Lompat ke isi

Penisilamin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.
Penisilamin
Ngaran sistimatik (IUPAC)
(2S)-2-amino-3-methyl-3-sulfanylbutanoic acid
Identifiers
Nomer CAS 52-67-5
Sandi ATC M01CC01
PubChem 5852
DrugBank DB00859
ChemSpider 5643
Data kimia
Rumus C5H11NO2S 
Mass. mol. 149.212 g/mol
SMILES eMolecules & PubChem
Synonyms D-penicillamine
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas Variable
Metabolisme Liver
Waktu paruh 1 hour
Eksresi Ginjal
Therapeutic considerations
Kat. kehamilan

D(AU) D(US)

Legal status

-only(US) Prescription only

Jalur Ngaliwatan baham (capsules)

Penisilamin nyaéta ubar tina agén kelasi nu gawé salaku antidotum dina kaayan karacunan logam beurat, kayaning timbal jeung tambaga.[1] Salaku agén kelasi tambaga, penisilamin diindikasikeun pikeun panyakit Wilson, nyaéta hiji kaayaan gangguan métabolisme tambaga nu nyababkeun akumulasi tambaga dina otak jeung hépar.[2][3]

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Penicillamine nyaéta agen kelasi nu ngiket kaleuwihan tambaga jeung ngaleungitkeun tambaga jeung ngaleungitkeunna tina aliran getih.[4] Dina sababaraha kaayaan, kaleuwihan tambaga bisa numpuk dina alirah getih, nu nyababkeun karusakan jaringan saawak-awak. Ubar ieu dipaké pikeun ngungkulan panyakit Wilson di mana kaayaan tingkat tambaga dina awak nu nyababkeun karusakan dina organ liver, otak, jeung organ lianna), salian ti éta penisilamin ogé dipaké pikeun ngurangan kadar urin tina asam amino nu disebut sistin, nu nyababkeun kabentukna batu dina ginjal jeung kandung kemih atawa nu disebut sistinuria atawa cystinuria, sarta panyakit rheumatoid arthritis. [4][5][6]

Cara gawé

[édit | édit sumber]

Penisilamin téh kaasup kana agen kelasi nu direkomendasikeun pikeun ngaleungitkeun kaleuwihan tambaga dina pasén panyakit WIlson. Tina panalungtikan in vitro nunjukeun yén hiji atom tambaga ngagabung jeung dua molékul penisilamin. Penisilamin ogé ngurangan éksrési sistin nu kaleuwihan dina sistinuria. Hal ieu sahenteuna nyababkeun ayana patukeuran disulfida antara penisilamin jeung sistin ngahasilkeun ppambentukan penisilamin-sistein disulfida, hiji zat nu leuwih babari larut tibatan sistin sarta babari ogé di éksrésikeunna. Penisilamin ngaganggu pambentukan ikatan silang antara molékul-molékul tropokolagen jeung ngabeulah éta wanci kakara kabentuk.[2]

Pikeun ngubaran panyakit WIison,penisilamin ngiket tambaga sarta mantuan ngaluarkeun tina awak, turunna tingkat tambaga dina awak mantuan ningkatkeun fungsi hati jeung ngungkulan masalah mental/ suasana haté/saraf (misalna linglung, hésé ngomong/ teu bisa leumpang) nu disababkeun ku panyakit.[2][4] Pikeun ngubaran cystinuria, penisilamin mantuan ngurangan zat kayaning sistin dina urin nu nyababkeun batu ginjal. Pikeun ngubaran rheumatoid arthritis, penisilamin dipikawanoh salaku disease-modifying antirheumatic drug (DMARD), ubar ieu mantuan ngurangan rasa nyeri atawa pembengkakan dina sendi.[1][4][6]

Cara maké

[édit | édit sumber]

Turutkeun sagala paréntah dokter jeung baca panduan pangobatan. Inum penisilamin dina waktu beuteung keur kosong, sahenteuna sajam saacan dahar atawa 2 jam sanggeus dahar. Inum cacaiiyan sing loba wanci anjeun ngonsumsi penisilamin, ulah nginum susu dina sajam saacan jeung sanggeus nginum penisilamin, sarta kudu rutin ngalakukeun tés urin. Munggaran nginum ubar ieu, kaayaan anjeun bisa jadi leuwih parna pikeun saharitaeun. Ulah ngeureunkeun pamakéan jeng ulah ngarobah dosis salian paréntah dokter atawa apotekér. Lamun kapaksa kudu ngeureunkeun pangobatan, ulah nginum deui ubar ieu saacan konsulatasi ka dokter. Pikeun rheumathoid arthritis waktu pangobatannya biasana butuh waktu salila tilu bulan saacan ayana parobahan, tuluy paké ubar ieu sanajan can karasa aya parobahan sarta ulah poho dikonsultasikeun ogé ka dokter ngeunaan gejala nu can aya parobahan.[1]

