Sang Alkémis

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Pikeun karya nu ngaranna sarua, tempo Alchemist.
Sang Alkémis
Gambar:The Alchemist.jpg
Sampul Sang Alkémis karya Paulo Coelho.
Pangarang Paulo Coelho
Judul asli O Alquimista
Panarjamah Alan R. Clarke
Nagara Brasil
Basa Portugis
Genre Novel
Penerbit HarperTorch (alihbasa Ingg.)
Tanggal publikasi 1988
Dipublikasikeun dina Basa Inggris 1993
Tipe média Citakan (Hardback & Paperback)
Kaca 167 pp (edisi Basa Inggris munggaran, hardback)
ISBN 0-06-250217-4 (edidi Basa Inggris munggaran, hardback)

Sang Alkémis (Basa Portugis: O Alquimista) nyaéta bestseller nu munggaran dipublikasikeun di Brazil taun 1988 sarta karya pangsohorna jieunan Paulo Coelho. Buku ieu mangrupa carita simbolis nu ngarojong nu macana pikeun nurutkeun impiannana.

Aslina dipublikasikeun taun 1988[1], Sang Alkémis geus dialihbasakeun kana 56 basa (kaasup basa Indonésia), sarta geus kajual leuwih ti 40 yuta kopi di leuwih ti 150 nagara, sarta mangrupa salah sahiji buku nu laris sapanjang sajarah.

Tingkesan carita[édit | édit sumber]

Santiago, protagonis, tuwuh jeung kolot nu merjoangkeun sakabéh kahirupannana pikeun ngirimkeun Santiago ka seminari. Tapi Santiago miboga kahayang nu kuat pikeun ngalanglang jagad, nu ku kituna bapana méré tilu koin Spanyol kuno keur meuli sakumpulan domba.

Minangka budak angon, manéhna méakkeun wancina sababaraha taun pikeun ngalanglang wewengkon pajeroan Andalusia di Spanyol kidul, ngarasakeun endahna kahirupan ngalalana nu gumbira. Nincak munggaran carita, urang bakal mangihan yén sataun kaliwat Santiago papanggih jeung anak sodagar nu geulis di dayeuh nu satuluyna didatangan deui ku manéhna. Sanajan manéhna ukur ngobrol sakeudeung jeung éta wanoja, rasa nu kuat ka maehna nyababkeun manéhna nanyakeun deui kahirupannana minangka budah angon sarta nyababkeun manéhna mertimbangkeun untung rugina pikeun nganjrek di hiji tempat. manéhna sare di garéja nu aya sabangsaning tangkal sikamor (sycamore) tuwuh.

Nalika datang ka Tarifa, palabuan saméméh kota tempat cicingna éta wanoja, manéhna munggaran mutuskeun pikeun indit ka tukang ramal gipsi pikeun mantuan ngartikeun ngimpi nu kajadian deui kajadian deui dina hirupna. Santiago ngimpi dua kali saurang budak ulin jeung dombana sarta tuluy mawa manéhna ka Piramida di Mesir pikeun nunjukkeun ka manéhna lokasi harta karun nu nyumput. Tapi Santiago sok hudang saméméh éta budak bener-bener nepikeun manéhna ka lokasi harta karun eta. Gipsy éta ngomong yén manéhna kudu indit sabab lamun aya budak nu nyarita, pasti aya.

