan ngonsumsi alkohol saacan jeung sanggeus neuleum.
- Ingkahan sauna atawa mandi ku cai panas sanggeus neuleum.
- Pastikeun cairan dina awak cukup, henteu déhidrasi.
- Mun miboga kondisi nu résiko katarajang ieu kasakit luhur, kayaning panyakit jantung jeung asma, ulah neuleum saacan konsultasi heula ka dokter, kusabab aya sababaraha kndisi nu teu ngamungkinkeun pikeun ngalakukeun teuleum.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f Duke, Halena Isrumanti; Hadisaputro, Suharyo; Chasani, Sofa; Anies, Anies; Munasik, Munasik (2016-02-07). "Beberapa Faktor yang Berpengaruh terhadap Kejadian Penyakit Dekompresi pada Penyelam Tradisional (Studi Kasus di Karimunjawa)" (dalam bahasa en-US). Jurnal Epidemiologi Kesehatan Komunitas 1 (1): 9–14. ISSN 2615-4854. https://ejournal2.undip.ac.id/index.php/jekk/article/view/3936.
- ↑ a b Rahmadayanti, Rahmadayanti; Budiyono, Budiyono; Darundiati, Yusniar Hanani (2017-02-10). "FAKTOR RISIKO GANGGUAN AKIBAT PENYELAMAN PADA PENYELAM TRADISIONAL DI KARIMUNJAWA JEPARA" (dalam bahasa en-US). Jurnal Kesehatan Masyarakat (e-Journal) 5 (1): 473–481. ISSN 2356-3346. https://ejournal3.undip.ac.id/index.php/jkm/article/view/15799.
- ↑ a b c d "Penyakit Dekompresi" (PDF). Archived 2021-09-10 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f "Penyakit Dekompresi". Alodokter. Diakses tanggal 2019-12-29.
- ↑ a b c Widyastuti, Sri Rahayu; Hadisaputro, Suharyo; Munasik, Munasik (2019-03-03). "Berbagai Faktor yang Berpengaruh Terhadap Kualitas Hidup Penyelam Tradisional Penderita Penyakit Dekompresi" (dalam bahasa id-ID). Jurnal Epidemiologi Kesehatan Komunitas 4 (1): 45–54. ISSN 2615-4854. https://ejournal2.undip.ac.id/index.php/jekk/article/view/4429.
- ↑ "Pilot Safety Brochures" (PDF).