Ngaran dagang

[édit | édit sumber]

Penisilamin miboga ngaran lian penicilamina jeung penicillamine.[2] sarta ngaran dagang Cuprimine, Depen, D-Penamine.[1]

Hal nu kudu diperhatikeun

[édit | édit sumber]

Saacan nginum ubar ieu, perhatikeun hal-hal ieu di handap:[7]

  • Alérgi: konsultasikeun ka dokter mun anjeun miboga réaksi nu teu biasa atawa alérgi kana ubar ieu. Salian ti éta jéntrékeun ogé mun miboga alérgi lianna kayaninng alérgi kadaharan, pawarna, pangawet, atawa alérgi kana sato. [7]
  • Budak leutik: Sanajan can aya informasi nu spésifik ngeunaan pamakéan penisilamin keur budak leutik, diperkirakeun teu nyababkeun éfék samping nu béda atawa teu nyababkeun masalah keur budak leutik.[7]
  • Kolot: Ubar ieu geus diuji coba di sababaraha pasén nu geus kolot atawa nu umurna leuwih ti 65 taun, dina uji klinis, pamakéan pikeun kolot aya kamungkinan bisa nyababkeun ruam kulit.[7]
  • Pikeun Ibu hamil jeung nyusuan: Euweuh panalungtikan nu minuhan syarat ngeunaan résiko pamakéan ubar ieu pikeun ibu hamil atawa nu keur nyusuan. Ubar ieu kaasup kana résiko kahamilan kategori D numutkeun US Food and Drugs Administraion (FDA). Saacan nginum ubar ieu kudu dikonsultasikeun heula ka dokter.
  • Miboga panyakit ginjal (lamun maké penisilamin keur rheumathoid arthritis).[1][7]
  • Jéntrékeun ka dokter mun anjeun miboga panyakit hati.[1]

Interaksi ubar

[édit | édit sumber]

Ieu di handap aya sababaraha interaksi ubar penisilamin jeung ubar lianna:

  • Pamakéan cidofovir jeung penisilamin teu dianjurkeun kusabab bisa nyababkeun masalah ginjal,[8]
  • Pamakéan cladribine babarengan jeung penisilamin bisa ningkatkeun résiko infési nu leurih serius,[9]
  • Maké ubar clozapine,[10] deferiprone[11] babarengan jeung penisilamin teu dianjurkeun kusabab bisa nurunkeun jumlah sél darah putih sarta nginum ubar ieu jeung ubar séjén nu bisa mangaruhan funsi sumsum tulang bisa ningkatkeun résiko.

Éfék samping

[édit | édit sumber]

Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum penisilamin:[1][7]

Éfék samping nu ilahar

[édit | édit sumber]

Éfék samping nu kurang ilahar

[édit | édit sumber]
  • Urin getihan atawa kiruh
  • Pondok rénghap, hésé rénghap, sesek di dada
  • Nyeri tikoro jeung panas tiris
  • Bareuh dina beungeut, suku, atawa suku bagéan handap
  • Pendarahan atawa geuneuk nu teu biasa
  • Nambahna beurat awak

Éfék samping nu teu ilahar

[édit | édit sumber]
  • Nyeri beuteung nu parna
  • Kulit moletek ciga nu kapanasan
  • Nyeri dada
  • Batuk atawa sora jadi serak
  • Hésé rénghap, ngagayem, ngomong jeung hésé nelen
  • Nyeri panon, titinggalian burem atawa ngabayang
  • Nyeri tonggong
  • Kulit bareureuh, kandel jeung sisikan
  • Panon beureum sarta iritasi

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g "Penicillamine Uses, Side Effects & Warnings". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  2. a b c d "Penicillamine". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  3. general_alomedika. "Penisilamin - indikasi, dosis, interaksi dan efek samping". Alomedika. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  4. a b c d "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  5. "Penicillamine: MedlinePlus Drug Information". medlineplus.gov. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  6. a b "Penicillamine: Uses, side effects, and risks". www.medicalnewstoday.com. Diakses tanggal 2020-06-09. 
  7. a b c d e f "Penicillamine : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-09. 
  8. "Cidofovir and penicillamine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10. 
  9. "Cladribine and penicillamine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10. 
  10. "Clozapine and penicillamine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10. 
  11. "Deferiprone and penicillamine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-10.