Totoh Abdul Fatah Ghozali

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
K.H.R. Totoh Abdul Fatah
Babar31 Agustus 1931
Balonggedé, Bandung, Mangsa Pangjajahan Hindia Walanda
Pupus1 Séptémber 2008 (yuswa 77)
Bandung
KawarganagaraanIndonesia
Ngaran séjénAjengan Totoh
PagawéanPangaping Pasantrén Al-Jawami' Bandung
Ketua MUI Provinsi Jawa Barat
Anggota MPR RI FKP No.C.727 (1992-1999)
AgemanIslam
PasanganHj. Siti Maryam putri K.H. Muhammad Sudja’i
AnakDr.H. Deding Ishak Ibnu Sudja’, SH.,M.M..[1]
KolotK.H. Raden Ahmad Badruddin
Hj. R. Siti Rahmah

Totoh Abdul Fatah rahimahullah (gumelar di Bandung, Jawa Kulon, 31 Agustus 1931 – maot di Cileunyi Wétan Bandung, 1 Séptémber 2008 dina umur 77 taun) nyaéta saurang ulama besar di Jawa Kulon, Pangaping pondok Pasantrén Al-Jawami' Bandung, pernah ngajabar minangka Pupuhu MUI Propinsi Jawa Barat, Anggota MPR FKP (1992-1999). Dipikawanoh minangka salah sahiji ti lima ulama harismatik Jawa Kulon. Opat ulama harismatik Jawa Barat lianna: K. H. Ilyas Ruhiyat (kokolot Pondok Pasantrén Cipasung Tasikmalaya), KH. Anwar Musaddad (kokolot Pondok Pasantrén Al-Musaddadiyah Garut), K. H. Irfan Hielmy, (kokolot Pondok Pasantrén Darussalam Ciamis), sarta K. H. Abdullah Abbas (kokolot Pondok Pasantrén Buntet, Cirebon) nyaéta kokolot sakaligus ulama harismatik Jawa Kulon, nu terus ngabaktikeun hirupna pikeun kamaslahatan umat jeung bangsa.

Kalahiran[édit | édit sumber]

K. H. R. Totoh Abdul Fatah putra K. H. R. Ahmad Badruddin putra Rd. Kit Maolany putra Rd. Nur Muhammad Ajengan Totoh Lahir di Balonggedé, Bandung, agustus 31, 1931 ti turunan bangsawan ogé sarjana.[2]

Atikan[édit | édit sumber]

K. H. R. Totoh Abdul Fatah geus kungsi ngalap élmu di Pasantrén Situgedé Monggor Limbangan Garut, tuluy ka Pasantré Cikelepu Limbangan Garut, Tuluy ka Pasantrén Karangsari Garut, Garut, taun 1951. Sanggeus éta, diajar deui ka Pesantrén Sindangsari (ayeuna aya tambahan Al-Jawami') nu aya di Cileunyi, Bandung. Di ieu pondok pasantrén K.H. Totoh tuluy dikawinkeun jeung putri-na guru Mama Kiai Muhammad Sudja'i, ngaranna Hj. Siti Maryam. K.H. Totoh nuluykeun sakolana ka sakola umumna, di SMA Budi Harti, Garut. Sanggeus lulus atikan SMA, tuluy ka Universitas Islam Nusantara (UNINUS) Bandung, tuluy ka IKIP Bandung sarta pamustunganana ka Institut Dakwah Islam (IDI) Bandung.

Jujutan pagawéan/posisi (non/semi/struktural)[édit | édit sumber]

  • Guru Agama SLTA (1968).
  • Penghulu Kotamadya Bandung (1969-1973).
  • Kepala Kandepag Kota Bandung (1975-1980).
  • Kepala Bidang Penerangan Agama Islam Kanwil Depag Jabar (1980-1982).
  • Hakim Tinggi Agama/ Wakil Ketua PTA untuk Wilayah Jabar dan DKI Jakarta (1982-1985).
  • Penatar BP7 Jawa Barat (1982-1985).
  • Staf Ahli BAPPEDA Jabar (1982-1985).
  • Dosen Hukum Islam APDN Bandung (1982-1985).
  • Na’ib Amirul Hajj (1992).
  • Anggota MPR RI dari FKP No.C.727 (1992-1999).
  • Sekertaris Majelis Ulama (1958-1969).
  • Pembina Rohani di Lingkungan TNI dan kepolisian Negara Bandung Timur (1969-1974).
  • Ketua Sekber Golkar Kandepag Kodya Bandung (1969-1974).
  • Rais Syuriah NU Kecamatan Cibeunying (1970).
  • Ketua DKM Masjid Agung Bandung (1973-1980).
  • Ketua Al-Washliyah Jawa Barat (1975).
  • Ketua Korpri Unit Kandepag Kodya Bandung (1974-1980).
  • Pendiri Islamic Centre/ Pusdai Jabar (1988).
  • Pendiri RS. Islam Al-Ihsan (1992).
  • Ketua Korpri Unit PTA Jabar (1988-1990).
  • Dewan Penasehat DHD ’45 Jawa Barat (1989 -1990).
  • Ketua Umum DMI Jabar (1983-1993),
  • Dewan Pertimbangan MUI Pusat (1990-2000).
  • Dewan Pembina DMI Pusat (1993-2000).
  • Wakil Ketua Ikatan Purnabhakti Hakim Agama Nasional (1992-1997).
  • Wakil Ketua Panwaslu (Panitia Pengawas pemilihan Umum) Jawa Barat pada Pemilu 1999.
  • Ketua Umum MUI Jabar (1985-2000).
  • Ketua MUI Pusat Bidang Dakwah (2000-2005).
  • Ketua Dewan Penasehat MUI Jabar (2005-2008).
  • Pengasuh Pesantrén Al-Jawami (1987-2008).

