Sindrom Serotonin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina.

SIndrom serotonin lumangsung wanci jalma nu make obat nyababkeun luhurna kadar serotonin dina jero awakna. Hal ieu bisa ngarandapan wanci pasén ningkatkeun dosis obat éta atawa ngadahar ogé obat séjénna. Obat-obatan nu diulah, sarta sababaraha suplemén dahareun nu bisa jadi sabab sindrom serotonin. [1]

Harti[édit | édit sumber]

Sindrom serotonin nyaéta kaayan dimana lobana neurotransmitter serotonin dina awak. Kaayaan ieu kusabab pasén ngonsumsi obat nu bisa ningkatkeun kadar serotonin, jadi hal ieu aya patalina jeung interaksi obat. Sél syaraf sacara normal ngaproduksi serotonin. Serotonin nyaéta neurotransmitter nu mantuan ngatur pencernaan, aliran darah, suhu awak sarta pangrénghapan.[1] Sél syaraf ilaharna sacara normal ngaproduksi hormon serotonin. Serotonin ieu nyaéta neurotnasmitter nu miboga fungsi ngatur pencernaan, aliran darah, suhu awak, sarta pernafasan. Salian ti éta ogé neurotransmitter miboga peran pikeun fungsi sél syaraf jeung sél otak. Jumlah serotonin nu kalilwat luhur dina awak ogé bisa nyababkeun gejala, boh gejala nu ringan nepi ka gejala beurat. Gejala éta bisa mangaruhan fungsi otot, otak jeung sababaraha bagéan awak liana.[2] Serotonin nyaéta syndrome nu ilahar narajang sanggeus ngonsumsi obat nu tangtu. Ieu ogé bisa narajang mun ningkatkeun dosis obat nu keur dikonsumsi. Ilaharna narajang mun nginum leuwih ti 2 jinis obat. Sindrom serotonin téh bahaya pisan, bisa nyababkeun leungitna pati mun teu diiubaran sacara tepat.[2]

Dampak positif[édit | édit sumber]

Serotonin ogé miboga dampak positif. Hormon ieu neurotransmitter nu aya di otak jeung usus, sarta aya patalina jeung kaséhatan méntal. Hormon ieu ogé miboga fungsi pikeun  ngatur pola saré, nafsu dahar, sarta suasana haté. Numutkeun Harvard Medical School, sababaraha jalma nu ngarandapan déprési kamungkinan miboga kadar serotonin nu saeutik. Ku kituna inhibitor reuptake serotonin selektif (SSRI) nu ningkatkeun kadar serotonin diotak mangrupakeun jinis andalan dina pangobatan déprési. Sababaraha cara ningkatkeun kadar serotonin sacara alami pikeun ngabantu ngajaga kaséhatan méntal diatarana:[2]

Olahraga[édit | édit sumber]

Olahraga miboga fungsi ningkatkeun hormon endorfin nu ningkatkeun rasa bagéa dina haté. Waktu olahraga awak ngaluarkeun hormon ieu nu dirarancang pikeun  ngaleungitkeun rasa nyeri dina otot. Salian ti éta hormon ieu ogé ngahubungkeun jeung gerakan nu diibutuhkeun ku awak urang. Teu kudu olahraga lila pikeun micu hormon ieu, numutkeun panalungtikan cukup olahraga 20 menit bisa ngarobah suasana haté nepi ka 12 jam.

Kadaharan[édit | édit sumber]

Kadaharan nu alus pikeun ningkatkeun kadar serotonin nyaéta kacang-kacangan, ganas, tomat jeung buah plum.

Méditasi[édit | édit sumber]

Mangpaat méditasi bisa ningkatkeun kadar hormon serotonin, numutkeun panalungtikan Johns Hopkins University, méditasi salila 30 menit bisa ngurangan gejala déprési.

Dampak negatif[édit | édit sumber]

Salian ti dampak positif, serotonin ogé miboga dampak negatif. Kadar serotonin nu kaliwat luhur di jero awak bisa nyababkeun gejala-gejala kayaning ngaganggu fungsi otot jeung otak nu lamun diantepkeun bakal leuwih bahaya.[2]

Musabab sarta Faktor résiko sindrom serotonin[édit | édit sumber]

Sindrom serotonin disababkeun ku kadar serotonin nu kaleuwihan dina awak. Kaayan ieu lumangsung kusabab pasén ngonsumsi obat nu bisa ningkatkeun kadar serotonin. Résiko katarajang ieu sindrom serotonin téh bakal leuwih gede mun pasén ngonsumsi dua obat atawa leuwih dina waktu nu babarengan.[2][3]

Aya sababaraha jinis obat nu bisa nigkatkeun kadar serotonin, diantarana:

Sok sanajan sindrom serotonin bisa narajang saha waé, kaayan ieu leuwih babari karandapan ku pasén nu kakara ngonsumsi obat éta atawa nu ningkatkeun dosis obat, nu nyababkeun ningkatna kadar serotonin.