Mimitina, éta budak téh henteu ngawaro kana naon-naon nu diomongkeun ku éta gipsy, tapi nalika saurang lalaki kolot, nu nyebut sorangannan Melchizedek, raja Salem, nyarita ka manéhna yén geus jadi Legenda Pribadi atawa kagunaan hirupna, manéhna tuluy katarik. Melchizedek ngadongengkeun carita aheng ngeunaan hiji lalaki nu manggihan kabagjaan sajati ku jalan miturut Legenda Pribadina. Raja éta méré dua siki batu, Urim jeung Thummim, nu hiji hideung, lianna mah bodas, hideung hartina "enya" sarta bodas "henteu". Ieu, ceuk manéhna, keur nyieun kaputusan, sanajan leuwih hadéna mah nyieun kaputusan téh ku sorangan. Santiago mutuskeun keur lumampah ka Afrika. manéhna ngajual dombana sarta indit ka Tangier, hiji palabuan di Afrika deukeuteun Spanyol. Tapi di Tangier, manéhna dirampog. Leungiteun harepan, manéhna mutuskeun pikeun lumaku di sabudeureun dayeuh; naek ka pasir, sarta manggiha hiji toko kristal. Nalika éta budak asup ka toko, manéhna méré sihan kaca-kaca kristal nu pinuh ku kebul pikeun ditukeuran ku dahareun. Nalika keur méré sihan, dua urang pelanggan asup ka toko sarta meuli sababaraha kaca kristal. Sodagar Arab téa ngomong yén éta téh totonden hadé, nalika bisnisna meh bangkrut sarta ku ayana éta budak lalaki nu geus narik dua urang nu meuli, manéhna méré upah ka éta budak. Santiago diajar yén takdir unggal-unggalna jelema geus dituliskeun, sarta yén aya hiji Basa di Dunya (teu dikedalkeun) nu katimu sabagéan nu patali jeung dijualna domba-dombana.

Sanggeus ampir sataun, éta budak mutuskeun pikeun ninggalkeun toko kristal sabab manéhna geus boga cukup duit keur meuli sagorombolan domba dua kalieun jumlah nu kungsi dipiboga saméméhna, sarta ku sabab manéhna geus diajar Basa Arab, bisa ngajual deui ka sodagar Arab. Tapi manéhna tara kungsi meuli ukur hiji domba. manéhna mutuskeun pikeun nuturkeun legenda pribadina - pikeun manggihan harta karun.

manéhna ngagabung jeung hiji karavan nu indit ka gurun nu aya Piramidaan. Dina karavan, budak éta papanggih jeung urang Inggris nu geus maluruh alkémis sajati salila sapuluh taun. Urang Inggris éta boga loba buku ngeunaan alkémi nu keur éta budak mah henteu ilahar. Dina karavan, manéhna diajar basa gurun sarta Jiwa Dunya.

Alatan éta karavan ngagorolong kana oasis, dua urang jalma dina karavan téh mutuskeun keur silih diajar. Urang Inggris nyoba ngobservasi gurun sarta basana, Santiago mah maca buku-bukuna urang Inggris téa sarta diajar ngeunaan alkémi. Urang Inggris ngabejaan ka manéhna yén tujuan alkemis nyaéta ngamurnikeun logam ku jalan manaskeunnana salila sababaraha taun tepikeun ka sifat-sifat individualna kabeuleum. Sanggeus sawatara waktu, Santiago eureun maca sarta mikeun bukuna ka urang Inggris, sarta masing-masing nyarita ka nu lianna yén manéhna henteu bisa diajar naon wae. Santiago nyindekkeun yén unggal jelema boga jalan sorangan keur diajar sagala rupa hal.

Nalika tepi ka oasis, karavan éta dibagéakeun sarta dibejaan yén henteu diidinan neruskeun lampahna ka hareup alatan ayana perang suku. Aya saurang Alkémis nu ningalikeun karavan, asup sarta mikir yén totonden geus ngabejaan yén muridna geus datang marengan ieu karavan. Santiago mantuan urang Inggris éta keur néangan alkemis. manéhna manggihan awewe gurun nu ngaranna Fatimah nu ngabejaan kelompok éta di mana hirupna alkemis. éta budak bogoh ka Fatimah nalika munggaran nempo, sarta nyarita ka manéhna yén manéhna bogoh ka éta wanoja sarta hayang ngajadikeun manéhna jadi pamajikannana. Murid Alkemis aya keur Santiago.