Karya Tulis[édit | édit sumber]

  • Jembatan Dalam Upaya Mengentaskan Kemiskinan.
  • Batasan Mulai Usia Perkawinan.
  • Politik Dakwah (Dakwah Melalui Jalur Politik).
  • Bank tidak Identik dengan Riba.
  • Pokok-pokok Syariat Islam.
  • Istinbatil Hukmi.
  • Rumah Tangga Sakinah.
  • MUI Menggagas Perwujudan dan Pelaksanaan Reformasi.
  • Ayat-ayat Hiriz dan Ayat-ayat Rizki dalam Do’a.
  • Asmaul Husna dan Asmaur Rasul.
  • Al-Jawami dalam membahas Jam’ul Jawami’.[3]

Pesantrén Al-Jawami'[édit | édit sumber]

Pasantrén Sindangsari Al-Jawami diadegkeun dina tanggal 3 Méi 1931 ku Asy-Syaikh K.H. Muhammad Sudja’i (Jenat) nu ngaran asalna mah Pasantrén “Sindangsari”. Gagasan KH. Muhammad Sudjai ieu meunang rorojong ti bapana nyaéta K.H. Muhammad Ghazali sarta dukungan uwana nyaéta H. Tamim katut dulur-dulurna, nyaéta K.H. Saeroji jeung K.H. Dimyati. Pasantrén “Sindangsari” mangrupa pasantrén tradisional anu cukup kasohor di Jawa Kulon, sahingga nepi ka kiwari geus medalkeun rébuan alumni ti taun 1931. Maranéhna mah umumna jadi ulama-ulama di sawatara wewengkon di Jawa Kulon, sarta di antarana teu saeutik anu jadi pajabat pamaréntah jeung jadi pangusaha kakoncara.

Dina taun 1960-an pangwangunan dironjatkeun ku disusunna Panitia pikeun Pangwangunan Pasantrén, di antarana, Mr. H. Djunaedi (minangka Pupuhu Pangwangunan) jeung K. H. Rd. Totoh Abdul Fatah, minantu K. H. Muhammad Sudja'i jadi Wakil Pupuhu, Bpk. H. Salih (Girang serat) jeung tokoh lianna kayaning R. H. Yahya (Caringin), minangka séksi usaha dana, nyaéta pangwangunan nu ngawengku fisik madrasah nu badag jeung masjid dina pangwangunan kadua hasilna leuwih hadé tinimbang jeung nu mimiti dina taun 1931.

Dina taun 1977 bareng jeung diadegkeunna lembaga atikan formal, ngaran Pasantrén “Sindangsari” diwuwuhan ku ''Al-Jawami''' jadi ngaranna Pasantrén Sindangsari Al-Jawami' Cileunyi Bandung. Al-Jawami miboga harti “lengkep jeung universal”. Ieu ngaran ogé dicokot tina ngarn hiji kitab anu dipirese ku Asy-Syaikh K.H. Muhammad Sudja’i, kokolot pasantrén, nyaéta Kitab Ushul Fiqih ''Jamul Jawami'' sarta pamasangan batu munggaran Madrasah Aliyah langsung ku anjeunna sorangan disakséni ku Bapak H. Aang Kunaefi, Gubernur Jawa Kulon périodeu 19751985 sarta Letjend. Yogie Suardi Memet, Komando Daerah Militer III/Siliwangi.

Ti saprak harita, saeutik-saeutik lembaga atikan formal di Pasantrén Sindangsari Al-Jawami' mimiti diaradegkeun, di antarana atikan formal nu dipingpin ku K. H. R. Totoh Abdul Fatah nu ditangtayungan Yayasan Pembina Pendidikan Tinggi (YAPATA) Al-Jawami' nyaéta Madrasah Aliyah (1977), Sakola Luhur Basa Asing (1989), Sakola Luhur Agama Islam (1999), Taman Kanak-kanak (2000) di lingkungan Pontren Al-Jawami', nu kiwari diaping ku putrana nu ka opat, Dr. H. Deding Ishak Ibnu Sudja', SH.,MM., dosén UIN sarta anggota DPR ti Golkar periode (2014-2019)[4].[5]

Dina 2001, pangwangunan fisik kapasantrénan diserahkeun ku K.H. Totoh Abdul Fatah ka K. H. Imang Abdul Hamid. Sedengkeun para sesepuh, nyaéta K. H. Mansoor, K. H. Endang Rahmat, KH.R. Totoh Abdul Fatah jeung palaputra pangadeg lianna minangka panaséhat dina pangwangunan pasantrén sakaligus ogé panaséhat organisasi IKBAL (Iketan Kulawarga Besar AI-Ghozali).

Maot[édit | édit sumber]

K.H. Totoh tilar dunya dina poé Senén, 1 Séptémber 2008 M (1 Romadon 1429 H) jam 10.17 WIB di RS. Hasan Sadikin Bandung sanggeus kira 15 poé dirawat di Rohangan Pangawulaan Husus (ICU) sarta dikurebkeun di TPU Cileunyi Wétan Bandung jam 4.00 soré. .

Rujukan[édit | édit sumber]