Asyura

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Kosakecap Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatZakat
Saum
Munggah haji ka Mekah
Kota Suci
MekahMadinah
YerusalemKarbalaKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaAsyuraMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Kakawasaan fungsional
MuadzinImamMulloh
AyatullohMufti
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Golongan
Sunni (Pamikiran:
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i)
Syi'ah: Itsna Asy'ariah, Ismailiyah,
Zaidiyah
Séjénna: Mu'tazilahKhawarizmi
Pergerakan
Sufi
WahabiSalafi

Poé Asyura (عاشوراء ) nyaéta poé ke-10 dina bulan Muharram dina kalender Islam. Sedengkeun asyura sorangan hartosna kasapuluh.

Poé ieu jadi kawéntar alatan pikeun golongan Syi'ah sarta sawaréh Sufi mangrupa poé berkabung kana syahidna Husain bin Ali, putuna Nabi Islam Muhammad dina Perang Karbala warsih 61 H (680). Tapi, Sunni ngayakinan yén Nabi Musa puasa dina poé kasebut pikeun mengekspresikan kagumbiraan ka Pangéran alatan kaum Yahudi geus bebas ti Fira'un (Exodus). Nurutkeun talari Sunni, Muhammad puasa dina poé kasebut sarta ménta jalma-jalma ogé pikeun puasa.

Syahidnya Husain bin Ali[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Perang Karbala.

Tanggal 10 Muharram 61 H atawa tanggal 10 Oktober 680 mangrupa poé perang Karbala anu lumangsung di Karbala, Iraq ayeuna. Perang ieu lumangsung antara pasukan Bani Hasyim anu dipingpin ku Husain bin Ali nu anggotana kira-kira 70-an jelema ngalawan pasukan Bani Umayyah anu dipingpin ku Ibnu Ziyad, ku paréntahna Yazid bin Muawiyah, khalifah Umayyah waktu éta.

Dina poé éta ampir kabéh pasukan Husain bin Ali, kaasup Husain-na sorangan syahid terbunuh, kajaba pihak awéwé, sarta anak Husain anu gering ngaranna Ali bin Husain. Saterusna ku Ibnu Ziyad maranéhanana dibawa nyanghareup Khalifah di Damaskus, sarta saterusna anu salamet dipulangkeun ka Madinah.

Asyura pikeun Muslim Sunni[édit | sunting sumber]

Saméméh Islam, Poé Asyura geus jadi poé peringetan di mana sawatara urang Mekkah biasana ngalakonan puasa. Sabot Nabi Muhammad ngalakonan hijrah ka Madinah, manéhna nyaho yén Yahudi di wewengkon kasebut puasa dina poé Asyura - bisa jadi waktu éta mangrupa poé badag Yahudi Yom Kippur. Waktu éta, Muhammad nyatakeun yén Muslim bisa puasa dina poé-poé éta.

Asyura mangrupa peringatan hal-hal di handapeun ieu di mana Muslim, hususna Sunni percaya lumangsung dina tanggal 10 Muharram.

Asyura dina kalender Gregorian[édit | sunting sumber]

Poé Asyura sok sarua dina kalender Islam, tanggal di jero Kalender Gregorian variatif ti warsih ka warsih alatan béda antara dua kalender.

Daptar tanggal di luhur ngan estimasi.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]