Santiago papanggih jeung alkemis sanggeus nyingkahan anceman serangan suku di oasis ngaliwatan panenjo nu dipibanda ku jalan nepo hiberna dua heulang. Alkemis ngabejaan éta budak yén manéhna moal bakal bisa bagja saméméh miturut Legenda Pribadina. Bari jeung sangeungah ogé pikeun ninggalkeun oasis alatan cintana keur Fatimah wanoja gurun, Santiago nyarita ka alkemis hayang cicing di dinya, narima tugasna salaku panasehat nu ditawarkeun ku pupuhu suku nalika Santiago nyalametkeun oasis. Tapi alkmis ngawanti-wanti Santiago yén dina kahirupan nu bakal datang manéhna bakal leungiteun kamampuhannana pikeun nempo totonden sabab eureun merhatikeun totonden nu ngabejaan manéhna pikeun manggihan harta karun sarta miturut Legenda Pribadina. Hasilna manéhna bakal leungiteun posisi jadi panasehat sarta kaduhung henteu ngudag takdirna pikeun manggihan harta karun.

Ahirna, Santiago mutuskeun pikeun ninggalkeun oasis éta babarengan jeung Alkemis pikeun nyungsi harta karunna. Salila lumaku ngaliwatan gurun, éta budak lalaki diajar ti Alkemis. manéhna diajar yén unggal jalma nu ngalengkepan legenda pribadina bakal nambahan Jiwa Dunya, sarta yén dunya aya di dieu keur nunjukkeun kamulyaan Gusti. Alkemis éta ogé ngabejaan éta budak keur ngadengekeun hate sanubarina sarta ngarti antukna moal mungkir. Santiago jeung hatena jadi sobat, sarta hate Santiago balik deui ka Jiwa Dunyana. Ku kituna, Santiago jadi ngarti kana Basa Dunya.

Santiago jeung alkemis katewak di jalan ku salah sahiji suku nu keur perang. Alkemis ngabejaan pupuhuna yén maranehna geus mawa duit keur dibikeun ka manéhna. Duit éta ditarima tanpa pitakon sababa bisa dipaké keur meuli pakarang; alkemis satuluyna ngembarkeun yén Santiago mangrupa alkemis nu kuat sarta bisa ngarobah dirina sorangan jadi angin sarta ngancurkeun pakemahan lamun manéhna mikahayang. Pupuhuna hayang ningali hal eta; Alkemis tuluy menta tilu poé keur sasayagaan sarta lamun maranehna gagal, manéhna ngajaminkeun hirupna. éta pupuhu narima, tapi ngabejaan yén maranehna henteu bisa nawrkeun hirupna sabab da memang geus jadi milikna. Hal ieu mangrupa ujian pamungkas keur pangaweruh Santiago ngeunaan alkemi. Dina wanci poé katilu, Santiago mawa kelompok éta ka punclut jungkrang sarta ngabejaan yén petana bakal lumangsung sawatara waktu.

Make pangaweruhna ngeunaan Basa Dunya meunang diajar tina hatena salila lumaku, Santiago ngomong ka gurun, sarta ngawurukna ngeunaan cinta, nu ahirna gurun téh ngidinan Santiago pikeun maké keusikna, sarta ngomong yén manéhna bakal merlukeun angin keur niupna. Santiago pindah ka angin, sarta nyarita yén manéhna acan tepi ka wates panggedéna. Angin, panasaran ngeunaan naon nu bisa dilakukeun, kalibet kana sawala jeung éta budak. Angin henteu nyaho cara ngarobah Santiago jadi angin, sarta nyarankeun pikeun ngomong ka cakrawala (panonpoe). éta budak ngomong ka angin yén angin kudu niup keusik sangkan manéhna henteu lolong nalika nempo srangenge. éta budak ngomong ka panonpoe, sarta sanggeus panonpoe ngabejaan yén sanajan manéhna wijaksana, manéhna teu nyaho cara pikeun ngarobah Santiagojadi angin. Angin, nu kacida gumbirana alatan panonpoe ogé geuning aya wates kabisana, niup beuki tarik.

