Réspirasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Réspirasi nyaéta prosés ngudarkeun (meupeuskeun) oksigén dina tingkat sél pikeun ngahasilkeun énérgi[1]. Réspirasi asalna tina basa Latén re- (deui) & spirare (bernapas), anu hartina bernapas deui [2][3]. Ieu téh mangrupa prosés anu aktif, anu lumangsung dina tingkat sél. Réspirasi ngagunakeun oksigén pikeun ngahasilkeun tanaga jeung ngahasilkeun karbon dioksida jeung cai minangka produk limbah[1].

Ieu téh mangrupa prosés métabolisme, anu lumangsung di jero sél, tempat glukosa tina kadaharan ngalakukeun réaksi jeung oksigén tina prosés pernapasan, pikeun ngahasilkeun énérgi biokimia dina wangun Adenosin trifosfat (ATP)[1]. Ieu énérgi téh gedé gunana pikeun ngalakukeun sakabéh prosés biologis. Iwal ti glukosa, asam amino jeung asam lemak ogé sering ngagunakeun nutrisi pikeun réspirasi sélulér jeung oksigén[1].

Cai, amonia, jeung karbon dioksida nyaéta limbah hasil tina réspirasi[1]. Lolobana cai jeung karbon dioksida kaluar tina awak ngaliwatan pernapasan, sedengkeun amonia dikaluarkeun jeung urin[1]. Réspirasi mangrupa prosés anu teu sadar, sarta teu bisa dikadalikeun kalawan dihaja[1]. Tapi, réspirasi bisa mangrupa aérobik atawa anaérobik[1]. Réspirasi aérobik ngalibetkeun oksigén dina prosésna, sedengkeun anaerobik mah teu maké oksigén[1].

Réspirasi dina tutuwuhan mangrupa prosés réaksi karbohidrat (CH2O) jeung oksigén (O2) ngahasilkeun cai (H2O jeung énérgi kimia karbohidrat (CO2) anu dileupaskeun ka udara[3].

Réaksi réspirasi lumangsung dina réspirasi mitokondria jeung sabagéannana lumangsung di sitoplasma. Mitokondria mibanda mémbran ganda (di luar jeung jero) ogé rohangan intermembran (dina antara mémbran luar jeung batin). Krista nyaéta tilep tina mémbran jero. Rohangan pangjerona arahna ngandung cairan gél kawas disebut matrix. ATP anu paling loba dihasilkeun dina mangsa réspirasi dina mitokondria kituna mitokondria mindeng disebut mesin sél.[4].

Sumber rujukan[édit | édit sumber]