Gejala Sindrom Serotonin[édit | édit sumber]

Gejala sindrom serotonin kaciri sanggeus sababaraha jam obat diinum atawa dosisina ditaékkeun. Ieu dihandap sababaraha gejala nu kaciri:[1][2]

  • Bingung
  • Gulisah
  • Awak ngadarégdég
  • Ratug jantung
  • Nyeri sirah
  • Sebel
  • Késang ngoprot
  • Otot karasa kaku
  • Halusinasi (rarasan dimana ngarasa éta hal téh kanyataan padahal ngan saukur aya dina pikiran)
  • Diaré
  • Refleks awak nu kaleuleuwihi
  • Denyut jantung jeung nadi nu teu teratur

Kudu sagancangna dibawa kadokter mun gejalana leuwih parna , kayaning gejala suhu panas awak nu ngaronjat luhur, kejang, sarta nepi ka teu éling.

Komplikasi sindrom serotonin[édit | édit sumber]

Komplikasi sindrom serotonin nu biasa narajang nyaéta karusakan sél saraf jeung jaringan otot. Karusakan jaringan ieu ogé bisa narajang ka ginjal. Dina kasus nu leuwih parna, nepi ka kudu make ventilator jeung respirator pikeun mantuan rénghap pasén. Pikeun nyingkahanna, urang kudu bisa ngontrol sarta mariksa obat naon waé nu kudu dikonsumsi sarta obat mana nu sakira teu perlu, leuwih ati-ati dina naékkeun dosis obat.[2]

Diagnosis sindrom serotonin[édit | édit sumber]

Dokter bisa ngaduga pasén karandapan sindrom serotonin mun aya sababaraha gejala nu geus dijelaskeun diliuhur. Ngan pikeun muguhkeun deui, dokter sok naya riwayat médis pasén, kaasup obat;obatan jeung suplemen nu diinum.

Sanggeus kanyahoan gejala jeung riwayat médis pasén, dokter bakal netepkeun diagnosis sindrom serotonin, mun aya sababaraha ciri-ciri ieu dihandap:

  • Klonus. Klonus nyaéta kontraksi otot nu lumangsuna teu dihaja sarta ngakibatkeun gerakan nu teu bisa kakontrol. Klonus bisa narajang ka mata, dipirigan ku késang tiis sarta gulisah
  • Tremor. Tremor atawa ngadarégdég téh dimana kaayaan awak nu teu bisa dikendalikeun
  • Hiperrefleksia. Hiperrefleksia mangrupakeun reaksi sistem saraf nu kaleuleuwihi waktu narima rangsangan.
  • Hipertonia. Hipertonia nyaéta kaayaan nu ditandaan ku ngaronjatna kategangan otot, jeung turunna kamampuan otot pikeun ngaregang.

Cara ngubaran sindrom serotonin[édit | édit sumber]

Cara ngubaran sindrom serotonin gumantung kana tingkat kaparnaan gejala nu karasa. Mun gejalana masih kénéh kawilang hampang, dokter bakal nimbang pikeun ngaganti obat, nurunkeun dosis atawa ngeureunkeun pamakéan obat panyabab sindrom serotonin. Sadengkeun mun gejalana kawilang geus parna pasén kudu ngajalakeun parawatan di rumah sakit.

Salian ti nimbang deui obat-obatan nu bisa nyababkeun sindrom serotonin, dokter bisa méré sababaraha obat pikeun ngungkulan sindrom serotonin, nyaéta:

  • Obat nu ngaleuleuskeun otot. Obat pikeun ngurangan kejang, misalna diazepam atawa lorazepam.
  • Obat pikeun ngontrol tekanan darah. Mun tekanan darah pasén leutik pisan, dokter bakal méré epinephrine.
  • Obat nu ngahambat produksi serotonin. Obat nu ngahambat produksi serotonin, kayaning cyproheptadine, dipaké munjinis obat liana teu bisa nurunkeun gejala .

Salian ti dibéré ubar, pangobatan ieu bisa dirojong ku dibéré oksigén tambahan jeung infus gaganti cairan awak. DIbéréna oksigén ieu ngaliwatan selang atawa masker oksigén dilakukeun pikeun ngajaga kadar oksigén dina jero getih.

Sadengkeun infus cairan dilakukeun pikeun ngaganti cairan nu leungit kusabab déhidrasi jeung panas. Dina kaayaan nu parna, lain nngan oksigén, pasén gé merlukeun mesin pikeun nulungan ngarénghap.

Gejala sindrom serotonin nu masih kénéh biasa bisa leungit dina hiji nepi ka tilu poé sannggeus eureun nginum obat nu ningkatkeun kadar serotonin. Ngan mun gejalana disababkeun ku nginum ubar déprési, butuh sababraha minggu pikeun leungit sapinuhna. Ieu hal kusabab éfék ubar éta di jero awak cicing leuwih lila tibatan ubar liana nu ogé ningkatkeun kadar serotonin.

Cara nyingkahan sindrom serotonin[édit | édit sumber]

Pikeun nyingkahan sindrom serotonin, bisa dibadamikeun ka dokter ngeunaan résiko nu bisa muncul tina obat nu keur dikonsumsi. Ulah ngeureunkeun obat saacan badami ka dokter. Dokter bakal nimbang mangpaat ubar éta leuwih gedé tibatan éfék samping nu mingkin karasa. Paké ubar kalayan ati-ati jeung kudu rutin mariksa ka dokter.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c "Sindrom Serotonin". detikHealth (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-01-31. 
  2. a b c d e f g "Cara Meningkatan Serotonin, Hormon Mengurangi Stres Dan Depresi". Bacapikiran (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-02-15. 
  3. Santiko, dr Wiwid. "Sindrom Serotonin : Gejala, Penyebab hingga Tatalaksana". DokterMuslim (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-02-14.