Lompat ke isi

Éngang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Éngang
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
[[]]

Éngang; basa Inggris wasp nyaéta gegeremet nu asalna tina kulawarga Vespidae.[1] Éngang kapanggih hirup méh di sakuliah dunya di Jepang disebutna hachi (雀蜂);, sayang na bisa ngagantung dina tangkal aya ogé sayangna nu dijieun di jero tangkal, kasohor sok nyeureud mun seug diganggu. [1] [2]

Pedaran

[édit | édit sumber]

Éngang hirup babarengan, dina sa koloni bisa aya kana puluhan éngang malahan aya nu nepika 1000 éngang dina sa sayang (tawon frelon).[3] Sanajang kahirupan éngang henteu dina ancaman tumpur, tapi sababaraha éngang kiwari mimiti dijaga kahirupanna sangkan teu pinanggih jeung tumpur (punah) saperti éngang frelon nu aya di Finlandia.[3] Sayang engang dijieun tina bubuk tangkal kai nu digayem heula nepika bubuk kawas bubur, tuluy ditapel-tapel saeutik-saeutik nepika ngawangun sayang nu gedé ngagantung kawas korang. [4]

Di nagara nu mibanda usum salju, éngang jalu nu tugasna nyieun sayang paéh saméméh usum salju datang.[3] Sedengkeun éngan nu bikangna ngalakukeun hibernasi/saré panjang ngaliwatan usum salju engké di mana usum panas hirup deui atawa hudang tur ngumpul jeung éngang sejen.[3] Usum begér éngang ilahar dina panungtungan usum halodo atawa bulan Mei nepika Oktober, Éngang bikang bakal ngendog dina sayang nu dijieuna.[3] Endogna baris megar dina 5 poé, tuluy bijil anak éngang nu disebut larva nu bakal jadi éngang déwasa dina waktu opat minggu.[3] Kadaharan Éngang déwasa tayalian ti amis-amis nu aya dina kembang (nektar), agé amis-amis nu dihasilkeun tina bungbuahan nu geus asak, sakapeung ogé ngakan geutah tatangkalan.[3]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Éngang mibanda sapasang jangjang kénca katuhu, béda pisan jeung nyiruan sanajan pangawakana sarimbag. [4] Mun pareng nyeureud pamatilna henteu tinggaleun dina tempat nu diseured, henteu kawas nyiruan panyeureudna sok coplok dina tempat nudiseureudna. [4] Pangawakanna nu kawilang leutik timimiti nu panjang 2 cm nepika nu panggedéna 2.5 cm (frelon) Jangjangna aya dua pasang, cangkéngna leutik tur panjang.[3]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. a b Rigg, Jonathan; Jonathan Rigg (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, p. 114 
  2. Wasps Everyhting About.
  3. a b c d e f g h Hariyanti, Rosana; Sukini (2007), Atlas binatang: Aves dan Invertebrata, Solo: Tiga Serangkai, p. 66 - 667, ISBN 9789793307961 
  4. a b c Hariyanti, Rosana; Jonathan Rigg (2007), Atlas binatang: Aves dan Invertebrata, Universitas Harvard: Tiga serangkai, p. 114, ISBN 9789793307961