Sambel cibiuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Sambel Cibiuk nyaéta salah sahiji jijis sambel anu asalna ti daérah Cibiuk anu ayeuna jadi kacamatan antara daérah Leuwi Goong-Limbangan Kabupatén Garut.[1] Ieu sambel téh geus kajojo kamamana malah sohorna téh lain waé di Garut, tapi geus nepi ka Jakarta, Bandung jeung Bali.Malah réa mitosna. Cenah, sanajan sakumaha ladana ogé sambel cibiuk mah moal matak nyeri beuteung.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Jaman baheula, sambel ieu dijieun pikeun nyuguhan sémah gedé atawa pejabat jeung masarakat Cibiuk. Tapi, ku kamajuan jaman ahirna resep sambel Cibiuk kaluar tina kandangna.[2] Anu nyiptakeun sambel cibiuk téh Eyang Fatimah dina abad ka-18.[1] Anjeunna téh salah saurang tokoh wanoja anu nyebarkeun Islam di deérah Garut.[1] Malah nepi ka kiwari gé makamna nu aya di suku Gunung Haruman, anu ngahiji jeung komplék makam Syéh Jafar Sidik, dianggap karamat sarta sok dijarugjug ku nu jarah.[1] Lantaran tadina nyebar di lingkungan ulama, teu sagawayah jalma bisa nyieun sambel cibiuk.[1] Lantaran éta, sambel cibiuk téh awalna mah nyebar di lingkungan tokoh agama jeung ulama Cibiuk baé.[2] Sambel Cibiuk ieu miboga bébéda jeung sambel-sambel séjénna.[2] Sajaba ti dijieun tina tomat héjo, surawung, céngék jeung bumbu séjénna nu ngabalukarkeun sambel ieu lada tapi teu matak panas beuteung.[2] Hal ieu sabenerna nu ngabalukarkeun sambel nu mimitina dijieun di kacamatan Cibiuk ieu kawentar nepi ka réstoran-réstoran di Jakarta jeung Bandung ogé nyadiakeun sambel ieu dina menu masakanana.[2]

Cara nyieun Sambel Cibiuk[édit | édit sumber]

Sambel cibiuk téh aya dua rupa, nyaéta sambel cibiuk beureum jeung héjo.[1] Anu beureum bahan-bahanna di antarana: tomat beureum, cabé beureum, surawung, gula, uyah, bawang bodas, bawang beureum, jeung cikur.[1] Sedengkeun anu héjo bahanna di antarana tomat héjo, céngék nu haréjo kénéh, surawung, gula, uyah, bawang bodas, bawang beureum, jeung cikur. Sakapeung sok ditambahan ku tarasi.[1] Diréndosna tara nepi ka lembut, diantep tingguruntul baé diné coét batu.[1] Tapi anu matak jadi kani'matan dina sambel cibiuk mah cenah soal saha anu nyieunna. Malah sawaréh béja mah nyebutkeun aya jampéna.[1]

catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Sambel Cibiuk (Dicutat tanggal 21 Oktober 2011)
  2. a b c d e Darpan, Suhardiman Budi. 2007. Seputar Garut. Tarogong: Komunitas Srimaganti.kaca 169