"Sinum," badai keusik nu jadi hasilna, ampir ngaruksak pakemahan. Dua komandan jeung pupuhuna sarieuneun sarta nitah manéhna pikeun ngeureunan lampahna. Pupuhu ngawalon yén manéhna boga harepan pikeun nempo kaagunagn Allah, kecap Basa Arab keur Gusti, sarta nyieun catetan mental pikeun miceun duanana tina tungtutan alatan kadua urang lalaki gurun nu bener éta henteu sarieuneun. Santiago dibejaan pikeun ngomong jeung leungeun nu nulis kabéhannana. Budak éta ngomong ka leungeun nu nulis kabéhannana, nalika manéhna ngalakukeun éta sakabéh jagat teu karecet-kecet caricing, manéhna mutuskeun pikeun ngadoa. Ngaliwatan doana manéhna nepi ka Jiwa Dunya; sarta nempo yén Jiwa Dunya, Jiwa Gusti, jeung jiwa manéhna sorangan aya hiji. Santiago tuluy ngarobah manéhna jadi angin sartamindahkeun jungkrang ka sisi nu jauh ti pakemahan, manéhna ngalakukeun ieu sabab Jiwa Gusti bisa nyieun kaahengan padahal jiwana sarua jeung Jiwa Gusti.

Sanggeus ngajirim jadi angin, Santiago jeung alkemis indit ka piramid dibarengan ku kelompok pengawal nu disayagikeun ku pupuhu jendral. Maranehannana eureun di biara koptik, sarta alkemis ngomong ka kelompok pangawal éta pikeun balik deui ka kemahna. Di situ manéhna papanggih jeung biarawan sarta ngobrol dina basa Koptik. Biarawan éta ngondang maranehna pikeun asup. Di dapur, alkemis nunjukkeun ka Santiago hiji demonstrasi ngarobah pot timah jadi emas. Alkemis ngabagi emas jadi opat bagéan sarta dibikeun ka biarawan salah sahijina pikeun kamurahan hate jeung kasoméahannana. manéhna méré sapotong ka Santiago, sarta hiji deui keur manéhna keur balik ka oasis. manéhna mikeun potongan terahirna ka biarawan keur Santiago lamun hiji wanci merlukeunana. Santiago jeung alkemis ngobrol sanggeus ninggalkeun biara, Alkemis ngadongengkeun carita yén unggal jalma ngamaenkeun tugasna dina sajarah dunya. Maranehna papisah tilu jam ti piramid. Hate Santiago ngabejaan yén manéhna kudu ngali harta karunna di tempat nyurucudkeun cipanon sanggeus meunang piramida kabungah.

Nalika Santiago datang ka piramid manéhna ngarumpuyuk katahak ku tuurna sarta ceurik, nalika cimatana ragrag manéhna nempo Bangbung Scarab ngali lombang dina keusik, hiji totonden. Santiago mimiti ngali keusik tapi henteu manggihan nanahaon, nu aya malah rampog daratang sarta maling emasna sarta najong bujurna. Santiago peunggas harepan, tapi rampog éta ngabejaan yén Santiago geus lumampah jauh teuing nenéangan harta karun padahal éta rampog ogé sok meunang impian nu berulang tapi henteu kudu indit jauh. Cenah mah dina impian éta rampog téh ogé néangan harta di gareja nu bolay nu aya budak angon jeung dombana sarare, disumputkeun di sahandapeun tangkal sikamor nu tuwuh di tempat sakristi. Budak eta, nu sare di gareja minangka budak angonna sorangan, balik deui ka biarawan keur meunangkeun deui sesa duitna keur balik sarta manggihan harta karunna, peti nu eusina koin emas Spanyol. manéhna nyeungseurikeun jalan nu aheng nu geus dipilihkeun ku Gusti pikeun mintonkeun ka manéhna di mana ayana harta karun.

Catetan suku[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu luar[édit | édit sumber]

Wikiquote logo
Wikiquote mibanda cutatan-cutatan nu patali jeung artikel ieu dina kaca